3 Contoh Artikel Bahasa Sunda Beragam Tema, Lengkap!

8 Desember 2022 11:40 WIB
Ilustrasi contoh artikel bahasa Sunda.
Ilustrasi contoh artikel bahasa Sunda. ( Pixabay/Pexels)

Sonora.ID - Simak contoh artikel bahasa Sunda beragam tema berikut ini untuk menjadi referensi dan membantumu mengerjakan tugas.

Artikel adalah sebuah tulisan yang dibuat berdasarkan fakta dan opini untuk dipublikasikan di media.

Selain itu, artikel juga umumnya bersifat aktual dan berguna untuk memberi tahu, meyakinkan, atau menghibur pembaca.

Hal ini selaras dengan apa yang dijelaskan dalam bahasa Sunda. Dilansir dari SMA Angkasa, artikel atawa pedaran nyaeta hiji karangan faktual (nonfiksi) ngeunaan hiji masalah sacara lengkep, anu panjangna teu tangtu, pikeun dimuat di media massa.

Baca Juga: 20 Tatarucingan Sunda dan Jawabannya, Lucu serta Menghibur!

Adapun contoh artikel bahasa Sunda beragam tema dikutip dari buku Budak Singer Kelas IV untuk SD/MI yakni sebagai berikut.

1. Awi Jeung Lingkungan Pilemburan

Kahirupan urang Sunda kacida raketna jeung awi. Malah awahing ku dalit, méh sabagéan gedé kahirupan henteu bisa leupas tina awi, utamana di pilemburan. Wangunan imah jeung kalengkepan hirup sapopoé loba anu dijieun tina awi.

Loba kénéh anu imahna maké bilik, cempéd, usuk, palupuh, atawa eréng. Ogé ngaran pakakas dapur kayaning boboko, aseupan, pipiti, cecempeh, téténong jeung hihid. Atuh di sagédéngeun éta ogé, di pilemburan mah masih loba kénéh
pancuran, bag-bagan, kélé, lodong, sigay, tarajé, carangka, sundung, lengke, jeujeur, bubu, posong, susug jeung badodon. Apan éta téh kabéhanana ogé tina awi.

Teu tinggaleun, awi ogé tétéla bisa jadi bahan pikeun waditra musik, saperti karinding, suling, toléat, keprak, angklung, calung, rengkong, jeung celempung. Rupaning seni tina awi, mibanda watek séwang-séwangan. Upama nataan mis angklung baé, apan aya sababaraha warna, saperti Angklung Buhun (Kanékés), Angklung Buhun Dogdog Lojor (Ciptagelar), Angklung Gubrag Bogor, Bangklung (Garut), Angklung Buncis (Bandung), Angklung Bungko (Cirebon). Iwal ti éta, aya seni Reak ti Sumedang, Bangkong Réang ti Bandung, Toléat ti Subang, jsté.

Awi téh ngaran salahsahiji tutuwuhan anu saban leunjeurna diwengku ku sababaraha ruas, buleud, kulitna heuras sarta buluna mérang. Sabagéan awi di antara dua buku disebut saruas. Aya anu sok nyebut "Ruas Bungbas". Maksudna téh ruas anu buku-bukuna dipiceun, jadi ngolowong kawas songsong. Anu panjang ruasanana disebut "lantas". Demi anu pondok ruasanana mah disebutna téh "Béké".

Iwal ti beunghar ku pungsi atawa kagunaan, awi ogé kaasup tutuwuhan anu beunghar ku ngaran. Geura baé, aya sawatara ngaran awi, anu dipikawanoh ku balaréa. Contona awi tali, awi gombong, Awi haur, awi tamiang, awl hideung, awi bitung, awi surat, jeung awi ater. Tumuwuhna awi ngaliwatan sirung anu sok disebat disebut rebung atawa iwung.

Eta sirung-sirung téh tumuwuh ngariung, kalayan sok disebut sadapuran. Ari sadapuran téh diwengku ku puluhan tangkal awi.

Baca Juga: 9 Sifat dan Kebiasaan Orang Sunda, Benarkah Tidak Suka Merantau?

2. Ngajénan Jasa Para Pahlawan

Radén Dewi Sartika téh pahlawan nasional wanoja ti tatar Sunda. Kungsi nyuprih pangarti di Eerste Klasse Inlandsche School, Bandung. Lahir di Bandung, 4 Désémber 1886. Pangna hareupna maké Radén, lantaran Déwi Sartika lahir ti kalangan ménak Priangan. Ramana Radén Rangga Somanagara, kungsi nyangking kalungguhan jadi Patih Bandung, satingkat handapeun bupati. Déwi Sartika téh turunan kalima Bupati Bandung Tumenggung Ardikusumah (1681-1704), Ibuna nyaéta Radén Ayu Rajapermas, puteri Bupati Bandung R.A. Wiranatakusumah IV (1846-1874)

Taun 1904, Radén Déwi Sartika ngadegkeun sakola husus pikeun wanoja anu dingaranan Sakola Istri. Ku ayana kamajuan Sakola Istri, anu dirojong ku pakumpulan anu dingaranan Kautamaan Istri, antukna dina taun 1910, sakolana ganti ngaran jadi Sakola Kautamaan Istri. Radén Déwi Sartika berjuang ngangkat harkat, martabat, jeung dara 2 kaum wanoja anu dihontal ngaliwatan atikan di sakola. Dina mangsa harita mah, wanoja téh dianggap teu penting nyuprih pangarti di sakalaan formal. Matakna, naon rupa nu dilakukeun ku Déwi Sartika téh mimitina mah loba nu nganggap anéh, teu saeutik ogé nu ngahalang- halang.

3. Hirup Berseka

Lamun urang hayang séhat, dina kahirupan sapopoé kudu dibiasakeun berséka. Ari berséka téh nyaéta titén kana kaberesihan awak jeung kaberesihan lingkungan. Misalna, mandi dua kali sapoé. Mandi gé henteu mandi oray, asal baseuh, atawa lantis caina baé. Tapi kudu ngaruru, sarta maké sabun mandi. Ngosok huntu kudu bener carana, maké sikat gigi jeung odol. Ulah dapon disikat wungkul.

Lian ti kudu miara kaberesihan diri, kaberesihan lingkungan tempat cicing gé mangaruhan pisan kana kaséhatan diri urang. Saupama lingkungan urang kotor, tangtu kaséhatan ogé bakal kapangaruhan. Misalna, imah nu teu maké péntilasi, bakal mangaruhan kana napas jalma nu nempatanana. Bisa jadi éta jalma bakal boga panyakit paru-paru. Nu leuwih parna ti éta, bisa katarajang panyakit TBC.

Baca Juga: 17 Pupuh Sunda dan Contohnya, Lengkap Guru Wilangan dan Guru Lagu

Demikian contoh artikel bahasa Sunda beragam tema. Semoga bermanfaat!

Baca berita update lainnya dari Sonora.ID di Google News

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm