10 Contoh Artikel Bahasa Sunda, Singkat dengan Beragam Topik!

3 Agustus 2023 12:20 WIB
Ilustrasi contoh artikel Bahasa Sunda
Ilustrasi contoh artikel Bahasa Sunda ( freepik.com)

Ngawanohkeun seni budaya Sunda bisa dimimitian ku nepakeun basa Sunda jeung rupaning kamonesan basa Sunda dina ajen sastra, anu nyampak dina eumpaka lagu, sajak, carpon, jeung sajabana. Perelu ditandeskeun deui yen basa Sunda teh henteu kampungan. Basa Sunda oge bisa jadi basa rupaning paelmuan.

Komo deui lamun ngagedurkeun nepakeun kabiasaan ngagunakeun aksarana. Memang, aksara Sunda geus langka digunakeun, lantaran kalintang banggana lamun ngamimitian ngawanohkeun aksara Sunda, anu kakara kapaluruh sababaraha taun katukang; nepi ka kiwari oge masih keneh rea nu nganggap yen aksara Sunda teh “ha na ca ra ka”. Padahal nu saestuna mah aksara Sunda teh “ka ga nga…”.

Jadi, wajar lamun bangga diterapkeun dina kabiasaan sapopoe. Ku kituna, aksara Sunda mah geus puguh hese, tinggal basana nu kudu digedurkeun teh, lantaran basa Sunda mah masih keneh diparake dina kahirupan sapopoe.

Malah dina tayangan tivi nasional oge, basa Sunda mindeng dipake, sanajan ngan ukur di sabudeureun bobodoran. Kilang kitu, ku mindeng dikedalkeun oge apan bisa nuduhkeun yen basa Sunda teh masih keneh aya dikieuna, dipikawanoh, tur masih loba anu ngagunakeun dina kahirupan sapopoe. Nu leuwih utama, basa Sunda teh basa rasa, nu kalintang anteb tur nyurup digunakeun ku para nonoman urang Sunda.

4. Artikel Bahasa Sunda IV

Baca Juga: 5 Contoh Teks Karangan Bahasa Sunda, Singkat dan Beragam Topik

Ngajaga Kasehatan Mata

Mata mangrupakeun sala sahiji indera nu paling penting keur manusa. Ngajaga kaséhatan mata bisa ngahindarkeun urang tina resiko panyakit mata nepi ka lengitna tetempoan. Dihandap ieu aya sababaraha hal nu bisa urang lakukeun keur ngajaga kaséhatan mata urang.

Rutin mariksa ka dokter mata

Saban jalma, ti mimiti budak nepi ka kolot dianjurkeun pikeun mariksa mata ka dokter husus spesialis mata sahenteuna dua taun sakali. Ku rutina urang mariksa kaséhatan mata éta tangtu keur ngadétéksi masalah mimiti nu aya tina mata, kusabab panyakit nu tangtu, saperti diabetes jeung darah tinggi.

Malahan jalma nu umurna 40 taun kaluhur dianjurkeun mariksa kaséhatan mata unggal sataun sakali. Ieu pikeun nyegah panyakit mata nu aya silih patalina jeung nambahna umur, saperti degenerasi makula, glaukoma, jeung katarak. Sedengkeun murangkalih kudu dipariksa dua taun sakali, pikeun ngadeteksi gangguan atawa masalah nu bisa waé kajadian

Ngonsumsi Kadaharan Nu Bergizi

Panalungting nunjukeun yén kadaharan nu séhat nu ngabogaan macem-macem nutrisi saperti vitamin A, C jeung E, zinc, lutein, selenium, sarta asam lemak omega-3, bisa ngabantu nanggulangan kana masalah mata misalna katarak jeung degenerasi makula. Macem-macem nutrisi kasebut bisa dibeunangkeun tina ngonsumsi sayuran héjo, salmon, lauk, endog kacang-kacangan, jeung jeruk.

Ulah lila teuing Neteup Layar Éléktronik

Pateuteup layar komputer atawa smartphone lila teuing bisa nyebabkeun mata urang téréh capé. Gejalana bisa mangrupa nyeuri sirah, cangkeul beheung, nyeuri pundak jeung tonggong, mata asa karasa garing jeung kaku, hesé pokus lamun nempo kajauhan, sarta tetenjoanan jadi kabur.

Lamun urang gawé di hareup komputer sapanjang poé, usahakeun di unggal 20 menit sakali robah tetempoeun mata sajauh 6 meter salila 20 detik, keur ngurangan kategangan tina mata. Atawa bisa ogé ngistirahatkeun mata salila 15 menit unggal 2 jam sakali. Lamun mata geus karasa kaku, kudu mindeng ngedipkeun mata.

Maké Kacamata Hideung

Lain ukur kulit nu kudu dilindungan tina éfek bahaya sinar ultraviolet panon poé, tapi mata ogé kudu. Mata anu kacida sering kapapar sinar ultraviolet bisa ngakibatkeun panyakit katarak mata, degenerasi makula, kornea, jeung bahkeun kanker mata. Kusabab kitu, urang bisa ngakalana maké kacamata hideung pikeun nanggulangan tina paparan sinar UVA jeung UVB.

Ulah Ngaroko

Ngaroko bisa ningkatkeun resiko panyakit katarak, degenerasi makula, jeung karuksakan saraf optik nu bisa nyebabkeun kabutaan sarta ngaruksak retina. Ngaroko ogé bisa nyebakeun plak dina pembuluh darah jeung ngalemahkeun arteri, nu matak ningkatkeun resiko serangan jantung.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm