3 Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang 17 Agustus, Singkat namun Dapat Bangkitkan Semangat!

7 Agustus 2023 12:30 WIB
Ilustrasi contoh pidato Bahasa Sunda tentang 17 Agustus
Ilustrasi contoh pidato Bahasa Sunda tentang 17 Agustus ( freepik.com)

Para pejuang kemerdekaan negara indonesia berkorban jiwa ragana hanya demi nagara urang bebas ti penjajah, kabina-bina lamun urang arek hirup mahiwal jiga nuedan teu menang diatur.

Kukituna hayu urang sasarengan jaga iyeu kemerdekaan negara kesatuan republik indonesia.

Inti tina pidato iyeu urang supaya eling terus kajasa para pahlawan pendiri bangsa anu parantos ngintunken urang sadayana, mugi-mugi arwah dipasihan tempat anu paling indah diakherat aamiin.

Sakitu ti abdi salaku ketua karang taruna moga-moga aya manfaatna, hampura bilih aya cariosan anu teu enakeun di hate sararea. sakali deui abdi ngucapkeun hatur nuhun atas terselenggarana iyeu acara.

Akhirul kalam, billahi taufik walhidayah

Wassalamualaikum Wr.Wb.

Baca Juga: 15 Contoh Pidato Kemerdekaan 17 Agustus, Singkat namun Membangkitkan Semangat!

3. Pidato Bahasa Sunda tentang 17 Agustus III

Assalamualaikum Wr. Wb.,

Tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah rabbul Ghofur, ka dzat Allah anu Maha Agung.

Kusabab kalayan nikmat ti mantenna urang sadaya tiasa kumpul ngariung di ieu tempat dina raraga mieling acara kemerdekaan RI 17 Agustus.

Sholawat sinareng salam mugia tetep dilelerkeun ka junjungan urang sadaya, nyatana Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina ka para sahabat ka para tabi'in oge tabiat, tur mudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Hadirin Rahimakumullah,

Dina kesempatan anu endah ieu simkuring bade ngadugikeun biantara perkawis Peranan Generasi Ngora dina Raraga Ngeusi Kamerdekaan.

Indonesia bisa merdeka teh lain pamere ti Belanda, lain oge pamere ti Jepang, Portugal atawa Inggris. Indonesia bisa merdeka ku kuat na rasa persatuan jeung kesatuan sakabeh rakyat Indonesia.

Sabab lamun rek dipikiran, kabeh penjajah alat-alat perang na caranggih, taktik perang na oge jitu, eleh lamun dibandingkeun rakyat Indonesia anu ngandelkeun bambu runcing. Tapi kunaon bet Indonesia bisa ngelehkeun sakabeh penjajah?

Ukur rasa persatuan jeung kesatuan anu bisa ngabangkitkeun semangat ngalawan penjajah. Hirup di jaman penjajah mah sangsara, sare teu tibra, dahar saaya-aya. Ku alatan eta rakyat Indonesia ngahiji ngalawan penjajah ngarah menang kamerdekaan.

Ayeuna urang hirup genah tumaninah, sare tibra, dahar ngeunah, ieu teu leupas ti jasa para pahlawan baheula.

Kukituna urang boga tanggung jawab pikeun neruskeun kamerdekaan ieu sangkan ulah aya nu ngajajah deui ka nagara urang.

Carana kumaha? Teu kudu perang atau nyekeutan bambu runcing, cukup ku tanggung jawab kana diri. Lamun pelajar sing getol diajar, ulah kabita ku mabok atau narkoba sabab perkara-perkara nu kitu nu bakal ngaruksak generasi ngora teh.

Pikeun generasi ngora nu bakal mimpin ieu negri, ti ayeuna persiapkeun diri aranjeun ku cara rajin diajar jeung ngaji elmu agama. Ulah kabawa ku pergaulan jaman ayeuna nu matak ngaruksak.

Siar pangalaman salain sakola, di ajar bisnis, latihan keterampilan anu pas jeung minat. Ulah loba teuing ulin di sosial media anu bisa mohokeun kana waktu ibadah, Gunakeun sosial media pikeun hal anu manfaat.

Panginten sakitu nu tiasa kapihatur, hapunten tina samudaya kalepatan.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Itulah pemaparan tentang 3 contoh pidato Bahasa Sunda tentang 17 Agustus yang dapat kamu jadikan sebagai referensi.

Baca berita update lainnya dari Sonora.ID di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm