3 Contoh Ceramah Bahasa Sunda dengan Berbagai Topik untuk Referensi!

1 Maret 2023 14:15 WIB
Contoh ceramah bahasa Sunda
Contoh ceramah bahasa Sunda ( )

Allah ta'ala ma'rifat sarta ngajangjikeun ka saha-saha anu ngahijikeun iman jeung amal soleh jeung kahirupan anu hade di dunya ieu.

Jeung Allah oge bakal ngaganjar jalma-jalma anu kuat iman jeung amal soleh.

Ku kituna hayu urang sami-sami ngalaksanakeun amal soleh, sapertos sholat, puasa, maos Al Qur'an, sareng sajabana.

Mugia Allah maparin ganjaran ka urang, sareng supados tiasa lebet surga.

Aamiin Ya Rabb semesta alam.

Ieu sadayana abdi tiasa nyarios.

Wallahul Muwafieq Ilaa Aqwamit Tharieq

Wassalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh

Baca Juga: 3 Contoh Teks Ceramah Tentang Persoalan Dunia Remaja, Mampu Mengetuk Hati

3. Contoh ceramah bahasa Sunda tentang shalat

Assalamualaikum wr wb.

Innal hamdalilah wasolatu wasalamu ala rosulilah saidina Muhammad ibni abdilah waala alihi wasohbihi wamawalah (amma ba’du).

Hadirin anu dipikahormat para alim ulama, para hujajul ustad miwah ustadah, anu ku pribados di pikahormat anu insya alloh ku alloh di mulyakeun.

Oge teu hilap ka bapa bapa, ibu ibu warga sadaya anu ku pribados di pikahormat anu insya alloh ku alloh di mulyakeun.

Tina saba’dana simkuring nyanggakeun tahiyatul islamiyah
anu jadi kahurmatan

Puji miwah syukur urang sanggakeun ka Alloh SWT anu alhamdulilah kalayan takdir timantena urang sadaya tiasa ruing mungpulung patepung lawung patepang wajah dina tempat anu barokah.

Anu mudah mudahan ieu riungan teh sing ngajantenkeun hiji wasilah ngengingkeun safaatul udma dina poe kiamah amin ya alloh ya robal alamin.

Oge rohmat miwah salam mugia salalamina dicurah tur dilimpah kapaduka rosul wastana kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Teu hilap ka para keluargana, sahabatna, tabiina, oge mudah mudahan eta rohmat teh dugi ka urang sadayana amiin ya alloh ya robal alamin.

Hadirin anu dipikahormat dina denget ayeuna sim kuring bade ngabahas "Konci Surga Nyaeta Sholat".

Sabab kabeh jalma pasti hayang asup ka surga, sabab engke pangbalikan di akherat ngan aya 2 nyaeta surga jeung naraka.

Moal bisa asup urang ka surga lamun teu boga koncina. Ngan naon atuh ari koncina surga teh?

Sakumaha pidauh Rosul:

مِفْتَاحُ الْجَنَّةِ الصَّلاَةُ

Miftaahul Jannati As Sholaah

Hartosna: Kunci surga nyaeta shalat (HR Ahmad).

Tah jadi koncina surga teh nya eta sholat sabab:

Inna sholata anilfahsya iwal munkar

Sholat teh ngajauhkeun tina perbuatan keji jeung mungkar.

Matak insya alloh lamun urang jauh tina pamungkaran jauh tina larangan alloh urang insya alloh asup ka surga.

Baca Juga: Contoh Teks Ceramah Singkat Ramadhan untuk Anak SD Beserta Dalil

Matak jaga sholat urang jeng kudu bener urang sholatna ulah gereges gedebug mikum mikum gajleng, sing nyatai solatna sing khusyu.

Da erek asup ka surga kumaha lamun teu sholat mah, pan sholat teh mangrupakeun kawajiban.

Dina nalika urang teu ngalaksanakeun, dosa hukumna jeung naraka bagean nana.

Rukun islam anu kadua teh sholat, lain ge islam lamun teu sholat mah ngarana teh islam ktp, ngan dina ktp we hungkul islamna teh.

Tah urang mah ulah kitu lakonan sakabeh pagawean umat islam pang pangna sholat jeung jauhan sagala laranganna.

Meh urang teh jadi jalma anu takwa, mun harayang asup ka surga matak kudu sarolat anu balener.

Ari hayang asup ka surga tapi ieu mag lolobana kasibukeun we ku perkara duniawi nepikeun ka poho kana ibadah.

Husyu maen sosmed, husyu main game, husyu ku pagawean nepikeun ka ninggalkeun sholat. Nauzubilah.

Nya matak rek deket kumaha eta surga lamun urang lalai keneh dina sholat mah.

Numatak hayu urang sadaya getolan kana ibadah urang, utamana dina sholat sing tarepat waktu.

Mudah mudahan ku ieu cariosan anu sakedik tiasa nambihan kana kasumangetan urang kana ibadah utamana sholat lima waktu. amin ya alloh ya robal alamin.

Hadirin anu dipikahormat moal seueur anu dicarioskeun kirang langkungna simkuring nyuhunkeun dihapunten.

Wabilahi taufik walhidayah. Waasalamualaikum wr wb.

Itulah beberapa contoh ceramah bahasa Sunda.

Semoga bermanfaat!


Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News

 

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm