3 Contoh Biografi Bahasa Sunda tentang Pahlawan dan Tokoh Seni

8 November 2022 13:45 WIB
Ilustrasi contoh biografi bahasa Sunda singkat tentang pahlawan dan tokoh seni.
Ilustrasi contoh biografi bahasa Sunda singkat tentang pahlawan dan tokoh seni. ( Pexels/Pixabay)

Sonora.ID - Simak contoh biografi bahasa Sunda singkat tentang pahlawan hingga tokoh kesenian berikut ini.

Menurut Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI), biografi adalah riwayat hidup seseorang yang ditulis oleh orang lain dalam teks narasi.

Dikutip dari laman SMK Taruna Bangsa Bekasi, tujuan biografi adalah untuk menjelaskan kehidupan satu orang atau tokoh agar bisa menjadi catatan, referensi, dan pelajaran bagi pembaca.

Dalam teks biografi, dijelaskan kehidupan seseorang mulai dari dirinya kecil sampai tua, bahkan sampai kematiannya.

Baca Juga: Contoh Warta Sunda Lengkap untuk Referensi Tugas Sekolah

Nah, setelah mengetahui apa itu teks biografi, simak contoh biografi bahasa Sunda berikut ini dikutip dari Buku Pembelajaran Siswa Rawayan Basa Sunda untuk SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI oleh Suhandi, S.S. (2022).

1. Biografi Dalih Dijun

Dina dunya seni hiburan geus moal bireuk ka ngaran Bokir (almarhum), pelawak lénong Betawi, kitu deui ka ngaran Mandra, Omas jeung Mastur, pelawak entragan ngora nu panginditanana tina seni topeng Betawi.

Tapi, mun nyebutkeun ngaran Dalih Djiun, pasti bakal kerung, tangtu baé da ngarana jarang midang dina televisi, ogé profésina lain pelawak. Pangna dipikawanoh,sabab inyana salasaurang putra pasangan Dalih Djiun bin Dorak jeung Mak Kinang nu gede jasana mekarkeun kasenian topeng Cisalak” katut topeng Betawi.

Ngaran lengkepna, lalakina nu ngaku dilahirkeun tanggal 5 Februari 1933 di Cisalak Pasar, Cimanggis, Kota Depok nyaéta H. Dalih Bin Djiun. Tina dunya topeng, Dalih bisa munggah haji, jeung ngalaman manggung ka mancanagara, atuh ngarana salian dipikawanoh ku papada seniman topeng. Dipikawanoh ogé ku seniman moyan tingkat nasional, kitu deui ku lingkungan akademis nu gedé pakaitna jeung kasenian.

Dina kaayaan grupna keur nanjeur, dina taun 1958 geletuk bapana ninggalkeun alam dunya pikeun salalawasna. Dasar ninggang ditiis sanggeus ditinggalkeun maot ku bapana, panggung topeng ngadadak sepi.

Sanggeusna Mak Kinang teu bisa deui manggung, pingpinan grup topeng dicekel ku Dalih, Mak Kinang dina taun 1985, mulang ka alam kalanggengan. Kiwari grup topeng nu dikokolakeun ku Dalih beuki ilang komarana, ngan papadaning kitu, Dalih Djiun ngarasa bagja ku mekarna ibing Betawi nu huluwotana tina kasenian topeng Cisalak, ogé ku nanjungna Mandra dina panggung hiburan, nu asalna miang tina seni topeng. 

2. Biografi Cut Nyak Dien

Cut Nyak Dhien dilahirkeun ti kaluarga bangsawan nu taat kana agama di Lamdinang, wilayah VI Mukim dina tahun 1848. Ramana nu namina Teuku Nanta Setia, mangrupi uleebalang VI Mukim, tur katurunan Machmoed Sati, nu ngumbara ti Sumatera Barat.

Machmoed Sati kamungkinan dongkap ka Aceh dina abad ke 18 waktos kesultanan Aceh diparentah ku Sultan Jamalul Badrul Munir. kumargi eta, Ramana Cut Nyak Dhien ngagaduhan darah ti Minangkabau. Ibu Cut Nyak Dhien nyaeta putri uleebalang Lampagar.

Waktos alitna, Cut Nyak Dhien mangrupi gadis nu kakoncara kageulisanna. Anjeunna kenging atikan dina widang agama (nu dididik ku sepuhna atanapi guru agama) sareng lingkungan kulawargana ngagaduhan kabiasaan ngatik budak gadis pikeun: masak, ngalayanan caroge, tur taat kana atikan).

 

Seueur pameget nu kapincut ku Cut Nyak Dhien sareng pada ngalamar. Dina yuswa 12 tahun, anjeunna tos dinikahkeun ku sepuhna, nyaeta taun 1862 sareng Teuku Cek Ibrahim Lamnga, putra ti uleebalang Lamnga XIII. Aranjeunna ngaggaduhan hiji-hijina putera pameget.

 

Teuku Umar, salah sahiji tokoh anu ngalawan Belanda, ngalamar Cut Nyak Dhien. Kawitna Cut Nyak Dhien nolak, tapi kumargi Teuku Umar ngawidian pikeun ulubiung di medan perang, Cut Nyak Dhien satuju pikeun rimbitan sareng anjeunna dina tahun 1880 nu nyababkeun ngahudangkeun moral pasukan perlawanan Aceh. Aranjeunna dipaparin budak isteri nu dipasihan nami Cut Gambang.

Saatos rimbitan sareng Teuku Umar, anjeunna sareng Teuku Umar tempur ngalawan Belanda. Mung, Teuku Umar gugur waktos nyerang Meulaboh dina tanggal 11 Februari 1899, nu nyababkeun anjeunna berjuang nyalira di pedalaman Meulaboh sareng pasukan alit.

Cut Nyak Dien waktos eta tos sepuh tur ngaggaduhan panyakit encok sareng rabun, numawi pasukanna nu namina Pang Laot ngalaporkeun kaayaan anjeunna, alatan ngaraos iba. anjeunna akhirna ditangkep tur dicandak ka Banda Aceh. Ti dinya, anjeunna dirawat sareng panyawatna mulai damang.

Kaayaan anjeunna ngahudangkeun sumanget perlawanan rakyat Aceh tur kalayan bubunian masih hubungan sareng pejuang Aceh nu teu acan katangkep, alatan hal eta, anjeunna dialihkeun ka Sumedang. Tjoet Nyak Dhien pupus dina tanggal 6 November 1908 kalayan dimakamkeun di Gunung Puyuh, Sumedang.

Baca Juga: Bacaan Ijab Kabul Berbagai Bahasa, Indonesia, Arab, Sunda dan Jawa

3. Biografi Iwan Fals

Mangsa alit Iwan Fals atawa anu ku urang kenal oge minangka Iwan, anjeuna nyeepkeun mangsana di Bandung, saterusna di Jeddah, Arab Saudi, salila 8 sasih. Bakat musik katingali, di umur na anu ka-13 warsih, wanci Iwan seueur ngabeakeun waktuna ngamen di Bandung. Ulin gitar kanggo ngalatih kamampuan-nana sarta nyiptakeun lagu.

Sabot di SMP, Iwan jadi gitaris dina paduan suara di sakola. Saterusna, iwan diajakan kanggo mengadu nasib di Jakarta ti saurang produser. Manehna ngical sapedah motor kanggo modalna.

Tidinya, iwan kakarak rekaman album kahijina sareng rerencangana, nyaeta Toto Gunarto, Helmi Bahfen, sarta Bambang Bule, nanging album kasebat gagal di pasaran sarta Iwan balik ngajalanan profesi minangka jadi pengamen deui.

Dugi ahirna, lalampahan Iwan diajak rekaman ku Musica Studio. Sateuacan ka Musica, Iwan atos rekaman kira-kira 4-5 album. Di Musica, kakarak lagu-lagu Iwan mulai dikenal. Album Sarjana muda, contona, musik nu ditungkulan ku Willy Soemantri.

Album Sarjana muda tetela seueur diresepan. Ngaran Iwan fals mulai dikenal sarta meunangkeun sagala rupa tawaran nyanyi. Iwan lebet ka televisi sanggeus warsih 1987. Wanci acara Manasuka Siaran Niaga nu disiarkeun di TVRI, lagu Oemar Bakri sempet ditayangkeun di TVRI.

Salila Orde Anyar, seueur jadwal acara konser Iwan anu dilarang sarta dibedokeun ku aparat pamarentah,margi lirik laguna anu dianggap tiasa mancing karusuhan. Dina mimiti karierna, Iwan Fals seueur midamel tembang anu bertema kritikan ka pamarentah.

Lalampahan karier Iwan Fals teras nanjak sabot anjeunna ngagabung sareng Kantata Takwa dina 1990 anu dirojong caos ku pangusaha Setiawan Djodi. Konser-konser Kantata Takwa wanci eta dugi ayeuna dianggap minangka konser musik anu pang-ageungna sarta pang megahna sapanjang sajarah musik di indonesia.

Baca Juga: 35 Kosakata Bahasa Sunda Kasar dan Artinya, Wajib Dihindari!

Demikian contoh biografi bahasa Sunda singkat tentang pahlawan hingga tokoh seni. Semoga bermanfaat!

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm