5 Contoh Dongeng Sunda Pendek yang Mudah Dihapal untuk Bahan Belajar

18 Agustus 2023 08:10 WIB
Ilustrasi dongeng sunda singkat.
Ilustrasi dongeng sunda singkat. ( )

Monyét jeung kuya ngala cabé ka kebon Pa Tani. Monyét buru-buru ngahakan cabé anu geus beureum. Monyét ladaeun, terus ngucap, seuhah... lata, ... lata,... lata. Pa Tani kaluar tina saung, Monyét lumpat sedengkeun kuya katéwak, sabab lumpatna boyot.

Geus kitu, kuya ku Pa Tani dikurungan, cenah isukna rék dipeuncit. Peutingna monyét ngadatangan kuya. Kuya nyaritakeun ka monyét yén manéhna rék dikawinkeun ka anak Pa Tani. Monyét kabitaeun, tuluy manéhna ménta nukeuran ka kuya. Si sakadang kuya ka luar tuluy sakadang monyét asup ka jero kurung.

Isukna, Pa Tani ngasah bedog maksudna rek meuncit kuya anu dikurungan. Monyet reuwas ngadenge Pa Tani rek meuncit sato nu dikurungan. Loba akal, monyet papaehan dina jero kurung.

Barang Pa Tani muka kurung, Pa Tani reuwas sabab di jero kurung lain kuya, tapi monyet paeh. Monyet dialungkeun ka kebon. Geus dialungkeun, berebet monyet lumpat sataker kebek. Pa Tani olohok sabab katipu ku jeung kuya monyet.

2. Peucang Keuna ku Leugeut 

Hiji poé Peucang ngadatangan kebon bonténg Pa Tani. Bonténgna keur méujeuhna arasak. Am, Peucang ngahakanan bonténg. Sanggeus bonténgna méh béak, Peucang buru-buru indit ninggalkeun kebon Pa Tani. Teu pati lila, jol Pa Tani datang ka kebon. Pa Tani pohara réuwas nempo bonténgna béak dihakanan Peucang. Pa Tani néangan akal pikeun baru Peucang. Sanggeus ngarasa panceg, Pa Tani nyieun jajalmaan nu dibaluran ku leugeut.

Isukna, Peucang datang deui ka kebon Pa Tani. Peucang reuwas sabab di kebon aya jalma keur nangtung. Peucang panasaran, terus nyampeurkeun jajalmaan. Peucang nanya sababaraha kali, tapi teu ditémbalan. Peucang jadi keuheul. Peucang najong jajalmaan, tapi sukuna jadi rapet. Ditajong deui ku sukuna nu tukang, sukuna rapet deui.

3. Dalem Boncel

Baca Juga: 3 Contoh Teks MC Bahasa Sunda Acara Pentas Seni yang Paling Menarik

Jaman baheula di hiji lembur aya budak ngarana Boncél. Pagawéan sapopoéna nyaéta ngurus kuda di kadaleman. Boncel gawena rapékan jeung getol.

Salain gawé, Boncél ogé diajarkeun rupa-rupa kabisa sarta arang disi disakolakeun. Atuh puguh wé dunungan Boncél beuki nyaah ka Boncel, sabab Boncel gampang nginget kana rupa-rupa nu dipiwurukna. Beuki lila élmu Boncél beuki loba jeung Boncél beuki pinter. Antukna Boncel diangkat jadi dalem.

Hiji poé aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu sangka-sangka, aki-aki jeung nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki diusir ku Dalem Boncél.

Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul. Sadaya ubar nu aya teu bisa nyageurkeun panyawatna. Dina manahna anjeuna ngangken yén pangna ngadak-ngadak teu damang téh karena doraka ka kolotna.

Demikian paparan mengenai berbagai contoh dongeng Sunda pendek sebagaimana di atas. Semoga bermanfaat.

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News

Baca Juga: 7 Contoh Biantara Sunda tentang Kesehatan, Singkat dan Jelas!

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm