8 Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Singkat, Lengkap Beragam Tema

13 Maret 2023 15:11 WIB
Contoh naskah drama bahasa Sunda.
Contoh naskah drama bahasa Sunda. ( Soompi)

Sonora.ID - Drama merupakan sebuah karya sastra yang diciptakan dengan tujuan untuk menggambarkan kehidupan dengan menyampaikan pertikaian serta emosi melalui akting dan dialog.

Dengan mengingat hakikat drama yang merupakan sebuah potret kehidupan manusia baik dalam keadaan suka maupun duka, konflik, serta sisi lainnya dalam kehidupan yang penuh warna, maka penonton bisa seolah-olah melihat kehidupan nyata yang terjadi dalam masyarakat.

Dalam sebuah teks atau naskah drama sendiri mengandung berbagai unsur di antaranya adalah sebagai berikut.

  • Tokoh (protagonis, antagonis, dan tritagonis)
  • Dialog 
  • Alur (maju, mundur, campuran)
  • Latar (tempat, waktu, dan budaya)

Usai memahami hakikat drama melalui paparan singkat di atas, selanjutnya kami sajikan beberapa contoh naskah atau teks drama khusus dalam bahasa Sunda dengan beragam tema, dikutip dari berbagai sumber.

Baca Juga: 6 Contoh Dongeng Bahasa Sunda Singkat, Lucu Lengkap dengan Artinya

Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda

Contoh 1

Tugas Kelompok

Beurang eta aya lima urang rerencangan nyaeta Danu, Dina, Dita, Didi, jeung Dadang geus satuju rek ngagawekeun tugas kelompok balik sakola babarengan.

Dita : Engke urang gawean tugas sakola ieu di tempat biasa nya?

Didi : Di saung tea apa di imah si Danu?

Dita : Di saung weh deket sawah ngenaheun bari ningali pamandangan.

Dina : hayu, mun kitu mah kuring balik heulan ah rek ganti baju heula jeung daang heulan, tos kitu urang langsung nuju ka saung.

Sa geus marenehana baralik ka imahna masing-masing, jeung jam nu geus nunjukeun jam setengah opat, Dina, Dita, jeung Didi marangkat ka saung. Ngan ukur si Danu anu heunte mangkat mah sabab manehna mah kalah sare tibra nakeur jeung poho kana janjina.

Di saung

Didi : Danu kamana nya? Tos ampir jam setengah lima ieu manehna can datang keneh wae geningan?

Dina : Boa-boa manehna pohoeun lamun ayeuna arek ngagawekeun tugas sakola babarengan.

Dita : Atawa meren parangsa manehna lamun urang teh arek ngagawekeun pr di imah manehna? Apa urang ka imahna wae nya, meren manehna keur ngadagoan urang-urang.

Dadang: Mereun oge manehna aya urusan, tapi pohoeun mere nyaho ka urang-urang. Urang dagoan weh lah sabari ngagawean tugas.

Maranehana oge opatan tuluy ngagawekeun PR babarengan bari ngadagoan kadatangan si Danu. Sageus jam tangan si dadang nunjukeun jam setengah genep, katembong ti jauh aya budak lalaki lulumpatan sabari mamawa tas sakola.

Didi : Tuh kan bener, si Danu karak ka dieu.

Dina : Eh.. Heuh. Tapi kunaon manehna lulumpatan kos kitu nya siga di udag jurig wae, make seragam sakola ongkoh deuih?

Danu : Heuy bararudak? Keur naon maraneh isuk-isuk keneh aya di saung? Apa maraneh teu sieun kaberangan asup sakolana?

Tidinya oge Dita, Dina, Didi jeung Dadang seserian mani ukey-ukeyan..

Dita : Hahaa, ieu kan sore keneh karak arek magrib, Danu. Maneh pasti karak hudang sare nya?

Dina : Makana Danu, urang kadang mah di papatahan ku kolot ulah sare burit-burit teh kos kitu!

Tidinya oge bengeut si danu beureum bakat ku era ka barudak nu araya di saung eta.

Contoh 2

Ngalongok Babaturan

Disakolaan..

Fira: (Bari ngomong na jero hate) enjing ieu tumben abdi teu ningali si dini, kamananya? Apa mereun manehna teu asup sakola, soalna tatadi teu katingalian sapotong-potong acan.

Keur kitu datang Rara..

Rara : Keur naon Fir?

Fira : Keur ngadagoan si dini yeuh!

Rara : Laina si dini keur geuring nya?

Fira : Ah piraku? Kamari abdi ka bumina, manehna teu kunanaon ah, katingali jagjag keneh!

Rara : Ih maneh mah teu percaya! Ieu kan surat izin-na bieu emina anu masihkeun ka abdi. Hayu geura urang tingali engkin uih sakola ka bumina.

Fira : Asiappp! Hayu, mumpung ayeuna teu aya les tambahan.

Rara : jam 4 nya, engke nyampeur ka bumi abdi hela.

Fira : ok !

Di bumi Rara..

Rara : heuy fir, maneh nyandak naon eta na keresek?

Fira : oh ieu, abdi nyandak buah ra, keur si dini, bisi hoyong buah-buahan.

Rara : Oh.. hayu atuh urang geura-giru ka bumina.

Fira : Hayu ..

Di Bumi dini..

Fira : Assalamualaikum.. Heuy, dini kumaha kaayaana tos mendingan teu acan?

Dini : Eh aya rara, jeung fira, mangga ka lebet, allhamdulilah ayeuna mah tos rada mendingan.

Rara : emang panyawatna naon din, asa kamari mah teu kunanaon ?

Dini : Puguh ge, ieu anemia, ra.

Fira : wah, pasti gara-gara sering kecape-an nya?

Dini : enya, muhun fir.

Fira : oh nya, ieu hilap, abdi nyandak buah-buahan.

Dini : wah, hatur nuhun nya?

Fira : enya sami-sami.

Rara : Mugia sing buru-buru cageurnya din, supaya urang bisa ameng deui.

Dini : muhun.

Rara : mangkana sing tereh cageur nya!

Dini : amin ra.

2 jam saterusna..

Fira : ya, ampun! Tos arek magrib, abdi kudu uwih heuka nya din.

Dini : oke ..

Rara : sami abdi oge, sieun si bapa neangan din.

Dini : oke oke, nuhunnya tos nyempetkeun ngalongok ka bumi.

Fira, Rara : Nya sami-sami..

Contoh 3

Di hiji desa hirup salaki jeung pamajikan nu ges kolot, cicing ngan ukur duaan ku sabab anak-anakna sakabehna geus narikah kabeh, hiji waktu si aki keur diuk disisi teras imahna.

Aki : Mamah, coba pang cokotkeun papah ci kopi atuh!

Nene : Teu kudu nyalukan mamah sagala atuh ki, urang teh geus karolot, geus aki-aki jeung nene-nene. Barudak urang oge geus galelede malah mah geus barogaeun budak deui. Urang teh geus jadi aki-aki jeung nene-nene!

Aki : Nya tos atuh mun kitu mah, Nene pang candakeun aki kopi nya!

Nene : Memangna ibu tos katingalian kolot pisan nya pa, makana bapa nyebut ka uing teh nene-nene?

Aki : Nah, kumaha sih digeroan mamah embung, di geroan nene kalah ambek-ambekan kitu?

Kaparengan mang sakri jeung ceu odah, nu mangrupakeun tatangga sabelahna ngadenge kaributan eta tuluy maranehna nyamperkeun.

Mang sakri : Maraneh ulah raribut wae atuh, kawas budak ngora wae nu keur bobogohan.

Aki : Hayangna mah kitu, tapi kulit geus ngendoran kieu geuning.

Ceu odah : Memangna lamun kulit geus kendor disebut aki-aki?

Nene : Manehna tah, kalakuan jiga budak ngora wae, padahal mah ngangkat bangku letik oge geus teu bisaen kuat hitut-hitut malah mah.

Teu lila Bu Karni jeung salakina pa eko, nu mangrupakeun anak kahiji ti papasangan salaki jeng pamajikan eta datang jeung incuna nu ngarana Yuli bari nyandak oleh-oleh ti luar kota.

Bu Karni : Assalamualaikum pa bu..?

Aki : Wa'alaikum salam, tos sabaraha tahun maneh tara datang nempo bapa jeung emi maneh di dieu?

Yuli : Aki mah tos pikun, karak ge keur bulan kamari da ameng kadieu.

Nene : Si aki memang geus pikun, kadang mah sok poho lamun manehna tuang nepi ka genep kali sapoe ge.

Pa Eko : Wah, lamun kieu mah engke awak bapa bisa gendut kos pamain sumo geura.

Bu Karni : Lamun bapa gendut kan engke karunya emi, ke ka senggol saetik ge bisa ngajengkang.

Nenek : Huusss, maneh pikir indung maneh ieu geus teu boga kakuatan janb ngalawan awak gendut kos sumo kitu? Tenaga ibu masih kuat keneh kos budak ngora.

Ceu odah : Wah, Geuningan salaki jeung pamajikan teh geuningan sarua wae mani eweh nu embung eleh, ngaku-ngaku masih ngalora keneh!

Contoh 4

Si Gengsi Katakluk

Dina hiji poe, Ningsih, Onah, Ipeh jeung Mimi keur ngerjakeun tugas babareungan di kelas. Ningsih ngacung-ngacungkeun pananganna bari api-api mikir.

Onah                  : “E...eh...Ningsih??? Gening atuh pananganna kikituan jiga nu bade nyulap wae !!!” (taros Onah bari bingung)

Halaman Berikutnya
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm