5 Contoh Teks Karangan Bahasa Sunda, Singkat dan Beragam Topik

2 Agustus 2023 12:20 WIB
Ilustrasi contoh teks karangan Bahasa Sunda
Ilustrasi contoh teks karangan Bahasa Sunda ( freepik.com)

Dina dinten Rebo pasosonten, basa badé nyébor pepelakan barang milari cai di pancuran nuju saat. Ditaroskeun ka tatanggi téh saurna solokanna nuju didangdosan. Atuh kapaksa abdi kedah nyiukan cai ti balong. Sanaos rada jiji tapi maksakeun da hawatos kana pepelakan.

3. Teks Karangan Bahasa Sunda III

Karusakan Alam

Karuksakan lingkungan geus terjadi dimana-mana hampir di sakabeh wilayah di dunia. Saperti leweung, laut, walungan geus teu ka lestarikeun. Hal ieu di sebabkeun ku tindakan manusa anu teu bartanggung jawab.

Manusa sangeunahna wae ngamanfaatkeun alam, tapi teu ngarawat jeung ngapadulikeun lingkunganna. Geus loba anu teu paduli, deui kana naon anu terjadi ka lingkunganna.

Sabenerna manusa apal kana dampak anu bisa di timbulkeun ku perbuatan maranehna, ka egoisan manusa-manusa sarakah ieu sebabna alam ngamuk ka urang sarerea. Alam geus teu nyaah deui ka urang sarerea, buktina loba bencana anu matak ngarugikeun urang sarerea. Walungan geus nga banjiran manusa jeugn geus neuleumkeun harta banda manusa.

Banjir nu terjadi ieu lain salah walungan, tapi salah manusa anu hirup di sekitar walungan anu nyebabkeun ieu banjir. Loba anu miceun sampah sangeunahna ka walungan, jadi sampah di wlaungan numpuk. Teu saukur kitu, manusa oge loba anu nyieun bangunan di sekitar walungan anu sakuduna jadi daerah resapan cai.

Teu saukur terjadi di walungan, karuksakan oge terjadi di leuweung. Loba manusa anu ngala tangkal keru kapentingan sorangan. Loba manusa anu sangeunahna ngala tatangkalan tapi teu mikir kana akibatna. Akibatna taneuh longsor. Hal ieu terjadi kusabab taneuh engeus euweuh daya panahan cai, sahingga cai anu datang keur hujan langsung turun ka handap.

Ayeuna alam geus ruksak, ku sabab perbuatan urang sorangan. Kusabab kitu hayu urang bersahabat deui jeung alam. Hayu urang ngajaga jeung ngalestarikeun alam.

4. Teks Karangan Bahasa Sunda IV

Baca Juga: 8 Contoh Puisi Bahasa Sunda Karya Sastrawan, Ada Beragam Tema

Liburan ka Pantai

Poé Saptu pasosoré kuring némbongkeun rapot ka bapa anu keur diuk nyalsé di tepas. Bapa nempoan rapot kuring meni tenget. Sabot bapa keur nengetan rapot, kuring ngabéjakeun yén kuring téh jadi juara kelas. Bapa katempo bungaheun pisan ngadéngé béja kitu téh.

Keur kitu ti jero kadéngé indung nyelengkeung ngajakan liburan ka laut. Pokna téh itung-itung hadiah keur kuring anu geus jadi juara kelas. Bapa satujueun kabeneran isukan poé Ahad peré digawé. Atuh kuring kacida bungahna ngadéngé kitu téh.

Singget carita, isukna isuk-isuk kénéh kuring geus tatan-tatan. Indung geus uprek masak, pon kitu deui bapa geus ngahaneutan mobil. Sakira tabuh 7 kuring miang rék ngajugjud pantéy Santolo di Pameungpeuk anu pernahna di béh kidul Kabupaten Garut.

Barang nepi ka Gunung Gelap anu jauh kaditu kadieu, mobil bapa ngadadak mogok. Sihoreng mobil téh béngsinna béak. Bapa pohoeun teu kungsi ngeusian bengsin di POM. Sabot keur tingharuleng, torojol aya motor ngaliwat. Ku bapa dipegat, maksudna rék milu nepika hareup sugan aya nu dagang bengsin. Nu boga motor téh bageur, bapa dibawa. Kuring jeung indung geuwat asup ka jero mobil bari ngonci manéh ti jero kusabab keueung.

Heuleut sapuluh menit bapa geus balik deui tumpak ojég, ngajingjing jarikén dieusi béngsin. Sanggeus dieusian béngsin mah mobil téh teu sakara-kara hidup deui. Kuring ngemplong bari ngucap sukur. Lalampahan ogé dituluykeun. Sajajalan kuring galécok sakur nu katempo sagala ditanyakeun da puguh kakara ngaliwat ka tebéh dinya.

Anjog ka basisir Santolo kurang leuwih jam 10 isuk-isuk. Teu kajauhan hawa laut geus karasa panas, sora lambak kadéngé jejeleguran. Awak mimiti karasa hareudang bayeungyang.

Sanggeus seubeuh ulin, kira-kira jam tilu soré kuring mulang nepi ka imah hampir bedug isa. Sanggeus solat Isa gancang ngampih ka kamar, hayang geuwat saré lantaran capé.

5. Teks Narasi Bahasa Sunda V

Asup Sakola

Dinten ieu Yuni ngawitan sakola di SMP 1 Bandung. Resep pisan geuning ari di SMP mah, langkung-langkung ti SD. Diajar di kelas téh langkung tertib, jaba guruna seueur, unggal pelajaran téh benten-benten.

Tadi, dina pelajaran basa Sunda, unggal siswa dipiwarang ka payun ku Bu Elis. Saurna dipiwarang diajar nyarios paké basa Sunda, sabari ngawanohkeun diri sewang-sewangan. Di sakola téh, seueur anu tiasa nyarios, tapi aya ogé anu teu tiasa sama sakali, jempe waé kitu nangtung di payuneun kelas.

Ari nu lucu mah si Robet, budakna gendut, keur nangtung di payun téh beungeutna mani bereum bakating ku era panginten. Robet kasima, teu tiasa nyarios, kalah cicing baé jiga nu rék ceurik.

Basa uih sakola téh Yuni buburuan, da asa paroék kawas rék hujan. Ari pék téh di jalan ningal aya nini-nini nu ngajajanteng waelé sisi jalan, kawas rék nyebrang jalan. Teu lila, ku Yuni sampeurkeun terus ditaros, "Nini téh badé nyebrang nya?" Nini-nini téh ngajawab, "Muhun neng, Nini téh badé meuntas, mani seueur mobil, mun teu wantun sieun katabrak mobil."

Nah, tos kitu Yuni gancang waé dicepeng pananganana, tuluy dituntun diajak nyebrang jalan. Barang nepi ka sebrang, nini-nini téh masihan artos lima rébu. Tapi ku Yuni Desi teu ditampi. Saur Nini-nini téh "Nuhun, nuhun neng." Sabari ngusapan pundak Yuni.

Itulah 5 contoh teks karangan Bahasa Sunda yang singkat dan beragam topik untuk kamu jadikan sebagai referensi belajar.

Baca berita update lainnya dari Sonora.ID di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm