3 Contoh Dongeng Fabel Bahasa Sunda, Penuh Pesan Moral

30 Agustus 2023 09:00 WIB
Dongeng Fabel Bahasa Sunda
Dongeng Fabel Bahasa Sunda ( Tangkapan layar timelesslife.info)

Nempo aya kelinci keur nyatuan, pok domba adu teh nyarita. “Kelinci, maneh mah ari nyatu rampus, ari awak leutik bae. Asa cumah dahar unggal poe ge ukur meakkeun jukut bae, ceunah”. 

“Naha kudu kumaha ari awak kuring? Apan iyeuh lintuh!” tembal kelinci. “Dasar goreng milik bangsa maneh mah, dikadarkeun boga awak teh ukur sagede kitu! Yeuh tempo kuring, awak jangkung badag, tanduk ranggaek! 

Bangsa careuh, ajag, oray, moal waraneun ngaganggu ka kuring mah! Coba ka maneh, boro-boro maung, anak ucing wanieun nekuk!” ceuk domba adu mani adigung pisan. 

“Ah, na ngahina teuing, Domba! Na teu sieun katulah maneh teh, da goreng-goreng oge kuring teh tunggal didamelan Gusti. Sanajan bukti oge, teu meunang nganyenyeri kitu, da awak kuring leutik teh, lain kahayang sorangan, geus guratna we. 

Tong adigung, Domba! Saha nu nyaho hiji waktu mah maneh teh bakal butuh ku pitulung kuring!”  tembal kelinci bari nyabar-nyabar maneh. 

“Ahh pitulung naon! Deuk ge maneh nu butuh ku pitulung kuring. Mun aya ajag atawa careuh rek ngerekeb maneh, tangtu moal waranieun mun maneh babarengan jeung kuring mah, da sieuneun di teunggar!” domba adu kalah beuki sombong ngomongna teh. 

Keur kitu... gaur, gaur! Sora maung ti kajauhan! Tereleng weh kelinci mah lumpat, sup sup kana liangna nu teu jauh ti dinya. Orokaya domba adu bingungeun kudu ka mana nya lumpat, sabab maung geus deukeut teuing. Mun lumpat pasti kaberik. 

Rek milu nyumput kana liang kelinci, moal asup da awakna gede teuing, jaba raridu ku tanduk. Kelinci noong tina langna, ngawaskeun paripolah domba. Mimitina mah hatena mupuas nempo domba nu tadi sakitu ngahinana, ayeuna nyanghareupan marabahaya teh. 

Tapi dasar kelinci mah bageur, hade hate, nempo domba sakitu bingungeunana teh, jadi ngarasa watir. Tereleng manehna kaluar deui tina liangna sarta pok ngomong ka domba adu “Domba nyumput kana gowok, gigireun liang kuring!” ceunah. 

“Ah, katewak meureun ku maung, da maung ge asup kana gowok sagede kitu mah!” ceuk domba adu. Beungeutna mani geus pias bakating ku pohara sieunna. 

“Moal! Ke ku kuring dilimpudan ku taneuh, ngarah teu kacirieun ku maung! Sok-sok buru-buru, bisi maung torojol manten!” ceuk kelinci. 

Sangges domba merenah nyangkerok dina gowok, gancang kelinci kokoreh kana taneuh ngebul hareupeunana. Sewur...sewur taneuh ngebul teh nutupan gowok. Kelinci naker tanaga, mani pakupis ngorehan taneuh sabab sieun maung kaburu datang. 

Sangges beres, kelinci tibuburanjat asup deui kana liangna sabab maung geus deukeut pisan. Kelinci jeung domba adu cricing, jarempe ngadedempes di tempatna masing-masing. 

Maung kalantang-kulinting keneh, neangan susuganan aya domba, atawa peucang, atawa naon we nu bisa dihakan. Tapi geus sidik euweuh mah, leos we ngaleos bari garam-gerem jeung guar-gaur. Gendok meureun pedah teu beubeunangan nanon. 

Sangges sidik maung geus jauh, kurumuy domba adu kaluar tina panyumputanana, mani kuyumut. Terus gigibrig jeung gogodeg, nurunkeun kekebul nu narapel sakujur buluna. 

“Duh nuhun teuing, Kelinci! Kuring kacida tumarimana kana kahadean maneh. Kumaha petana kuring mulang tarimana?” ceuk domba adu bari kalamas-kelemes semu era. 

“Lah, teu kudu mulang tarima sagala, da kawajiban, papada mahluk kudu silih tulungan....” tembal kelinci bari soleh naker, “....ngan pamenta kuring mah, maneh tong sok resep ngahina ka batur teh. 

Ulah kena-kena awak badag sarta gagah, kanu leutik teh mani embung ngahargaan pisan!” ceuk kelinci leuleuy. 

“Heueuh, hampura we, rumasa kuring teh salah, gede dosa. Pek cirikeun ti ayeuna ka hareup mah kuring rek ngomean adat, moal daek huna-hina, malah deuk nyaah kanu leutik teh,” ceuk domba adu terus jeung hate. 

Teu jalir tina jangjina domba adu teh. Enya ti harita mah adat sombongna teh leungit. Ka nu leutik nyaah. Sosobatannana jeung kelinci beuki raket bae.

Baca Juga: 7 Contoh Dongeng Sunda Singkat, Penuh Nasihat dan Pesan Moral

Kelinci dan Domba Adu

Peucang : "Keur naon maneh hey sakadang kuya, sakadang hayam? Singharuleng kitu kawas nu susah?" 

Hayam : "Ker pararusing yeuh, teu kaharti kuring ka sakadang buaya, eta mani asa ku ulah nginum di walungan téh? 

Hayam: “Heuh bener, abong-abong awak urang laletik mani teu dibere cai, teu kawas sakadang banteng. 

Peucang : “Aduh-aduh kuat ka kitu eta si buaya!” 

(Keur kitu jol Gagak)

Gagak :"Hey, dulur-dulur! Aya info yeh, tadi kuring ningali di sawah deukeut saung pa Tani, aya gentong isina cai, tapi henteu pinuh. Kuring bie rek nyoba nginum tapi pamatuk kuring teu nepi euy kana caina." 

Kuya : "Hayu ayena urang ka daritu sarerea. Kuring mah geus teu kuat yeuh nahan hanaang, aus pisan!" 

Hayam : "Aya cai ge taya gunana. Hulu kuring ge kapiran moal nepi oge asup kana gentong eta." 

Gagak : "Kumaha lamun urang gulingkeun wae gentongna? Ke lamun caina kaluar, urang nginum saseubeuh-sebehna.” 

Peucang : "Salah atuh kitu mah. Lamun caina bahe, tangtu nyerep ka jero taneuh Moal bisa diinum." 

Hayam : "Kudu kumaha atuh jadina?" 

Peucang : "Kudu make akal!" 

Gagak :"Kumaha akalna?" 

Pecang : "Cik geura kumpulkeun batu, nu laleutik bae, sing loba. Tuluy abuskeun ka jero gentong." 

Teu lila mongan peucang langsung diturutkeun ku sakadang kuya, gagak, jeung hayam. Teu lila bener bae, sageus batu laletik diabuskeun ka jero gentong, caina jadi naek. geus kitu mah tuluy sarerea ngarinum, silih gantian..

Baca Juga: Contoh Carita Wayang Sunda, Lengkap dengan Artinya

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm