3 Cerita Dongeng Bahasa Sunda Cocok Diceritakan Agar Anak Tertidur

1 September 2023 12:47 WIB
Cerita dongeng
Cerita dongeng ( Freepik)

"Hendak ke kali" jawab kura-kura.

"Tapi aku sudah tidak kuat lagi berjalan."

"Jika demikian mari kugendong" perintah monyet pada kura-kura.

Kura-kura tidak banyak bicara ia langsung saja naik pada punggung monyet. Selanjutnya, monyet menggendong kura-kura menuju kali. Begitu sampai ke kali kura-kura itu kuat kembali. Lalu, kura-kura berterima kasih pada monyet.

Baca Juga: 3 Contoh Cerita Inspiratif Islami yang Penuh Motivasi dan Hikmah

2. Kuda Anu Ngedul

Jaman baheula aya hiji kuda nu kacida ngedulna, éta kuda téh dipiara ku jalma beunghar anu ngaranna abdul. Unggal poé abdul ka kota mawa kudana keur ngajual barang dagangan anu loba diperlukeun ku urang kota.

Ku sabab ngarasa hoream kudu indit mawa barang dagangan, kuda ngedul téh boga rencana nipu ka dununganana. Dina hiji poé si kuda téh dibawa ka kota ku abdul, rék dagang uyah dua karung. éta karung téh terus ditalian dina tonggong kuda. Di tengah jalan jalan si kuda ngedul téh ngagejeburkeun manéh kana walungan.

Barang hanjat si kuda ngarasa hampang, sabab uyah nu dina tonggongna béak kabawa ku cai sarta teu bisa ka pulung saeutik-eutik acan. Atuh sodagar téh kacida ambekeunana ka éta kuda. Tapi Abdul teu bisa kukumaha da uyahna geus ngahiji jeung cai.

Isukna Si Abdul ka kota deui mawa tarigu dua karung. Éta karung téh ditalian deui kana kuda. Jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh ka walungan, atuh puguh waé tarigu téh beak kabawa palid.

Bari jeung ambek Abdul terus balik deui ka imahna, teu jadi ngajual barang daganganana.

Isukna, Abdul néangan akal sangkan kuda nu ngedul téh teu ngalakukeun deui pagawéan jiga kamari. Abdul néangan kapas, tuluy dikarungan sarta ditalian kana tonggong kuda.

Di tengah jalan jiga kamari deui waé kuda téh ngagejeburkeun manéh kana walungan, tapi basa manéhna hanjat karasa kacida beuratna karung nu dieusi ku kapas téh.

Manéhna ngarasa kaduhung ngalakukeun pamolah model kitu, sabab manéhna kudu terus ka kota mamawa kapas anu sakitu beuratna.

Baca Juga: 20 Cerita Legenda, Menarik dan Penuh dengan Pesan Moral!

3. Dalem Boncel

Jaman baheula di hiji lembur aya budak ngarana Boncél. Pagawéan sapopoéna nyaéta ngurus kuda di kadaleman. Boncél gawéna rapékan jeung getol.

Salain gawé, Boncél ogé diajarkeun rupa-rupa kabisa sarta disakolakeun. Atuh puguh wé dunungan Boncél beuki nyaah ka Boncél, sabab Boncél gampang nginget kana rupa-rupa nu dipiwurukna. Beuki lila élmu Boncél beuki loba jeung Boncél beuki pinter. Antukna Boncél diangkat jadi dalem.

Hiji poé aya aki-aki jeung nini-nini nyampeurkeun ka Dalem Boncél. Teu disangka-sangka, aki-aki jeung nini-nini ngaku indung bapana Dalem Boncél. Harita kénéh éta nini-nini jeung aki-aki diusir ku Dalem Boncél.

Genep sasih ti harita, Dalem Boncél katarajang ku panyakit arateul. Sadaya ubar nu aya teu bisa nyageurkeun panyawatna.

Dina manahna anjeuna ngangken yén pangna ngadak-ngadak teu damang téh lantaran doraka ka kolotna.

Baca Juga: Baru Rilis, Trailer Film Dongeng Klasik ‘Gretel & Hansel’ Bikin Merinding

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm