3 Contoh Biantara Sunda tentang Paturay Tineung, Paling Lengkap!

25 Agustus 2023 09:45 WIB
Ilustrasi contoh biantara sunda tentang paturay tineung
Ilustrasi contoh biantara sunda tentang paturay tineung ( freepik.com)

Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha, salami sim kuring saparakanca diajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan.

Teras seueur pisan sikep sareng paripolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana. 

Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sih hapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sareng kaluluputan.

Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taun ieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu.

Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan, nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur
Rupina sakitu nu kapihatur.

Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap, bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalu’alaikum wr. wb.

2. Biantara Sunda tentang Paturay Tineung II

Assalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Alhamdulillah wasyukurillah. Sadaya puji kagungan Allah, anu parantos masihan kasempetan ka urang sadayana kanggo ngariung di ieu tempat.

Solawat miwah salam mugia tetep dilimpahkeun ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW, kulawargina, para sohabatna, sareng umatna dugi ka ahir jaman.

Ngahaturkeun nuhun ka pangatur waktu pangjajap acara nu parantosa masihan waktos ka sim kuring pikeun ngadugikeun ieu biantara. Sim kuring ngaraos bingah dipasihan kapercantenan sapertos kieu.

Bapa kepala Sakola nu ku sim kuring dipihormat, bapa-ibu guru nu ku sim kuring dipihormat, kanca mitra rerencangan sareng adi-adi kelas nu ku sim kuring dipideudeuh-dipitineung, hadirin anu ku sim kuring dipihormat.

Langkung ti payun sim kuring bade nyuhunkeun dima’lum, bilih dina salebeting sasanggem, resag basana mawur caturna, teu ninggang tatabasana, teu puguh entep seureuhna, kawantos sanes ahlina.

Katambih ku kasedek ku rupi-rupi rasa nu gumuruh minuhan dada; aya bungah pacampur jeung sedih, rasa waas kagagas paselang jeung kahariwang, tos puguh katineung mah miheulaan ngalangkang dina ciciptan.

Bapa Kepala sakola nu ku sim kuring dipihormat, bapa-ibu guru nu ku sim kuring dipihormat, sim kuring sadayana wangkid ieu gaduh rupi-rupi piunjuk anu bade dihaturkeun.

Kahiji, unjuk hatur nuhun, wireh sim kuring sadayana kebek ku karumaosan tina kawit boloho taya kanyaho, ayeuna parantos teu bodo-balilu teuing. Ieu teh teu aya sanes, anging ku panungtun sareng pangatik pangersa Bapa miwah ibu sadaya.

Dina leresan ieu, kanggo sim kuring estu beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunana. Kedah kumaha sareng kedah naon atuh sim kuring sadayana nya mulang tarima. Da moal aya harta dunya anu kurup saimbang sareng kasaean pangersa Bapa miwah ibu sadaya ka sim kuring.

Sim kuring mung tiasa jumerit ka Gusti Nu Maha Suci, mugi Gusti maparin ganjaran kasaean ka para guru abdi sadaya, anu parantos kahesean, kacapean, karungsingan- kapusingan, dina enggoning ngatik-ngadidik abdi sadaya. Aamiin, aamiin yaa robbal ‘aalamiin.

Kadua, sim kuring sadaya neda dihapunten ka Bapa-Ibu sadaya. Neda dihapunten ti luhur satungtung rambut, ti handap sahibas dampal, wireh sim kuring sadaya rumaos Janten manusa, moal luput tina kalepatan. Kalepatan sim kuring sadaya, boh nu karaos boh nu teu karaos, neda dihapunten ku galih anu wening, ku manah-manah anu setra.

Katilu, Sim kuring sadaya neda jiad pangdu’a ti Bapa-ibu sadaya, mugia tiasa ngamangpaatkeun elmu anu katampi ti Bapa-ibu sadaya . Sing tiasa janten jalmi anu aya gunana kanggo balarea, sumawonten kanggo pribadina. Sakirang-kirangna atuh ulah janten jalmi anu ngarugikeun batur.

Eta rupina piunjuk sim kuring sadaya ka Bapa-Ibu sadayana.

Robbanaa aatina fiddunya hasanah wa fil akhiroti hasanah wa qinaa adzaa bannaar.

Baca Juga: 40 Contoh Wawangsalan Bahasa Sunda dan Artinya

Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

3. Biantara Sunda tentang Paturay Tineung III

Assalamu’alaikum Wr.Wb.,

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW, teu hilaf ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin. 

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, bapa/ibu guru, sareng kepala sekolah. Abdi nyuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas (...). 

Teu hilaf abdi oge ngawakilan rerencangan pikeun ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal. 

Asa kamari keneh abdi lebet ka sakola ieu. Ayeuna tos kedah paturay tineung deui. Simkuring sareng rerencangan bade neraskeun sakola ka nu langkung luhur, ngahontal cita-cita. 

Seueur pisan anu bakal janten panineungan. Di ieu sakola, simkuring neangan elmu. Elmu pangaweruh anu didugikeun ku Ibu sareng Bapa Guru mugia aya mangpaatna hususna kanggo abdi, umumna kanggo sadayana rerencangan. 

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin. 

Simkuring oge bade nyuhunkeun haputen kana sagala kalepatan abdi sareng rerencangan. Mugi-mugi, Ibu sareng Bapa Guru tiasa ngahapunten kalepatan abdi sareng rerencangan. 

Teu hilap, kanggo adi-adi anu masih keneh diajar di ieu sakola, supaya diajar sing enya-enya. Lamun bae urang katinggaleun diajar, pasti bakal katinggaleun dina sagalana. 

Pamungkas, simkuring sareng rerencangan, neda pidu’ana singtiasa neraskeun ka sakola anu langkung luhur. 

Rupina, sakitu bae cariosan ti simkuring. Mudah-mudahan aya mangpaatna kanggo urang sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. 

Nu mana kasalahan mah milik abdi, sareng kaleuwihan mah nga tiasa datang ti Allah SWT. Wabilahitaufik walhidayah, wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Demikianlah 3 contoh Biantara Sunda tentang Paturay Tineung yang dapat kamu simak secara lengkap; sudah paham dengan materi Bahasa Sunda ini?

Baca berita update lainnya dari Sonora.ID di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm