3 Contoh Khutbah Jumat Bahasa Sunda, Lengkap Beragam Tema

9 Desember 2022 11:00 WIB
Ilustrasi khutbah jumat.
Ilustrasi khutbah jumat. ( unsplash.com)

Sonora.ID - Khutbah Jumat bahasa Sunda sering kali dilakukan pada kajian atau ceramah di sejumlah daerah di Jawa Barat.

Sama seperti khutbah pada bahasa Indonesia atau bahasa lainnya, khutbah bahasa Sunda juga bisa mengangkat ragam tema yang sesuai hadits dan Al-Qur'an.

Baca Juga: 3 Contoh Artikel Bahasa Sunda Beragam Tema, Lengkap!

Adapun sejumlah contoh khutbah Jumat bahasa Sunda dirangkum dari NU Jabar yakni sebagai berikut.

1. Pangwales Amal di Akherat

Para hadirin sadaya, Gusti Allah ngadamel sugrining mahluk-Na teh sajodo-sajodo. aya lalaki, aya awewe, aya beurang aya peuting, aya hirup aya maot, aya alam dunya pasti bakal aya alam aherat. Ayeuna urang aya di alam dunya, sakeudeung deui bakal nyorang alam aherat. Samemeh nyorang aherat, urang bakal nyorang maot asup ka alam kubur. Henteu aya anu dibantun ka alam kubur salian ti boeh sareng amal urang anu pangwalesanana bakal ngawitan karaos, ni'mat atawa siksaanana.

Sarat mutlak geusan ngengingkeun kani'matan aherat nya eta maot ngabantun iman, nya eta nalika urang bade ngaleupaskeun nyawa teh ditungtungan ku maca Laa ilaaha illallah. Dawuhan Kanjeng Rasulullah SAW:

مَنْ كَانَ اَخِرُاكَالاَمِهِ لاَاِلَهَ اِلاَّاللهُ دَخَلَ الْجنَّةَ. 

Hartosna: "Saha jalma anu ahir ucapanana maca: Laa ilaaha illallah, tangtu bakal asup ka surga." 

Saparantos maot urang sadaya bakal nyorang alam kubur atawa alam barzakh. Di alam barzakh urang sadaya bakal kenging patarosan ti Malaikat Munkar jeung Nakir, dua Malaikat anu rupina pikasieuneun pisan. Sakur jalma anu tiasa ngajawab kana patarosanana, cirina bakal bagja di aheratna sarta terus bakal narima kani'matan kubur sawangsulna. Upamana henteu tiasa nga jawab, cirina bakal cilaka di aheratna sarta terus narima siksa kubur.

Para hadirin sadaya, urang sadaya bakal disuhunkeun pertanggungan jawab sadaya amal urang. Sae atanapi awona, nya kitu deui ngeunaan kana atikan urang ka kulawarga urang ayeuna. Upami urang sok ngatik ka kulawarga sasarengan dina ibadah, tinangtu bakal kempel sadayana di sawarga, sakumaha pidawuh Allah:

وَالَّذِيْنَ اَمَنُوْاوَاتَّبَعَتْهُمْ ذُرِّيَّتَهُمْ بِاِيْمَانٍ اَلْحَقْنَابِهِمْ

"Ari jalma-jalma anu mu'min anu dituturkeun ku anak pamajikanana dina kaimanan (katakwaan). tinangtu Kaula bakal ngumpulkeun maranehanana sabondoroyot jeung moal ngurangan kana amalna saeutik oge. (Tegesna bakal diadarajarkeun). (S.Thur: 21).

2. Hikmah Iman ka Allah Ta'ala

Para hadirin sadaya,
Sadaya puji disanggakeun ka hadirot Allah SWT. Solawat sinareng salam kabagjaan mugia diwuwuhkeun ka jungjunan urang Nabi Muhammad saw., para kulawarga, para sahabat, sinareng panganutna dugi ka poe kiamah.

Upami urang nuju nyorangan kari-kari kenging bahaya atawa kacilakaan anu teu tiasa ditolak ku sorangan, milari nu geusan nulungan teu aya, kalayan spontan hate urang ngajerit ka Zat Anu Maha Kuasa neneda pitulungna.

Ngeunaan Zat anu kawasa beda-beda kapercayaan jalmi teh, aya anu nyangka ka karuhunna anu parantos maot, ka dedemit, kana berhala jeung rea-rea deui kapercayaanana, anu dianggap pangeranna.

Baca Juga: 20 Tatarucingan Sunda dan Jawabannya, Lucu serta Menghibur!

Para hadirin sadaya,
Tah ku margi kitu, Allah SWT ngutus para Rasul-Na geusan masihan terang ka sakumna manusa ngeunaan Zat Anu Maha Kawasa tea. Nya jenenganana: Allah, anu parantos ngadamel urang sadayana alam. Dupi para Rasulullah nampina elmuna langsung ti Gusti Allah kalawan perantawisan Malaikat Jibril. Gusti Allah the sanes mung sakadar Maha Kawasa, tapi Maha Sampurna sagala-galana, elmu-Na, uninga-Na, ningali-Na, ngadangu-Na, ngersakeuna-Na kana sagala rupa anu tumiba ka sadaya mahluk-Na.

Pikeun nganyahokeun kaayaan Allah, Tuhan Anu Maha Esa tea, urang sadaya teu cukup ku nekadkeun ayana wungkul tapi kudu ngarti kana elmuna anu husus, nya eta elmu ‘akoidul iman kalawan dalil-dalil anu kumplit, nurutkeun akal sinareng ayat-ayat Al-Qur’an, anu di antarana nya eta: 

وَاِلَهُكُمْ اِلَهٌ وَّاحِدٌلاَاِلَهَ اِلاَّهُوَالرَّحْمَنُ الرَّحِيْمُ.(البقره.123)

Sareng dawuhana-Na:

اَللهُ لاَاِلَهَ اِلاَّهُوَالْحَيُّ الْقَيُّوْمُ.لاَتَأْخُذُهُسِنَةٌوَّلاَنَوْمٌ.لَهُمَافِى السَّمَوَتِ وَمَافِى اْلاَرْضِ.مَنْ ذَاالَّذِيْ يَشْفَعُ عِنْدَهُ اِلاَّبِاِذْنِهِ.(البقرْ.255)

Hartosna: “Allah teu aya deui Pangeran sajabi ti Mantenna , Anu Jumeneng sarta jumeneng ku anjeun. Anjeuna tara nundutan sumawonna sare mah. Kagungan Anjeuna sadaya langit  sareng bumi. Teu aya anu tiasa ngabela di sagigireunana, salian jalma anu kenging widi ti mantenna.” (Q.S. Al-Baqarah:255).

3. Sipat Jalma Insan Kamil

Para hadirin sadaya, Sadaya puja sareng puji disanggakeun ka Gusti Allah anu parantos ngadamel manusa ku pangsaena adegan sarta pangkumplitna parabot hirupna, nya eta anggahota anu rupa-rupa gunana serta di pasihan akal serta mikir dina ngatur hirup kumbuhna, beda sareng mahluk-mahluk sanesna.

Pidawuh Allah:

وَلَقَدْكَرَمْنَابَنِ اَدَمَ وَحَمَلنَهُمْ فِى الْبَرِّوَاالْبَحْرِوَرَزَقْنَهُمْ مِّنَ الطَيْبَتِ  وَفَضَّلْنَهُمْ عَلَى كَشِيْرٍمِّمَّنْ خَلَقْنَاتَفْضِيْلاً.(الاسراء.70)

Hartosna: “Jeung satemen-temena kaula geus ngamulyakeun ka anak incu Nabi Adam. Kaula geus ngangkut maranehanana di daratan (make tutumpakan) jeung lautan (make parahu atawa kapal). Kaula geus mere rejeki anu aralus/ngareunah ka maranehanana jeung kaula geus ngalewihkeun ka maranehanana anu sampurna pisan, anu ngalewihan ti kalolobaan mahluk kaula.” (Q.S Al-Isro:70).

Baca Juga: 9 Sifat dan Kebiasaan Orang Sunda, Benarkah Tidak Suka Merantau?

Perlu diemutkeun yen ku ayana percaya kana ayana Allah sareng sipat-sipat kasampurnaannana, urang bakal tiasa:

1. Ngagaduhan jiwa anu kuat, tabah mayunan sagala rupa kajadian, sarta katenangan anu memang pohara pentingna pikeun hirup di dunya teh.  Umpama jalma jiwana henteu tenang, pikiranna kalang kabut, padamelanana oge moal beres. Bandanna gampil kaserang panyakit jeung sajabina.

2. Cahaya hate anu caang ku nur ilahi anu bakal ngajurung kana katakwaan ka Allah swt. Serta salamina kenging panangtayungan ti mantenna sareng rea-rea deui. Ku ayana iman kana poe aherat, hartina bakal aya pangwales kana sadaya amal urang, tinangtu mangrupikeun panahan napsu anu angkara murka, sadaya tingkah laku urang tiasa tambih sae, moal wanton jail kaniaya, atawa ngarogahala ka papada manusa, malah ka sasatoan oge wantun nyiksa, malah timbul rasa nyaah. Tah kitu hikmahna iman kana poe aherat.

Demikian sejumlah contoh khutbah Jumat bahasa Sunda. Semoga bermanfaat!

Baca artikel update lainnya dari Sonora.ID di Google News

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm