10 Contoh Artikel Bahasa Sunda, Singkat dengan Beragam Topik!

3 Agustus 2023 12:20 WIB
Ilustrasi contoh artikel Bahasa Sunda
Ilustrasi contoh artikel Bahasa Sunda ( freepik.com)

Sonora.ID - Kamu dapat menyimak 10 contoh artikel Bahasa Sunda yang singkat dan memilki beragam topik di dalamnya.

Dalam mempelajari Bahasa Sunda, kamu pasti akan menemukan tugas untuk membuat sebuah artikel guna meningkatkan kemampuan menulis dalam bahasa lokal tersebut.

Kamu bisa mempelajari cara penulisan tugas tersebut dengan menyimak contoh artikel Bahasa Sunda sebagai sumber referensi.

Seluruh artikel ini memiliki topik yang beragam, sehingga kamu dapat memilih salah satunya sebagai contoh dalam mengerjakan tugas.

Berikut Sonora ID bagikan rangkuman terkait 10 contoh artikel Bahasa Sunda yang singkat dengan topik beragam untuk kamu jadikan sebagai referensi belajar.

1. Artikel Bahasa Sunda I

Baca Juga: 10 Contoh Sisindiran Rarakitan Sesebred Bahasa Sunda, Lengkap dengan Arti!

Malaria jadi Ancaman Sararea

Di daerah tropis, malaria teh kaasup panyakit anu nyebarna gancang pisan sarta tumerapna sekaligus.

Ku lantaran kitu ieu panyakit teh jadi ancaman anu teu bisa diapilainkeun.

Ceuk hasil panalungtikan Departemen Kesehatan, anu maraot ku panyakit malaria teh di daerah tropis mah leuwih ti sajuta jalma dina saban taunna.

Jawa Barat kaasup daerah anu mindeng kakeunaan ku wabah malaria.

Ari anu nyababkeun ana diantarana nyaeta ruksakna lingkungan alam, upamana bae leuweung anu digunasika jeung ranca di wewengkon basisir atawa tambak anu teu kaurus.

Tadina mah panyakit malaria teh dilantarankeun ku reungit tina spesies Anopheles sundaicus anu hirupna di sawah atawa di ranca.

Ayeuna muncul reungit gunung (Anopheles balabacensis) jeung reungit leuweung (Anopheles maculatus) anu leuwih ngabahayakeun.

Ieu reungit anu dua teh lain bae leuwih gangas nyocona, tapi deuih daya tahanna leuwih kuat tina insektisida (obat serangga) anu ilahar digunakeun.

Pikeun nyegahna kudu aya insektisida anyar anu leuwih ampuh.

2. Artikel Bahasa Sunda II

Rupa-rupa Kasenian Sunda

Kasenian tradisional nyaeta kasenian anu napak dina tradisi atawa kabiasaan masarakat. Rupa-rupa kasenian Sunda kayaning; calung, reog, degung, kendang penca, jaipongan, kaasup conto kaseian tradisional. Tangtu wae ieu kasenian teh ku urang kudu dimekarkeun ngarah tetep dipikaresep ku balarea sarta henteu tinggaleun jaman.

Salah sahiji conto kasenian Sunda anu geus dimekarkeun nyaeta jaipongan. Keur urang Sunda mah kawasna geus teu bireuk deui kasenian jaipongan teh bubuhan sakitu populerna. Upama dibandingkeun jeung kasenian sejenna, kayaning calung, angklung atawa reog, jaipongan leuwih loba nu mikaresep.

Pangna kitu lantaran daya tarik ieu kasenian leuwih punjul, pangpangna dina lebah unsur gerakan. Lamun ditilik tina sajarahna, jaipongan teh asalna tina kasenian ketuk tilu, nyaeta kasenian anu diigelan ku ronggeng atawa dombret disebutna di wewengkon basisir kaler mah.

Eta ketuk tilu teh tuluy diropea ku Gugum Gumbira, salasaurang seniman karawitan Sunda. Ditambahan deui boh dina tatabeuhanana, boh dina gerak ibingna. Gerak ibingna dipasieup deui ku gerak silat, tari moderen, jsb. Ngaranna oge tuluy robah, tina ketuk tilu jadi jaipongan.

Kasenian jaipongan kiwari geus pohara mekar jeung sumebar ka mana-mana. Kamekaran henteu ukur di panggung wungkul, tapi beuki lega ambahanana. Dina dunya rekaman upamana, kiwari geus pohara lobana kaset-kaset rekaman jaipongan. Urang bisa manggihan meh di unggal toko kaset. Ku kitu teh manusabah lamun jaipongan beuki kawentar ka mana-mana.

Malah lain bangsa urang bae nu resepeun, bangsa deungeun oge teu saeutik anu kasengsremeun. Loba urang asing anu dialajar sarta bisa ngigel jaipongan.

Dina kahirupan sapopoe, apan mindeng pisan lamun aya nu hajat teh sok nanggap jaipongan.

Kitu deui dina acara pagelaran-pagelaran seni, boh dina agustusan boh pintonan seni di sakola, nu ngigel jaipongan di panggung teh apan tara kaliwat, sok aya bae. Ieu hiji bukti yen kasenian jaipongan teh kalandep ku balarea.

3. Artikel Bahasa Sunda III

Atikan Kasenian di Sakola

Anu pangheulana jadi pananya teh tangtuna oge: naon tujuanana ngayakeun atikan kasenian di sakolaan, pangpangna tingkat SD? Puguh bae tujuanna lain pikeun ngajadikeun sakur siswa sangkan jadi seniman.

Perkara isuk jaganing geto aya diantarana nu jadi seniman, eta mah tangtu henteu matak ngarobah tujuan utama iayakeunana atikan kasenian di sakola. Siswa tingkat SD, mangrupa mangsa nyorang atikan formal anu bakal nangtukeun ngabentukna karakter siswa ka hareupna. Diayakeunana atikan kasenian di sakola teh tujuan utamana mah pikeun ngatik sangkan siswa jadi kreatif.

Ku ayana atikan kasenian, siswa oge dilatih pikeun mibanda kamampuh nalar, kalemesan budi, imajinasi, sarta kaseukeutan rasa dina nyawang kahirupan  di lingkungan sosial budaya Indonesia. Jadi, atikan kasenian teh henteu sakadar kalangenan, anu diayakeun dapon henteu.

Lantaran, atikan kasenian bisa raket patalina jeung mata ajaran sejenna. Nu matak, sok aya istilah seni ngajar, seni diajar, jeung seni sejenna. Perkara eta nuduhkeun yen naon rupa perkara oge bakal leuwih anteb lamun ditumpangan ku seni.

Pamarentah kalintang surti kana pentingna atikan kasenian, pangpangna anu patali jeung kabudayaan. Ku kituna, dina PP No. 19, Taun 2005 ngeunaan Standar Nasional Pendidikan, kecap seni salawasna dihijikeun jeung budaya (seni dan budaya).

Upama diteuleuman leuwih jauh, dihijikeunna kecap seni jeung budaya teh mibanda harti yen atikan kasenian salawasna kudu nyoko kana budaya di lingkungan sewang-sewangan. Lantaran bangsa Indonesia mibanda kabeungharan budaya, tangtu bae di saban wewengkon teh nyampak seni jeung budaya nu mandiri, sarta beda jeung seni budaya sejen.

Tong boro nyarita nasional, dalah di tatar Sunda oge kalintang beungharna. Saban wewengkon, sasarina miboga seni jeung budaya nu mibanda ajen-inajen punjul, sarta boga ciri has sewang-sewangan.

Seni jeung budaya ieu pisan anu perelu ditepakeun ka barudak sakola, sangkan mikawanoh, anu kadituna dipiharep mikacinta. Numuwuhkeun rasa kacinta tur kareueus kana seni jeung budaya sorangan, kalayan lain hartina nutup diri kana seni jeung budaya global. Taya salahna mikawanoh tur mikaresep budaya mancanagara, tapi henteu mopohokeun seni jeung budaya banda sorangan. Lanataran, seni jeung budaya bangsa, tangtu karakteristikna beda jeung seni budaya deungeun.

Hususna di tatar Sunda, tangtu bae anu perelu diwanohkeun teh seni budaya Sunda. Rea urang deungeun nu ngahaja ngayakeun panalungtikan ngeunaan seni budaya Sunda, ku lantaran ngarasa kataji tur nganggap seni budaya Sunda linuhung. Tangtu bae kalintang lebarna lamun urang Sunda sorangan henteu mikawanoh.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm