5 Contoh Pidato Bahasa Sunda Tema Perpisahan

21 Oktober 2022 11:10 WIB
Ilustrasi, Contoh Pidato Bahasa Sunda Tema Perpisahan
Ilustrasi, Contoh Pidato Bahasa Sunda Tema Perpisahan ( Pixabay)

Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru, katut para sepuh nu hadir di ieu tempat,
Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,

Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid *kelas genep/salapan/dua belas, tipayun mangga urang sasarengan nyanggakeun puji sinareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci, réh maparinan taufik sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina séhat wal afiat. Pamugi ku kasumpingan urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT.

Solawat sinareng kasalametan mugia dilélérkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna.

Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Sim kuring atas nami wakil murid *kelas genep/salapan/dua belas, seja ngadugikeun katineung, kedal lisan dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, teu karaos sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yén salami tilu taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda sih hapuntenna tina samudayaning kalepatan.

Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih kénéh aya di bangku sakola, mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru. Kitu ogé ka almamater urang sadaya, mugia sakola ieu sing langkung nanjeur ku préstasi-préstasina katut pangeusina diharepkeun sing tiasa ngajagi ngaran ieu sakola.
Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.

Sakitu biantara ti sim kuring, mung sakitu anu kasuhun. Ieu biantara bade dipungkas waé ku sisindiran:

Saninten buah saninten
dipilih di parapatan
Hapunten abdi hapunten
bilih seueur kalepatan

Wabillahi taufik walhidayah
Wassalaamu'alaikum wr. wb.

3. Pidato Bahasa Sunda Tema Perpisahan SD

Assalamualaikum wr. Wb

Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Amaa ba,du.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatanieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW,Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Aamiin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga acara perpisahan kelas genep. Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu.

Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilaf abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal positif sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Aamiin.

Sakitu ti abdi an ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah datang ti Allah SWT.

Wabilahitaufik walhidayah

Wassalamu’alaikum wr.wb

Baca Juga: 4 Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat atau Biantara Beragam Tema

4. Pidato Bahasa Sunda Tema Perpisahan Singkat

Assalamualaikum Wr. Wb.

Manga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, nudi mana dina kasempatan ieu urang sadayan atos dipasihan kasempatankempel sareng dina kaayaan sehat walafiat.

Hadirin sadaya anu dipikahormat ku simkuring, henteu karaos nya tos 6taun geningan urang aya didie. Anu disebatkeun nuju menuntut ilmu.Ayena saleresna urang sadaya teh bakal papisah, ti sakola ieu. Mugianaon anu diajarkeun ku Bapak sareng Ibu guru teh, tiasa dimanfaatkeunku urang sadaya kanu hal anu positif sareng aya manfaatna.

Mugia amal sareng ibadah Ibu sareng Bapak guru ano tos ikhlas ngajarurang sadaya sina pinter, kenging wewelasan ti Allah SWT.

Sakitu heula ti abdi anu tos ngawakilan rerencangan sadaya, kiranglebihna neda dihapunteun ku sadaya.

Hatur nuhun.

Wassalamualaikum Wr. Wb.
 

5. Pidato Bahasa Sunda Tema Perpisahan

Assalamualaikum wr. wb.

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah Illahi Robbi. Alhamdulillah wasyukurilah,Laillahhailallah, Subhanallah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulungdina raraga nyakseni upacara Paturay Tineung, wireh sim kuring saparakanca badengantunkeun ieu sakola sabada tamat diajar salami tilu taun.

Bapa kalih Ibu, hadirin hormateun sim kuring

Mungguh ari waktu asa nyeak pisan sajorelat. Asa kamari keneh sim kuringsaparakanca munggaran lebet ka ieu sakola, ayeuna tos kedah paturay deui. Simkuring saparakanca kedah miang deui neraskeun sakola, ngahontal harepan sarengcita-cita.

Kantenan wae salami tilu taun diajar di ieu sakola, seueur pisan anu bakal jantenpanineungan. Di dieu, di sakola urang nu genah pikabetaheun, sim kuringsaparakanca diajar neangan elmu. Ruang riung boh di kelas boh dina rupa rupa kagiatan bari sakapeung sempal guyon gogonjakan sareng rerencangan.

Tangtos bae eta sadayana bakal janten panineungan nu moal kahihilapkeun. Atuhkasaean Bapa kalih Ibu Guru sadaya, elmu pangaweruhna anu didugikeun ka simkuring saparakanca tangtos bakal nyerep dina angen, janten obor nu nyaangan jalansorangeun.

Pamugi elmu nu katampi sing janten mangpaat kanggo abdi saparakanca.

Saterasna pirang-pirang kasaean Bapa kalih Ibu, sim kuring saparakanca teu tiasamales eta kasaean, mung tiasa ngedalkeun dua, pamugi rupining elmu sareng katiasaanu parantos dipaparinkeun, kenging ganjaran anu mangtikel-tikel ti Allah Ala Wa Zalla. Amin

Bapa kalih Ibu guru kalebet rengrengan ti tata usaha, salami sim kuring saparakancadiajar di ieu sakola tangtosna seueur pisan kalepatan, seueur pisan sikep sarengparipolah anu tangtosna tiasa janten ngajaheutkeun manah ka sadayana.

Jalaran kitu, ngawakilan rerencangan sadayana, dina danget ieu sim kuring neda sihhapuntenna, mugi jembar hapuntenna kana samudaya kalelepatan sarengkaluluputan.

Pamungkas, neda pidua ti sadayana, pamugi sim kuring saparakanca nu lulus taunieu sing tiasa neraskeun tolabul elmu. Lungsur-langsar teu aya halangan-harungan,nyukcruk elmu di tingkat nu langkung luhur.

Rupina sakitu nu kapihatur. Bilih aya basa nu kirang merenah, kecap nu kirang larap,bilih aya kalimah nu teu raos kana manah, neda hapuntenna

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalualaikum wr. wb

Demikian beberapa contoh pidato bahasa Sunda tema perpisahan yang bisa jadi referensi. Semoga bermanfaat.

Baca berita update lainnya dari Sonora.ID di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm