15 Lagu Daerah Jawa Barat beserta Liriknya, Sudah Hapal Semua?

12 Mei 2023 11:15 WIB
( )

Sonora.ID - Simak lagu daerah Jawa Barat beserta liriknya di bawah ini yang dapat kamu nyanyikan untuk melestarikan budaya daerah.

Berdasarkan data Lab Bineka Kemdikbud yang diakses pada Jumat (12/5/2023), tercatat bahwa Indonesia memiliki 718 bahasa daerah.

Nah, setiap daerah umumnya memiliki lagu dengan bahasanya masing-masing dan kerap dinyanyikan pada acara tradisional, termasuk Jawa Barat yang menggunakan bahasa Sunda.

Baca Juga: 7 Lagu Daerah Sulawesi Selatan yang Paling Populer

Berikut ini daftar lagu daerah Jawa Barat beserta liriknya.

1. Manuk Dadali

Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingannana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun

Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri

Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia

2. Es Lilin

Es lilin mah didorong-dorong
Dibantun mah dibantun ka Sukajadi
Abdi isin ceuceu samar kaduga
Sok sieun mah aduuh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung

Dicandakna geuningan ka Cipaganti
Abdi isin jungjunan duh bararingung
Sok inggis mah aduh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun munding
Digantelan geuning ku saputangan

Itu saha dunungan ku ginding teuing
Sing horeng mah aduh geuning jungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
Raosna mah geuningan kabina-bina
Abdi alim dunungan paduduaan

Sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah dunungan ngaitkeun cingcin
Ka kaler mah aduuh katojo bolat
Kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
Sakieu mah aduuh panas hatena.

Baca Juga: 10 Lagu Daerah Riau Terpopuler, Beserta Lirik dan Maknanya Lengkap

3. Bubuy Bulan

Bubuy bulan-bubuy bulan sangrai bentang
Panon poe-panon poe disasate
Unggal bulan-unggal bulan abdi teang
Unggal poe-unggal poe oge hade
Situ ciburuy laukna hese dipancing

Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Tuh, itu saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana
Unggal bulan-unggal bulan abdi teang
Unggal poe-unggal poe oge hade

Situ ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Tuh, itu saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana

4. Cing Cangkeling

Kleung dengklek buah kopi rarang geuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos kakolong bapak satar buleneng
Pat lapat pat lapat katingalan masih tebih kene pisan
Layarna bodas jeung celak kasurung kaombak ombak

5. Tokecang

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang sapependil kosong
Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong

6. Panon Hideung

Panon hideung pipi koneng
Irung mancung putri Bandung
Putri saha di mana bumina
Abdi reuseup ka anjeunna
Siang wengi ka impi-impi
Hate abdi sara sedih
Teu emut dahar teu emut nginum
Emut kanu geulis panon hideung

Baca Juga: Lirik Lagu Daerah Sulawesi Selatan Anak Kukang, yang Menyayat Hati

7. Peuyeum Bandung

Dimana-mana
Di kampung di kota
Tos kakoncara
Ku nikmat rasana
Sampeu asalna

Teu direka-reka
Naon namina
Duh matak kabita
Peuyeum Bandung kamashur
Pangaosna teu luhur

Ku sadaya kagaleuh
Sepuh jeung murangkalih
Mangga cobian
Bilih panasaran
Peuyeum ti Bandung
Henteu sambarangan

8. Warung Pojok

Akeh wong padha kedanan masakan
Akeh wong padha kelingan pelayan
Ora klalen kesopanan ning sekabeh langganan
Yen balik tas jalan-jalan mingguan

Mumpung bae tas gajian kaulan
Warung Pojok go ampiran etung-etung kenalan
Tobat dhendhenge Sega gorenge
Emi rebuse, dhaginge gedhe gedhe

Adhuh kopie, tobat bukete
Adhuh manise persis kaya pelayane
Pura-pura mata mlirik meng dhuwur
Padhahal ati ketarik lan ngawur
Nginum kopi mencok nyembur

Kesebab nyasar meng cungur
Tobat dhendhenge emi rebuse
Sega gorenge dhaginge gedhe gedhe
Adhuh kopie tobat bukete
Adhuh manise persis kaya pelayane

9. Bajing Luncat

Bajing luncat, bajing luncat
Ka astana aduh
Abdi lepat narosan
Teu ti anggalna
Bajing luncat, bajing luncat

Ka astana ieuh
Abdi lepat narosan
Teu ti anggalna
Ku teu sangka salira bet
Luas pisan

Teu hawatos
Ka nu kesel ngantos ngantos
Api api teu emut kana pasini
Pasini pakait ati
Duh pakait ati …

Baca Juga: 5 Lagu Daerah Papua Paling Populer Beserta Filosofinya

10. Ka Huma

Hayu batur geura harudang
Hayu batur geura harudang
Geura singkil masing tarapti
Ngolah sawah masing ngajadi
Hayu batur geura mariang

Hayu batur geura mariang
Tong talangke tong sukan sukan
Milih bibit anu ngajadi
Tuh diditu huma ngadagoan
Ngolah sawah urang babarengan

Saha deui lamun lain urang,
Anu ngurus sandang reujeung pangan
Cape gawe moal rek gaplah
Cape gawe moal rek gaplah
Soson soson ngarah teu mubah
Sangkan nagara gemah ripah

11. Sapu Nyere Pegat Simpay

Ririungan urang karumpul
Meumpeung deukeut hayu rang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
Urang silih tempas silih eledan

Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mapohokeun katineung urang

Sapu nyerepegat simpai bakal kasorang takdir
Ti Gusti Hyang Widi pasti kalakon
Urang rek papisah urang rek pajauh
Meumpeung deu keut hayu rang sosonoan

12. Mojang Priangan

Angkat ngagandeuang
Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban
Mojang priangan …

Umat-imut lucu
Sura-seuri nyari
Larak-lirik keupat
Mojang Priangan …

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan

Mojang anu donto
Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang Priangan

Gareulis maranis
Disinjang lalenjang
Estu sono mun leumpang
Mojang Priangan …

Digigirna ge lenggik
Dihareupna ge sieup
Ditukangna lenjang
Mojang Priangan

Diraksukan kabaya
Nambihan cahayana
Dangdosan sederhana
Mojang priangan

Mojang anu donto
Matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka
Mojang Priangan

Baca Juga: Lirik Lagu Daerah Berjudul Yu Ragem Belajar dari Kawasan Banten

13. Sabilulungan

Sabilulungan…dasar gotong royong
Sabilulungan…sifat silih rojong
Sabilulungan…genteng ulah potong
Sabilulungan..persatuan tembong

Tohaga rohaka
Teguh rengkuh perbawa sabilulungan
Satia…sajiwa
Segut singkil ngabasmi pasalingsingan

Sabilulungan… hirup sauyunan
Sabilulungan…silih pikaheman
Sabilulungan..nulung tinulungan
Sabilulungan..kukuh persatuan

Santosa samapta
Teuneung ludeung ngajaring kawibawaan
Saihwan sapaham
Nagri nanjung berekah sabilulungan

Sabilulungan…dasar gotong royong
Sabilulungan…sifat silih rojong
Sabilulungan…genteng ulah potong
Sabilulungan..persatuan tembong

14. Karatagan Pahlawan

Teu hon cewang sumoreang
Tekadna pahlawan Bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud ta can laksana
 
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tega pati
Ta ya basa menta pamulang tarima ikhlas
Rido keur korban merdeka
 
Sinatria dana laga
Bela Bangsa jeung Nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun ka dirina
Asal Nagri, Bangsa waluya
Bisa jembar merdeka mukti wibawa
Jasa tujuan pahlawan Bangsa

15. Sumedang Tandang

Dangiang Sumedang tandang ngahudag galura juang Insun medal
Jati diri walagri pangeusi nagri Natar gelar nutur galur luluhur ti 
Dayeuh luhur Tampomas cadas pangeran jadi tangtung kateguhan 
Sumedang tandang, tartib aman nyambuang dangian Sumedang 
Tandang, tora gawe udagan nanjung gumilang Sumedang, 
Sumedang, Sumedang tandang

Dangiang Sumedang tandang ngahudag galura juang Insun medal di…ri… walagri pangeusi nagri Natar gelar nutur galur luluhur
Dayeuh luhur luluhur dayeuh luhur ja…lan… tangtung kateguhan
Kateguhan tangtungan Sumedang tandang tartib aman nyambuang
Dangiang Sing nyambuang dangiang Sumedang tandang
La…na…ma…jang… Mangka lana mangka manjang mangka nanjung 
Mangkalangan, narawangan keur Sumedang tandang

Tandang juang, galura juang Insun diri walagri pangeusi nagri Natar
Gelar nutur galur luluhur dayeuh luhur luluhur dayeuh luhur
Ja…lan… tantung kateguhan, kateguhan tantungan Sumedang
Tandang, a…man dangiangan sing nyambuang dangiang Sumedang
Tandang, la…na…man…jang… Mangka lana mangka manjang mangka
Nanjung Mangkalangan, narawangan keur Sumedang tandang

Baca Juga: 7 Lagu Daerah Jawa Tengah Paling Populer Sepanjang Masa

Itulah tadi lagu daerah Jawa Barat beserta liriknya. Semoga bermanfaat!

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm