7 Contoh Biantara Sunda tentang Kesehatan, Singkat dan Jelas!

16 Agustus 2023 16:40 WIB
Ilustrasi contoh biantara sunda tentang kesehatan
Ilustrasi contoh biantara sunda tentang kesehatan ( freepik.com)

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

5. Biantara Sunda tentang Kebersihan V

Baca Juga: 9 Contoh Biantara Sunda Singkat Berbagai Tema, Lengkap!

Assalamualaikum warahmatullahi Wabarakatuh

Dina danget ieu sim kuring bade maparkeun kabalarea yen urang teh penting ngajaga kasehatan.

Kesehatan bisa di sebat hal anu poko Anu Kedah ku urang di jaga tidak ngora nepika jaga. Kesehatan oge tiasa disebat  kanikmatan anu luar biasa anu teu Aya bandingan nana.

Hadirin anu dimulyakeun ku Gusti Allah, Aya seueur cara kanggo urang ngamumule kasehatan pikeun diri urang.

Mimiti ti kesehatan raga atanapi jasmani, diteruskan karena kesehatan jiwa atanapi rohani.

Tah upami urang Hoyong sehat jagjag waringkas, urang Kedah soson soson meresihan diri urang Tina Sagala kokotor, Bade eta Kotor rohani atanapi kokotor jasmani.

Upami meresihan kokotor jasmani mah kurang resep mandi, meresihan lingkungan, Jeung Sagala  anu bisa nyebarin urang jadi kakeunaan ku panyakit, tapi meresihan kokotor rohanimah ku urang kudu ningkatkeun Kalimantan la Gusti Allah.

Tah kesehatan teh lain saukur beresih tina Sagala rupa, kusabab nu beresih teh can tangtu sehat. Tapi ku urang Aya usaha keur meresihan eta awak atanapi rohani, didinya Aya point awak urang bisa kagerakeun, nu Matak bisa jadi ngajagjagkeun raga urang.

Jadi, sehat teh lain saukur kudu bersih tapi urang Oge kudu miboga aktivitas anu bisa ngagerakeun awak urang aneh loba racun anu kaluar Tina awak urang. Kaluar namah bisa ku kesan, ku ompol Jeung sajabana.

Inget ieu kecap "sakumaha beunghar eta jalma, upami anjeuna teu jagjagmah tiasa disebat rugi pisan jalmanateh, soalna teu bisa nganikmati kabeungharanana, tapi inget kanikmatan anu utama nyaeta, upami urang beunghar nya dipaparinan kasehatan, tur salamet dunya Jeung aherat,".

Tah, kusabab kitu sok urang ulah nyiar naon naon nu bisa jadi pipanyakiteun, tapi siarmah naon naon nu bisa piduiteun Jeung pisehateun.

Inget piduiteun Jeung pisehateun, upami piduiteun tapi teu dibarengkan ku pikasehateunmah ulah, sabab keur naon nyiar duit Ari tingtung anda urang kudu geuringmah. Talung  keneh nyiar pikasehateun da Ari geus sehatmah urangteh bisa nyiar duit.

Tah, kukituna urang salareaa kudu ngajaga kasehatan teh, inget nu beunghar bari gerong lamun ditanya hayang naon pasti jawabanana “ hayang sehat “. Tahh kukituna urang bisa nyimpulkeun kasehatanteh leuwih beunghar tibatan harta nu ku urang digugulung.

Dupi siganamah sakitu Bae anu tiasa dikapihatur, hapunten Tina kasalahanana, Jeung inget hayu urang kudu sehat tur jagjag Dina raga Jeung rohanina.

Sakinten wassalamu’alaikum warahmatullahi wabarakatuh.

6. Biantara Sunda tentang Kebersihan VI

Assalamualaikum Wr. Wb

Wilujeng Enjing Sadayana.

Ibu Guru nu dipihormat sareng sadaya rerencangan nu dipikacinta.

Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puji sareng sukur ka Allah SWT nu parantos maparin waktos ka urang sadayana dugi ka tiasa patepang raray dina ieu acara. Alhamdulillah urang tiasa kempel di ieu tempat dina kaayaan sehat wal afiat.

Para wargi anu ku simkuring dipihormat. Dina ieu waktos, abdi bade ngadugikeun kumaha pentingna hirup sehat kanggo urang sadayana. Urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga lingkungan sareng awak sorangan sangkan dijauhkeun tina sagala panyakit.

Ku margi kitu, urang kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten ku cara anu sehat. Meresihan awak atawa ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, eta conto hirup anu sehat. Conto sanesna, miceun runtah kana tempatna, nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin kudu nutupan baham.

Saupami sadidinten urang ngajaga kaberesihan awak urang bakal beresih atanapi suci tina sagala kokotor. Bersih teh hartosna bersih-sucina diri urang sareng lingkungan di sabudeureun urang. Urang kedah mikacinta kana kabersihan sangkan hate urang ge suci sareng bersih.

Hadirin sadaya. Cekap sakitu nu kapihatur, pamungkas ti abdi, bilih aya basa anu kirang entep seureuhna atanapi kecap anu kirang merenanah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Hatur nuhun kana perhatosanana.

Wassalamualaikum wr.wb

7. Biantara Sunda tentang Kebersihan VII

Bismillahirrahmanirrahim

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Allah SWT anu parantos masihan nikmat, mangrebu-rebu nikmat nu teu tiasa kaetang ka urang sadaya diantarana nikmat sehat sareng nikmat iman sahingga urang sadaya tiasa patepang dina ieu acara.

Shalawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjunan urang sadaya nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW. Mugia urang sadaya kalebet umatna nu kenging syafaat dina dinten kiamat.

Hadirin Rahimakumullah

Insyaallah, dina kasempetan anu bingah ieu, sim kuring nyanggakeun biantara anu judulna ngenaan ‘Kesehatan’.

Hadirin anu dimulyakeun Allah,

Kasehatan mangrupakeun nikmat ti gusti Allah anu kacida agengna pikeun urang sadaya, upami nikmat eta dicabut urang sadaya bakal kalengitan seer nikmat sabab lengitna nikmat sehat.

Kasehatan oge mangrupikeun hiji perkara anu kudu ku urang dijaga sahingga urang tiasa ngajauhan mangrupa-rupa panyawat kusabab ngajagi kesehatan.

Hadirin Rahimakumullah

Ngajagi kasehatan tiasa dilakukeun ku sababaraha cara, contohna ku cara ngatur pola makan, olahraga teratur, sareng ngajaga lingkungan tina kuman tur panyakit.

Badan anu séhat mangrupikeun impian sadaya jalmi, kumaha jadina upami awak urang rentan kaserang panyakit? Tangtu urang sadaya bakal ngarasa cape tur kalengitan sababaraha nikmat nu dicabut babarengan sareng dicabutna nikmat sehat.

Hadirin Rahimakumullah

Kumargi kitu, hayu urang mimitian ti ayeuna ku gaya hirup sehat pikeun diri urang heula. Ngarobah gaya hirup teu gampang. tapi damang leuwih murah tibatan gering, bisa jadi nyaho yen biaya médis kiwari teu murah, sanajan pamaréntah geus nyadiakeun program pikeun fakir miskin.

Rupina, cekap sakitu biantara ti abdi mudah-mudahan tiasa dicandak manfaat tina anu didugikeun teras mudah-mudahan urang sadaya janten jalmi anu tiasa bersyukur kana nikmat ti gusti Allah.

Wabillahi Taufik wal Hidayah

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Itulah 7 contoh biantara sunda tentang kesehatan yang dapat kamu jadikan referensi; sudah siap menyampaikan pidato Bahasa Sunda-mu?

Baca berita update lainnya dari Sonora.ID di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm