6 Contoh Laporan Kegiatan Bahasa Sunda yang Sesuai dengan Ketentuan

25 Januari 2023 17:00 WIB
Contoh laporan kegiatan bahasa Sunda.
Contoh laporan kegiatan bahasa Sunda. ( Freepik.com)

Contoh 3
LAPORAN PERTANGGUNG JAWABAN KAGIATAN SABA BUDAYA KARANG TARUNA
A. KASANG TUKANG
Dumasar kana disusunna program kerja Karang Taruna ieu ogé kusabab sakumaha kauninga ku urang sadaya yén kawilang pentingna ieu kagiatan téh. Saperti kagiatan wisata anu parantos diayakeun ku urang sadaya, nu dina danget ieu nyaéta kagiatan wisata atanapi saba budaya.
Ngaliwatan kagiatan ieu, urang sadaya parantos kenging kasugemaan salaku pribadi Anggota sarta Pangurus Karang Taruna anu tos sakitu lamina ngalaksanakeun pancénna, diantarana ngalaksanakeun kagiatan rutin sejenna. Panginten masih seueur kakirangan dina ieu kagiatan.
B. TUJUAN KAGIATAN
Aya ogé tujuan diayakeunna ieu kagiatan téh nyaéta :
1. Nyugemakeun pribadi Anggota sarta Pengurus karang taruna
2. Nambah wawasan sarta numbuhkeun rasa silih ngahargaan antar anggota sarta Pengurus karang taruna
3. Ngenalkeun sarta nunjukkeun kakayaan budaya nyaéta pariwisata anu digaduhan ku urang supados nyiptakeun rasa tanggung jawab kanggo ngajaga sarta ngalestarikeunana.
C. NAMI KAGIATAN
Nami ieu kagiatan nyaéta “WISATA KARANG TARUNA …”
D. WAKTOS SARENG TEMPAT KAGIATAN
Kegiatan ieu insya allah badé dilaksanakeun dina:
Dinten :
Kaping :
E. PESERTA
Peserta dina ieu kagiatan nyaeta:
1. Panitia :
2. Peseta :
Jumlah Sadayana :
F. OBYEK WISATA
a. Pantai Parangtritis
b. Kaliurang
c. Malioboro
G. SUSUNAN PANITIA
Terlampir
H. RINCIAN ANGGARAN
Terlampir
PANUTUP
Sakitu laporan kagiatan anu tiasa di dugikeun supados tiasa diuninga ku pihak anu aya patalina sareng ieu kagiatan. Partisipasi, bantuan, sareng kerjasamana ogé ti unggal pihak anu parantos ngabantos kana suksesna ieu kagiatan, sim kuring ngahaturkeun rewu nuhun ka sadayana.
Lampiran I
SUSUNAN PANITIA
KAGIATAN WISATA KARANG TARUNA
1. Pelindung :
2. Pembina jeung penasehat :
3. Pupuhu Panitia :
4. Sekertaris :
5. Bendahara :
6. Seksi Acara :
7. Seksi Konsumsi :
8. Seksi P3K :
9. Seksi Pubdok :
Lampiran II
RINCIAN ANGGARAN
Pamasukan:
a. Kas Karang Taruna : Rp
b. Dana Peserta : Rp
c. Kontribusi Panitia : Rp
d. Sisa DP : Rp
Pangeluaran:
1. Travel bus : Rp
2. Kanggo sopir jeung kondektur : Rp
3. Tiket asup Pantai Parangtritis : Rp
4. Tiket asup Kaliurang : Rp
5. Parkir Bus 3 tempat (3 x Rp) : Rp.
6. Snack jeung Cai Aqua : Rp
7. ATK : Rp
8. Tambahan keur Sopir jeung Kondektur (Roko, jsb.) : Rp
9. Obat-obatan jeung P3K : Rp
10. Lain-lainna : Rp
Total Pengeluaran : Rp
TOTAL ANGGARAN :
Total Pemasukan - Total Pengeluaran : Rp...

Baca Juga: Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda 7 Orang, Si Koret Budak Koret

Contoh 4
LAPORAN KAGIATAN 17 AGUSTUSAN
BUBUKA

I. KASANG TUKANG
17 Agustus tèh mangrupa poè nu miboga sajarah pikeun bangsa Indonesia. Sababna 17 Agustus tèh Indonesia geus bebas ti panjajah nu geus ngajajah bangsa Indonesia. Kagiatan 17 Agustusan ieu tèh mangrupa kagiatan rutin nu diayakeun di saban taun di lembur ieu.
Puji sinareng sukur simkuring panjatkeun ka Allah SWT nganggo palaksanaan runtuyan sakabeh kagiatan Poé Kamerdikaan HUT RI nu ka ( ). Teu hilap hatur rewu nuhun ka sadaya jalmi anu parantos ngarojong sakabeh runtuyan dina ieu kagiatan sumanget Proklamasi Kamerdekaan 17Agustus 1945.
II. TUJUAN KAGIATAN
Nguatkeun tali silaturahmi antar wargi Desa (Ngaran lemburna).
Nguatkeun jiwa sportifitas di kalangan wargi.
Ngarayakeun kamerdekaan bangsa Indonesia
Ngahibur warga
III. WAKTOS JEUNG TEMPAT KAGIATAN
A. Mulai perlombaana :
• Kaping :
• Waktos :
• Tempat :
B. Acara sukuran HUT RI
• Kaping :
• Waktu :
• Tempa :
IV. MACAM KAGIATAN
A. Perlombaan keur murangkalih jeung dewasa
B. Acara syukuran HUT RI
Pamilon
Pamilon nu ngiluan ieu kagiatan tèh mangrupa warga lembur Selaawi jeung Rancabango, diantarana:
Balap kurupuk :
Balap kalèci :
Balap karung :
Balap sedotan karèt :
Balap nuang baso :
Balap botol kalèng :
Balap bakiak :
Balap niup balon :
Balap nèwak belut :
Jeung lomba saterusna...
Panitia :
Pupuhu :
Panata acara :
Girang serat :
Seksi acara :
Waragad
Ieu kagiatan tèh geus mèakkeun waragad Rp… Wincikan waragad :
Konsumsi
Hadiah
Pakakas
Riasan
Buburuh
Jumlah
V. PANUTUP
Alhamdulillah kagiatan 17 Agustusaan ti mimiti nepi ka akhir lumangsung lancar sarta mawa kabungahan ka sakabèh warga .... Mudah mudahan ieu laporan tèh bisa mawa manpaat sarta bisa dijadikeun conto keur ngalaksanakeun kagiatan nu sèjèn.
Sakitu laporan kagiatan anu tiasa ku sim kuring dugikeun supados tiasa diuninga ku pihak-pihak anu aya patalina sareng ieu kagiatan. Partisipasi, kerjasamana, bantuan ti unggal pihak anu parantos ngabantos kana suksesna ieu kagiatan, sim kuring ngahaturkeun nuhun kasadayana.

Contoh 5
LAPORAN KAGIATAN SALILA LIBURAN SAKOLA DI IMAH
BAB I
A. BUBUKA
1. Kasang tukang
Liburan semester mangrupakeun liburan anu diantos-antos ku sadaya siswa siswi, hususna di sakolaan abdi SMA/SMP.. Liburan ogé mangrupakeun wanci anu cocok pisan keur ngamangpaatkeun waktu lowong urang jeung kaluwarga di bumi. Sajaba ti éta, liburan ogé tiasa keur nyegeurkeun pikiran urang.
Ku ayana liburan sakola, tangtuna nyieun urang jadi bungah sabab loba waktu nu tiasa ku urang pake keur ameng sareng rerencangan, dulur, atawa kaluarga. Tapi, biasana pihak sakola ogé sok masihan pancen keur midamel tugas saperti contona "Laporan Kagiatan Tentang Liburan Sakola"
Pancen eta mangrupakeun pimaksud keur pertanggung jawaban urang salila liburan sakola di imah, naon baé kagiatan urang teh, jeung naon mangpaatna? Nah, dihandap ieu abdi bade ngabeberkeun sadaya kagiatan salila liburan sakola abdi.
B. Rumusan Masalah
1. Naon bae kagiatan anu dilakukeun ku urang salila liburan atawa pere sakola teh?
2. Naon wae mangpaat salila liburan sakola urang?
3. Maksad sarta tujuan
4. Kanggo nambah wawasan nu nulis jeung nu maca
BAB II
EUSI
Dina liburan sakola abdi ayeuna sabenerna sami bae sareng liburan sakola samemehna. Nyaeta seueuran di bumi jeung tara kamana-mana. Dikarnakeun liburan ayeuna memang kaluwarga abdi henteu ngarencanakeun acara liburan sakola kamana-mana, sabab padamelan pun bapa oge teu tiasa di tinggakkeun. Ku kituna, dina laporan kagiatan ieu abdi bade ngabagi dua kagiatan nu sok dilakukeun di bumi, saperti kagiatan sapopoe sarta kagiatan husus anu abdi lakukeun diluaran aktifitas di imah.
A. Kagiatan Sapopoe di Imah
Sedengkeun sababaraha kagiatan anu biasana abdi lakukeun keur ngeusian waktu lowong abdi nyaeta minangka:
Browsing
Browsing mangrupakeun salah sahiji kagiatan anu rada sering abdi lakukeun mun keur pere sakola. Biasana abdi sok ninggalian sareng maca website artikel, misalkeun jang referensi-referensi kanggo diajar online di imah nu sakirana mangpaat keur ngabantuan pancen di sakola engkena, biasana abdi sok bari lalajo tv mun kuer browsing teh.
Aktip di Media Sosial
Sepertos anu urang terang jaman ayeuna geus serba canggih sarta modern. Saperti diwidang komunikasi ayeuna anu beuki gampang, ampir sadaya jalmi tangtos ngagaduhan aplikasi keur komunikasi di hp, gadget, tab, laptop sarta anu lianna. Jadi pakakas komunikasi kasebat, seueur dipake kanggo komunikasi anu ngagunakeun koneksi internet sareng rerencangan.
Nah, kitu oge abdi sok aktip di sosial media, sepertos facebook, instagram, jeung whatsapp. Kabiasaan ieu supados abdi supaya teu jenuh lamun teu aya kegiatan laina. Biasana mun di sosmed mah abdi sok update status anyar atawa ngan ukur ningali status rerencangan.
Maca Buku
Ieu mangrupa salah sahiji kagiatan abdi anu tangtos tiasa masihan mangpaat. Abdi oge henteu hayang miceun waktu liburan sakola ngan ukur hulang huleng di imah teu puguh, jadi maca buku teh mangrupakeun salah sahiji karesep abdi. Sepertos anu urang terang yen maca buku teh mangrupa jandela dunya, mangka beuki urang rajin beuki seueur kauninga. Biasana abdi maos seueur buku, sanes ngan ukur buku palajaran wungkul, tapi seueur deui saperti buku SAINS, majalah, jeung novel-novel.
Beberes Imah
Kaberesihan mangrupakeun sabagian ti iman. Ku margi eta, abdi resep pisan ngajaga anu ngaranna kaberesihan supaya katingalina bersih, rapih jeung raos ditingali panon sarta sae kanggo kasehatan. Ku abab abdi awewe, anu tangtos ditungtut kanggo tiasa ngagawekeun sagala rupa pagawean imah, jadi tiasa ngabantuan pun emi.
Olah raga
Olahraga mangrupa salah sahiji kagiatan anu diperlukeun pisan ku salira. Janten, ulah teing ngaremehkeun olahraga, sabab ngagaduhan seueur mangpaat kanggo salira. Utamana keur rumaja sepertos abdi ieu, diperlukeun pisan olahraga supaya pisik tetep sehat saban aktifitas.
B. Kagiatan Husus atawa Sosial diluar Imah
Kagiatan husus atawa kagiatan sosial anu abdi lakukeun salila liburan kanggo ngeusian wanci lowong abdi nyaeta minangka:
Kagiatan Maulid Nabi Muhammad SAW
Salah sahiji kagiatan sosial anu abdi lakukeun basa liburan sakola keur kamari nyaeta ngiring partisipasi dina kagiatan maulid nabi Muhammad SAW di masjid nu caket sareng bumi abdi. Abdi nye'epkeun wanci apoean di masjid saperti ngabantos keur nyelenggarakeun kagiatan kasebat. Sarta alhamdulillah, wengina kagiatan kasebat lancar sepertos anu harepkeun.
Ngawulang Ngaji Murangkalih
Ieu sala sahiji pangalaman anu dedudeh nu mangrupakeun kagiatan nu rada berkesan keur abdi. Sabab basa liburan kamari abdi caritana silaturahmi ka pangajian hoyong silaturahmi ka ustadz guru ngaji abdi, sabab abdi pernah ngaji di pangajian eta. Saparantos rek uih, di sauran ku guru ngaji abdi saurna dititah ngabantosan ngajar murangkalih maos IQRO, mimitina da jiga ragu tapi alhamdulillah lancar dugi ka rengsena.
BAB III
PANUTUP
Sakitu bae laporan kagiatan abdi salila liburan sakola nu abdi lakukan, teu di rekayasa seutik oge. Manawi ngan ukur eta kagiatan di bumi jeung kagiatan sosial anu abdi lakukeun salila liburan semester sakola ayeuna. Mereun piboseneun atawa ngerakeun, tapi mudah-mudahan ieu tiasa jadi pangalaman anu moal abdi pohokeun.
Menta hapunten pikeun guru mun abdi henteu menyertakeun gambar dina seratan laporan kagiatan abdi ieu, dimargikeun abdi henteu sempet nyandak dokumentasi dina wanci kagiatan kasebat. Mugi-mugi laporan ieu tiasa masihan mangpaat kanggo anu macana sarta dipake sakumaha sakedahna.
Ahir seratan, abdi ngedalkeun Wilujeng lebet taun ajaran semester anyar, mugi-mugi di semester taun ajaran anyar ayeuna sadaya nu ku urang hoyong tiasa kahontal sarta masihan saniskanten kebagjaan kanggo sakumna kulawargi ageung di SMAN ..

Contoh 6
Laporan Kegiatan Acara Maulid Nabi
A. BUBUKA
1. Kasang tukang
Assalamu’alaikum Wr. Wb
Dina denget ieu simkuring salaku ketua panitia acara Maulid Nabi Muhammad SAW tahun 2022 bade ngadugikeun laporan hasil kagiatan Maulid nabi anu parantos dilaksanakan di sakola.
Diuninga, kegiatan Maulid Nabi atawa mieling poe kelahiran Nabi Muhammad SAW dilaksanakeun kaping 10-12 Rabiul Awal 1444 Hijriyah atanapi kaping 6-8 Oktober 2022.
Alhamdulillah acara Maulid Nabi 2022 ieu tiasa dilaksanakan kalayan lancar.
2. Tujuan
Tujuan kagiatan Maulid Nabi anu dipimaksad oge tiasa kacapi, nyaeta:
1. Ngalaksakeun pagtalunan sakolah dina raraga mileing Maulid Nabi
2. Ningkatkeun rasa solidaritas sareng partisipasi siswa dina acara Maulid Nabi
3. Ngajadikeun kagiatan Maulid Nabi pikeun ningkatkeun rasa cinta sareng momentum ngajikan Nabi Muhammad jadi teladan.
3. Pamilon
Alhamdulillah dina ieu acara sadaya murid kelas 7 dugi ka kelas 9 tiasa ngiring kalayan bingah.
B. EUSI
1. Hasil Kegiatan
Juara Lomba Maulid
Diana acara Maulid ie aya 6 lomba islami anu dilaksanakeun, ieu hasil juarana:
Juara Lomba Pidato Bahasa Sunda : Kelas 8
Juara Lomba Kaligrafi: Kelas 7
Juara Lomba Puisi Islami : kelas 8
Juara Lomba Adzan: kelas 9
Juara Lomba Dongeng Islami : Kelas 8
Juara Lomba Nyanyi Islami: kelas 9
Maka, anu janten juara umum dina raraga acara Maulid Nabi 2022 ieu nyaeta kelas 8.
2. Anggaran Waragad
Salajengna, anggaran waragad anu kaanggao dina ieu acara Maulid Nabi taun … totalnya Rp..
Rincian:
Hadiah Lomba Pidato Bahasa Sunda : Rp
Hadiah Lomba Kaligrafi : Rp
Hadiah Lomba Puisi Islami : Rp
Hadiah Lomba Adzan : Rp
Hadiah Lomba Dongeng Islami : Rp
Hadiah Lomba Nyanyi Islami : Rp
Konsumsi : Rp
Transportasi : Rp
Pakakas : Rp
Rupina sakitu laporan kagiatan acara Maulid Nabi taun … di sakola, mugia sagala kagiatan anu ku urang sadaya dilaksanakeun ageung manfaatna.
(Tempat), … 20..

Ketua Panitia.

Baca Juga: 5 Contoh Mukadimah Bahasa Sunda Singkat untuk Tarik Perhatian

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm