3 Contoh Biantara Sambutan Bahasa Sunda untuk Acara 17 Agustus

10 Agustus 2023 21:00 WIB
3 Contoh Biantara Sambutan Bahasa Sunda untuk Acara 17 Agustus
3 Contoh Biantara Sambutan Bahasa Sunda untuk Acara 17 Agustus ( unsplash.com)

Hadirin Rahimakumullah,

Dina kesempatan anu endah ieu simkuring bade ngadugikeun biantara perkawis Peranan Generasi Ngora dina Raraga Ngeusi Kamerdekaan.


Indonesia bisa merdeka teh lain pamere ti Belanda, lain oge pamere ti Jepang, Portugal atawa Inggris. Indonesia bisa merdeka ku kuat na rasa persatuan jeung kesatuan sakabeh rakyat Indonesia.

Sabab lamun rek dipikiran, kabeh penjajah alat-alat perang na caranggih, taktik perang na oge jitu, eleh lamun dibandingkeun rakyat Indonesia anu ngandelkeun bambu runcing. Tapi kunaon bet Indonesia bisa ngelehkeun sakabeh penjajah?

Ukur rasa persatuan jeung kesatuan anu bisa ngabangkitkeun semangat ngalawan penjajah. Hirup di jaman penjajah mah sangsara, sare teu tibra, dahar saaya-aya. Ku alatan eta rakyat Indonesia ngahiji ngalawan penjajah ngarah menang kamerdekaan.


Ayeuna urang hirup genah tumaninah, sare tibra, dahar ngeunah, ieu teu leupas ti jasa para pahlawan baheula.

Kukituna urang boga tanggung jawab pikeun neruskeun kamerdekaan ieu sangkan ulah aya nu ngajajah deui ka nagara urang.

Carana kumaha? Teu kudu perang atau nyekeutan bambu runcing, cukup ku tanggung jawab kana diri. Lamun pelajar sing getol diajar, ulah kabita ku mabok atau narkoba sabab perkara-perkara nu kitu nu bakal ngaruksak generasi ngora teh.

Pikeun generasi ngora nu bakal mimpin ieu negri, ti ayeuna persiapkeun diri aranjeun ku cara rajin diajar jeung ngaji elmu agama. Ulah kabawa ku pergaulan jaman ayeuna nu matak ngaruksak.

Siar pangalaman salain sakola, di ajar bisnis, latihan keterampilan anu pas jeung minat. Ulah loba teuing ulin di sosial media anu bisa mohokeun kana waktu ibadah, Gunakeun sosial media pikeun hal anu manfaat.

Panginten sakitu nu tiasa kapihatur, hapunten tina samudaya kalepatan.


Wassalamualaikum Wr.Wb.

 Baca Juga: 5 Contoh Teks Biantara Bahasa Sunda Singkat yang Menarik

Contoh 3

Assalamualaikum Wr. Wb

Hadirin anu dipikahormat, sateuacanna hayu urang panjatkeun puji sinareung syukur ka gusti Allah SWT, anu tos maparinkeun rahmat ka urang sadaya dugi tiasa kumpul dina raraga ieu.

Shalawat sinareung salam mugi kacurahkeun ka Nabi Muhammad SAW, sahabatna, kulawargina sareung umatna dugi ka akhir zaman.


Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina raraga tepang taun Kamerdekaan Republik Indonesia anu ka-78.

Bapak Kapala Sakola miwah Bapak sareng Ibu Guru, kitu deui sakumna rerencangan sakola sadaya anu ku simkuring dipikadeudeuh.

Dinteun ieu dina raraga paturay tineung, Alhamdulillah urang tiasa patepang dina rarangka meling patepang taun kamerdekaan nagara urang anu ka-78.

Seueur pisan pangorbanan raga, getih para pajuang bangsa Indonesia dina melaan kamerdekaan Indonesia.

Kukituna urang salaku panerus bangsa tos sakeudahna neruskeun perjuangan saderek pahlawan urang, ku jalan diajar giat ameh tiasa ngahontal cita-cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia anu leuwih hade kahareupna.

Sajabina ti eta, seueur keneh hal anu tiasa ku urang lakonan dina rangka ngisi kamerdekaan Indonesia.

Sapertos ngajauhkeun diri tina pangaruh narkoba, pergaulan bebas, tauran jeung sajabana. Intina hayu urang sami-sami babareungan ngeusian kamerdekaan ieu ku hal-hal positif jeung mangfaatkeun diri urang. Sakitu anu kapihatur, hapunteun bilih aya kaleupatan.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Baca Juga: 3 Contoh Biantara Bahasa Sunda tentang Sabar yang Singkat dan Bermakna

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm