10 Contoh Sajak Sunda Berbagai Tema: Alam, Cinta, hingga Kehidupan

6 Februari 2024 14:00 WIB
10 Contoh Sajak Sunda Berbagai Tema: Alam, Cinta, hingga Kehidupan
10 Contoh Sajak Sunda Berbagai Tema: Alam, Cinta, hingga Kehidupan ( Freepik)

Baca Juga: Contoh Teks Ceramah Isra Miraj 2024 Bahasa Sunda, Dilengkapi Pantun Lucu

  1. Pamanggih

Salapan bulan ngakandung
Moal aya hiji jalma
leuwih ti indung micinta
indung gudang hampura.

Salapan bulan dikandung
Moal aya hiji jalma
leuwih ti anak nu rumasa
anak gudang dosa.

Salapan bulan ngakandung
pinuh rasa jeung rumasa.

Salapan bulan dikandung
pinuh dosa jeung rumasa.

Karya: Ayatrohaédi

  1. Élmu Pengetahuan

Élmu pengetahuan, nyaéta cahaya
Nu ngahadirkeun harepan
Nu ngantebkeun rasa percaya diri
Nu ngajak ka béntang-béntang

Élmu pengetahuan, nyaéta konci
Nu muka pintu dunya
Nu ngabéréskeun masalah
Nu nyieun dunya jadi leuwih hadé

Élmu pengetahuan, nyaéta harta
Nu moal pernah leungit
Nu moal pernah musnah
Nu moal pernah ngarugikeun

  1. Pahlawan

Hirup nu pinuh ku perjuangan
Persenjataan nu éléh teu di jadikeun alesan
Perang ngalawan panjajahan
Bajuang kanggo kamerdékaan

Prajurit nu mulih ka asalna
Tong dianggap geus palastra
Perang’na jalan nu di pirido Allah Ta’ala
Janten mangpaat kanggo nagara jeung bangsana

Urang sok poho kana jasana
Nu geus ngorbankeun kahirupanna
Kanyeri nu geus teu di rasa
Sakabéhna kanggo nagara Indonésia

Karya: Fahri Setiono

Baca Juga: 25 Nama Warna dalam Bahasa Sunda, Lengkap dengan Cara Bacanya

  1. Cinta
      keur L

Maseuhan cinta ku cimata, enung
tong salempang
najan hirup teu weléh padungdung
kacapi mo’ matak sumbang
da kawatna ranteng ti haté ka haté
ngajentring matak tingtrim

tong hariwang
najan cinta teu weléh beueus ku cimata
ajan kacapi ngjetréng dina laras madenda
satungtung boga kénéh langit jeung béntang kahayang.

Karya: Wahyu Goemilar

  1. Langit Ceudeum  

Langit ceudeum

Hate hieum

Hiliwir angin berewit

Angin tuhur nutup kujur

Mawa carita naraka

Bubuara nyesek dada

Hiji-hiji jarji jandela muka

Jalan kunang-kunang

Ngaplak dataran taraha

Digurat kudrat tangara durma

Langit ceudeum

Hate hieum

Saha nu tandang meunang

Saha nu tungkul remuk

Karya: Sayudi Langit

Baca Juga: 10 Contoh Soal PAS Bahasa Sunda Kelas 2 Semester 1 Tahun 2023 dan Jawaban

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm