Contoh Khutbah Idul Fitri Bahasa Sunda 2024 yang Penuh Nasihat

3 April 2024 15:20 WIB
Ilustrasi khutbah Idul Fitri bahasa Sunda.
Ilustrasi khutbah Idul Fitri bahasa Sunda. ( Pixabay)

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!
Hadirin Sidang ied Rahimakumullah!

Sugrining puji anu sampruna, sareng pangalem sagemlengna, eta tetep kagungan Allah Swt., anu mikawelas ka abdi-abdina anu ngaluhurkeun darajat jalma anu bakti ka Anjeuna.

Shalawat kalih salam anu utami, muga tetep ka pang afdhal-afdhalna jalmi, Nabi terakhir Rasul panutup, anu kaceluk ka awun-awun kakocap ka janabria, Nabi Muhammad Saw., ka kulawargina, ka sahabatna, katut ka sadaya umatna anu taat tumut kana ajaran mantena.

Allâhu akbar 3x walillâhi al-hamd!
Hadirin Sidang Ied Rahimakumullâh!

Muji Syukur kanu Maha Agung, Alhamdulillâh urang tiasa tepang deui sareng Idul Fitri tahun ieu, sab’ada nagalaksanakeun shaum kalih ibadah-ibadah sanesna dina sasasih lamina. Pamugi sanes kanten ibadah urang kenging ganjaran anu berlipat ganda mungguhing Allah Swt.

Baca Juga: 30 Link Gambar Tulisan Selamat Hari Raya Idul Fitri 2024, Unduh Gratis

Naon atuh ari Idul Fitri teh?

Îd hartosna balik Fitri hartosna kasucian. Janten, Idul Fitri hartosna balik kana kasucian. Kasucian anu mana? Kasucian anu sifatna azaliyah. Sabab, sadaya jalma anu kumelenang di alam dunya asalna suci. Allah Swt. kantos naros ka urang di zaman azali; “Alastu birobbikum; Naha ari Kaula teh lain pangeran aranjeun?”. Urang sadaya ngajawab: “Balâ Syahidnâ; Kantenan, abdi sadaya nyaksi, Gusti teh Pangeran Abdi”.

Singketna, Idul Fitri teh balik kana fithrah azali, madep ka Allah. Henteu lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang. Naon margina? Sabab Allah marentahkeun supaya urang istiqomah madep kalayan balik ka Allah Swt. Dawuhan Alloh dina Surat Ar-Rûm [30] ayat 30:

فَاَقِمْ وَجْهَكَ لِلدِّيْنِ حَنِيْفًاۗ فِطْرَتَ اللّٰهِ الَّتِيْ فَطَرَ النَّاسَ عَلَيْهَاۗ لَا تَبْدِيْلَ لِخَلْقِ اللّٰهِ ۗذٰلِكَ الدِّيْنُ الْقَيِّمُۙ وَلٰكِنَّ اَكْثَرَ النَّاسِ لَا يَعْلَمُوْنَۙ

Halaman Berikutnya
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm