5 Contoh Carpon Sunda Singkat Berbagai Tema

24 Agustus 2023 10:00 WIB
5 Contoh Carpon Sunda
5 Contoh Carpon Sunda ( pixabay)

Kami berangkat sehari setelah pembagian rapot.

Sesampainya di Bandung, saya dan keluarga mendatangi tempat keramaian (wisata) seperti Dusun Bambu dan Kebun Binatang.

Setelah dirasa bosan, kami menginap di hotel sekitar alun-alun.

Kemudian, tanggal 31 Desember saya dan keluarga berangkat ke rumah om di Buah Batu untuk berkumpul merayakan malam pergantian tahun baru.

Saya dan keluarga berangkat dari hotel di alun-alun sekitar pukul 5 sore dikarenakan takut macet dalam perjalanan. Lantas, tiba di rumah om selepas Isya.

Sekitar pukul 9 malam, acara kumpul-kumpul dimulai dengan bakar sate dan ketan yang dibubuhi sambal oncom.

Kembang api dan petasan mulai ramai berseliwer di langit, terlihat indah dan memesona.

Kebetulan rumah om berada di pusat kota sehingga keramaian kembang api terlihat jelas.

Puncaknya, pukul 12 malam kembang api benar-benar menghiasi langit Kota Bandung.

Lalu, memasuki Subuh saya dan keluarga pulang ke Bogor.

Contoh Carpon Sunda 2 "Angkat Sakola”

Karya: Rifa Hendriani

Hawa isuk anu tiis maturan lengkah gurung gusuh Siti ka sakola. Di jalan, anjeunna ningali rea rerencangan angkat ka sakola nganggo motor, angkot, atawa kandaraan sejenna. Sakapeung mah Siti ge hayang angkat ka sakola bari nyalse, teu kudu lulumpatan kawas kieu.

Siti sumping di sakola pas pisan bel disada. Mun telat samenit, anjeunna moal tiasa lebet ka sakola.

Karek ge rek asup ka kelas, salah saurang rencangna ngagorowok tarik pisan.

“Siti! Kabiasaan ih telat wae. Matakan mun angkat ka sakola teh ari teu boga motor mah naek angkot, beh teu kabeurangan. Untung we can aya guruna.”

Siti cicing teu nembalan cariosan rencangna. Hayanga mah kitu Siti ge, mung anjeunna kudu hemat sangkan tiasa nabung keur mayar biaya sakola.

Saatos diuk dina korsina, ka kupung deui ku Siti sababaraha babaturan sakelasna ngomongkeun.

“Uyuhan ih telat wae. Ceuk kuring mah coba manehna the naek angkot,” celetuk rencangna nu hiji.”

“Heueuh ih. Padahal da ongkos naek angkot mah teu sapira atuh. Meuni pelit,” tembal nu lain.

Manah Siti asa nyeri. Hayang ceurik harita keneh, mung anjeunna kudu kuat.

Isukanna, Siti angkat ka sakola Subuh keneh. Langit ge poek keneh. Anjeunna hayang ngabuktikeun yen anjeunna moal kabeurangan deui. Anehna, poe eta jalan teh macet. Kandaraan taya nu maju. Kitu oge kendaraan rerencangan Siti, taya nu maju hiji ge. Teras we Siti mapah di sisi jalan.

Di tungtung jalan, katingali ku Siti yen di jalan the keur dibenerkeun, eta anu nyababkeun macet. Untung we Siti teu naek angkot.

Siti sumping di sakola lima belas menit sateuacan bel disada. Di kelas ngan saukur aya sababaraha urang, teu saperti biasana. Siti diuk na korsina teras ngaluarkeun buku pangajaranna.

Bel disada, nu aya di kelas ngan sapuluh siswa, kaasup Siti.

“Kamarana nu lainna?” Taros Bu Minah.

“Teu acan sumping Bu. Saurna mah kapegat maceh,” jawab salah saurang rencangan Siti.

Dua puluh menit saatos bel, rea nu daratang. Siti ngarasa bungah kusabab anjeunna teu kabeurangan deui jeung teu kudu ngaraosan macetna jalan.

Baca Juga: 5 Contoh Sesorah Bahasa Jawa lengkap beserta Pengertian dan Strukturnya

Contoh Carpon Sunda 3 " Kelompok Ti Sakolaan "

Oleh: Kustian

Di dinten minggu nu kalangkung, abdi sareng rerencangan saurna kedah ngadamel kueh kanggo pancen kerja lelompok ti sakolaan. Abdi, Susi, sareng Rani sasarengan minangka hiji kelompok. Disakolaan keneh, abdi tos ngusulkeun kanggo ngadamel kueh bulu, sareng rerencangan sadayana satuju kana usul abdi.

Sabab salian gampil, bahan-bahana kanggo midamel kueh oge kawilang gampil dipilarian sareng hargana teu awis. Isukna sakigaran Jam 4 sore, abdi sareng dua rerencangan abdi tos kararumpul sadayana.

Abdi, Rani, sareng Susi sasarengan ngadamel kueh teh di bumi abdi. Artos sadayana parantos di siapken samemehna, kitu oge sareng parabotan masakna. Teu ngantosan lami, Susi sareng Rani angkat meser bahan-bahana di warung nu teu tebih ti bumi, sedengkeun abdi ngantosan di bumi sabari nyiapkeun alat-alatna.

Teu lami oge, dua rerencangan abdi uih ti warung. “Hayu buru, urang geura langsung bae ngadamel kuehna bisi kabujeng magrib!” Abdi langsung bae nyarios kitu. Kueh bolu teh dipidamel sasarengan, sareng teu hilap oge pun ibu abdi ngabantos masihan terang kana cara-carana. Singket carita, bolu teh nuju di open.

Sabuat ngantosan, abdi sareng rerencangan teh ngarobrol heula dipayunen bumi. Teu lami kadangu sora, ” Tuh geura angkat kueh boluna, bisi kaburu tutung!” Saur ibu abdi ti jero bumi. Abdi gera giru lulumpatan bari ningali kuehna.

Mani sae pisan geuning bentukna saatos jadi teh, waktos di cobian oge sakedik, “Wah” mani karaos pisan rasana. Enjing isukna abdi nyandak kueh boluna ka sakola, kelompok abdi katingali bungah pisan, margi tiasa diajar ngadamel kueh.

Contoh Carpon Sunda 4 "Runtah"

Pengarang: Kénging Rahmaida

Geus sababaraha poé di imah téh huluwar-hiliwir waé bau bangké. Ulak-ilik kana handapeun bupét, bisi aya bugang beurit, teu aya nanaon. Kurah-koréh di buruan nu héjo ku kekembangan bisi aya oray atawa bangkong paéh, angger euweuh.

"Naha naon nya Mah, nu matak bau téh?" ceuk kuring ka Mamah nu keur anteng kaprak-keprek di dapur.

"Duka atuh, Mamah gé héran," waler Mamah. "Ngan ku Mamah diperhatikeun, nu bau téh jolna ti garasi," saur Mamah deui.

"Ti garasi Mah?" kuring héran.

"Enya, jung geura pariksa ku Tatan," waler Mamah.

Koréléng ka garasi. Ulak-ilik ka ditu ka dieu. Irung diungsa-angseu bisi enya anu nimbulkeun bau téh jolna ti garasi.

"Ah teu bau nanaon geuning," haté ngagerentes sanggeus teu manggihan nanaon anu matak nyurigakeun.

Basa rék ngoloyong ka jero imah, di luar pager témbong aya mobil eureun. Bapa nembé mulih ti kantor. Gura-giru kuring mukakeun pager. Geleser mobil asup ka garasi.

Sabot kitu, pelenghir bau bangké téh kaangseu deui. Nepi ka asa murel rék utah. Kapaksa kuring nungkupan irung.

"Ku naon Tan, nungkupan irung?" Bapa naros.

"Bau, Pa," walon kuring ngirung.

"Eh, éh...enya, enya geuning di dieu nu bau téh," saur Bapa deui bari nungkupan pangambungna. Koloyong ka jero imah. Kuring ngiclik nuturkeun tukangeunana.

Leng kuring mikir. Kari-kari bapa datang, bau bangké téh mani jelas kaangseu. Sanajan ceuk Mamah tadi nu bau téh di garasi, tapi can jol Bapa mah da teu bau-bau teuing.

"Pa!" ceuk kuring satengah nyorowok bari lumpat ka jero imah.

"Aya naon Tan, nyarita téh tarik-tarik teuing. Sok ngareureuwas baé," Mamah nu ngajawab téh.

"Mah, Tatan terang ayeuna mah anu janten sumber bau téh," ceuk kuring.

"Naon?" Mamah naros.

"Mobil Bapa."

"Har...naha mobil Bapa?" Bapa ngerungkeun halisna.

"Pa, Bapa téh apan saban dinten ngalangkung ka Pasar Antay. Di dinya apan seueur runtah. Tah, anu matak bau téh ban mobil anu tos ngagéléng runtah di Pasar Antay téa," ceuk kuring yakin.

Mamah jeung Bapa katémbong silihrérét. Koloyong Bapa ka luar. Kuring jeung Mamah nuturkeun tukangeunana.

"Enya, pamanggih Tatan téh sigana bener," saur Bapa sanggeus aya gigireun mobil. "Runtah téh geus bahé ka jalan tuda," Bapa siga nu gegelendeng.

"Pa, kaluarkeun deui atuh mobilna. Kumbah heula di ditu, di luar. Sok Tan, siapkeun selangna!" Mamah nyarios.

Sabot Bapa ngaluarkeun mobil ti garasi, bari nyiapkeun selang téh pikiran mah kumalayang ka sababaraha tempat di ieu kota anu ayeuna geus jadi tempat pamiceunan runtah. Upamana waé Pasar Antay, Pasar Tonggoh, jeung Cikuda, apan éta mah tempat umum anu sakuduna mah bararesih. Ku lantaran dipaké pamiceunan runtah, atuh jadi barau jeung réa laleur.

"Sok Tan, geura kocorkeun caina!" Bapa miwarang.

"Banna wungkul wé nya nu dikumbahna, da ka luhurna mah beresih kénéh," ceuk kuring bari nyebrotkeun cai kana ban tukang. Bapa ngawaler ku unggeuk.

Sanggeus bérés ngumbah mobil, kuring nyarita ka Bapa, "Pa, énjing mah ulah ngalangkung ka Pasar Antay atuh, ambéh teu bau deui bangké di garasi."

"Enya, ti mimiti isuk mah rék ka jalan Otista wé, kajeun rada nguriling," waler Bapa.

"Naha moal waka diangkut kitu, runtah téh?" Mamah naros.

"Wah, duka iraha diangkutna, apan pamiceunan runtahna gé can aya nepi ka ayeuna gé," waler Bapa.

"Naha meni dugi ka numpuk kitu runtah téh nya Pa? Naha henteu diduruk waé?" ceuk kuring ngarasa héran.

"Di duruk gé moal teurak, da runtahna baseuh," waler Bapa.

"Eta tuda ari miceun runtah téh sok padu bra-bru waé, tara dipisahkeun runtah baseuh jeung jeung runtah garing téh," ceuk Mamah bari ngaléos ka jero imah. Teu lila Bapa jeung kuring ogé nuturkeun asup ka jero imah.

Isukna, jeung saterusna ari indit jeung mulang ti kantor téh, cenah, Bapa tara ngaliwat ka Pasar Antay.

Enya wé ari teu ngaliwat ka dinya mah teu bau deui bangké di imah téh. Ngaliwat-ngaliwat deui ka Pasar Antay téh sanggeus aya kana sabulanna, sabada runtah nu tingtalambru diangkutan ku mobil ti Dinas Kebersihan Kota. Ayeuna mah, cenah, geus aya pamiceunan runtah téh, di daérah Padalarang.

Baca Juga: 15 Contoh Sisindiran Rarakitan Bahasa Sunda: Piwuruk, Banyol, Asmara

Contoh carpon Sunda 5 Haréwos Keur Indung

Pengarang: Téh Nila

Ti barang kuring di hirupkeun dina rahim indung, ti harita saenyana kuring sawadina jadi mahlukNa anu kudu sukur ni'mat. Indung mangrupa "janggélékna" muara kahirupan Mantenna pikeun umatNa. Mun teu aya indung, tinangtu moal aya kahirupan di dunya. Indung téh "mediator" antara Mantenna jeung manusa.

Kuring yakin rajaning yakin, indung kacida bagjana nalika kuring aya dina rahimna. Komo sanggeus kuring gelar ka dunya. Tangtu kuring dirawu, dipangku, dinangna-néngné. Sagala hal kahadéan diketrukkeun keur kuring. Sagala kapeurih geus teu dijadikeun itungan ku indung enggoning "ngajelemakeun" kuring.

Kiwari, mangsa kuring geus sawawa... geus bisa hirup jeung néangan hurip sorangan, kuring yakin, kabagjaan indung pari purna ku éta hal. Najan teu di tembrakkeun ka kuring, ka jalma-jalma... Kuring yakin, indung teu weléh agul-agulan ka dirina: "Anaking kiwari geus jadi "jalma"... !!".

Éksprési kabagjaan anu tan wates wangenan tina hal anu teu sapira. Kuring geus jadi "jalma", ceuk indung... tapi, naha kuring geus pantes disebut "jalma anu bisa mulang tarima ka indung?!"

Indung, nepi ka poé ieu satékah polah kuring nempatkeun anjeun dina posisi anu pangpunjulna. Ngan, kuring yakin nepi ka tutup umur, kuring hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun. Sarénghap napas anjeun, jadi sarébu napas kahirupan kuring. Sausap kadeudeuh anjeun, jadi usap-usap nu natrat dina kahirupan kuring.

Cimata kapeurih anjeun, mangrupa panaur cimata kabagjaan keur kuring. Anjeun mahluk pangmulyana di satung kebing dunya. Hampura, kuring hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun.

Hampura, kuring ukur bisa jadi anak nu "ukur" bisa naur kaha-déan ku hal-hal anu teu sapira. Urusan sakola, karir, (Insya Alloh) rumah-tangga, rejeki anu karasana ku kuring digampang keun ku Man-tenna, anu ceuk anjeun éta téh mangrupa kabag-jaan hirup anjeun keukeuh, hamo bisa naur sagala kahadéan anjeun.

Indung, mun seug kuring jeung anjeun geus dipegat pati kaasih ku-ring tetep nganteng keur anjeun, sakumaha tetep ngantengna "kakuatan" ti anjeun keur kahirupan kuring nepi ka tungtung mangsa. Kuring teu kawasa ngabagjakeun an-jeun dunya ahérat. Tapi kuring yakin, geus aya sawarga pikeun hirup anjeun jaga di alam nu hamo kadongkang ku manusa, ukur ti Manten-na.

Baca Juga: 8 Contoh Cerita Pengalaman Liburan Sekolah Bahasa Sunda, Singkat namun Menarik!

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm