Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Sopan Santun yang Sesuai Struktur

28 Januari 2023 18:30 WIB
Contoh pidato bahasa Sunda tentang sopan santun.
Contoh pidato bahasa Sunda tentang sopan santun. ( Pixabay)

Rupina sakitu nu tiasa ku simkuring dugikeun, dicekapkeun sakitu anu kapihatur, hapunteun tina samudaya kaleptan.

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Contoh 2

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Alhamdulillah hayu urang ucapkeun babarengan tina sanes kanten kanikmatan ti Allah SWT pasihkeun ka urang sadaya timimiti nikmat iman islamna dugika nikmat sehat jadi lantaran urang sadaya tiasa kumpul ngariung dina waktos ayeuna.

Sholawat miwah salam, ditujukeun langsung ka jungjunan agung baginda alam Nabi besar Muhammad SAW.

Hadirin rahimakumullah

Ngadegna simkuring ayeuna sanes bade naon-naon deui iwal ti mertelakeun perkara penting, nu satiap jalma kudu gaduh dina dirina.

Nu teu lain nyaeta sopan sareng santun. Dua kata ieu tos seer di pohokeun, kata nu babari nalika diucapkeun can nangtukeun babari oge ngajalankeun na.

Sopan sareng santun kata nu beda mung bakal jadi endah mun di rendengkeun, akhlak anu sae pikeun dijalankeun.

Di zaman kiwari mendak jalmi anu ngagaduhan dua akhlak eta teh rasa hese kulantaran tos jarangna dipake.

Dina migawe kahadean butuh elmu sareng guru, lian ti dua eta butuh oge akhlak nu hade, sangkan dina migawe teu salah jeung bener tujuan na.

Baca Juga: 6 Contoh Laporan Kegiatan Bahasa Sunda yang Sesuai dengan Ketentuan

Kasopanan kanu jadi kolot tong disaruakeun pikeun kasopanan kanu jadi babaturan, gaduh takeran sareng penilaian na sorangan-sorangan.

Kiwari tos seer kajadian budak nu wani maehan kanu jadi kolot lantaran perkara sepele, emosi jeng kaelingna tos lengit kaelehkeun ku hawa nafsu lantaran nuturkeun zaman nu beuki edan.

Teu bisa-bisa teuing diri ngajaga mah bakal babari kabawa. Tingkah sareng lampah urang ka batur kudu sing hade tong sangeunahna nepi euweuh sopan sareng santunna.

Saestuna gusti Allah mah mikaresep ka jalma nu migawe kahadean dina ucap sareng lampahna.

Ku kituna hayu urang sasarengan elingkeun deui diri sorangan pikeun ngajauhan perkara-perkara teu hade, urang tekadkeun sangkan jadi jalma anu sholeh hate, teu mikanyeri ka batur ku ucapan atawa lampah, mere kabungahan ku sopan jeung santun ka sasama.

Sakitu nu kapihatur dina waktos ayeuna, kirang langkungna nyuhunkeun dihapunten.

Wassalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Contoh 3

Assalamualaikum.wr.wb

Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana.

Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.

Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna "Tata Krama Dina Sosial".

Sapertos anu urang sadayana terang upami Tata Krama teh omat penting dina kahirupan sapopoe.

Aya macem-macem dina jenis tata krama teh contona,Tata krama nu dipake ku palajar.

Tata krama nu dipake kupalajar teh kudu aya etika nu hade, leuwih-leuwih ka jalmi anu kudu dipihormat nyaeta, kolot, guru jsb.

Lamun kanu luhuren mah kedah ngangge bahasa hormat.

Beda deui sareng babaturan,lamun jeung babaturan mah ngangge basa loma wios,bahasa hormat wios.

Tapi nu alus na mah ngangge bahasa hormat sadaya meh anjeuna sareng ka kuring na saling mihormat.

Barudak !! Sadayana !!, Tata krama mangrupakeun modal awal urang jeung ditarima dina makhluk sosial.

Tata krama loba pisan mangpaatna contona,Modal kahiji dina kahirupan sosial,nu tiasa tata krama nu bener bakal gampang dina gaulna.

Barudak !! Punten sagala hormat kumargi aya kakirangannana.

Sakitu anu kapihatur anu tiasa ku simkuring dugikeun,Kirang sareng langkungna nyuhunkeun dihapunten.

Wassalamualaikum wr. wb.

Baca Juga: 40 Kata-Kata Pepatah Sunda dan Artinya, Berisi Paribasa Kahirupan

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm