3 Contoh Ceramah Bahasa Sunda dengan Berbagai Topik untuk Referensi!

1 Maret 2023 14:15 WIB
Contoh ceramah bahasa Sunda
Contoh ceramah bahasa Sunda ( )

Sonora.ID – Ceramah adalah salah satu macam pidato yang bertujuan untuk memberikan nasihat atau petunjuk. Berikut ini adalah beberapa contoh ceramah bahasa Sunda.

Ceramah bahasa Sunda bisa diartikan juga biantara atau pidato, hanya beda bahasa dan istilahnya saja, inti dan isinya hampir sama.

Ceramah biasanya berisi informasi yang mengajak pendengar agar mengikuti apa yang sudah penceramah sampaikan supaya keyakinan pendengar makin bertambah guna melakukan sesuatu ke arah yang lebih baik lagi.

Di bawah ini adalah contoh biantara singget atau contoh ceramah Bahasa Sunda menyentuh hati dan memuat banyak pesan, dapat dijadikan rujukan atau referensi dalam pembuatan teks ceramah bahasa Sunda.

Baca Juga: 3 Contoh Kultum Singkat tentang Kebaikan Lengkap dengan Dalil

1. Contoh ceramah bahasa Sunda tentang sabar

Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Alhamdulillahi rabbil’aalamiin, wash-sholaatu wassalaamu ‘ala isyrofil anbiyaai walmursaliin, wa’alaa alihi washohbihii ajma’iin ammaba’adu.

Puji sinareng sukur hayu urang panjatkeun ka hadirat Allah SWT, mugia salawasna urang sadayana dipaparin hidayah sareng pituduh ku Allah SWT.

Teu hilap sholawat sinareng salam mugia salamina dilimpahkeun ka jungjunan alam Nabi Muhammad SAW, kangge kulawargina, sahabatnya, tabiut tabiin, sareng urang sadaya salaku umatna, mugia syafaatna tiasa dugi ka urang sadaya di yaumul akhir.

Para ibu sareng bapak anu ku simkuring dipikahormat,

Dina kasempetan ieu sim kuring bade ngadugikeun biantara singget perkawis sabar.

Urang sadaya tangtos terang naon éta sikap sabar atanapi kasabaran, kecap ieu basajan namung rada hese dilarapkeun dina kahirupan sapopoe, tapi tangtosna urang kedah nyobian napelkeunana dina diri urang.

Naon hartina sikap sabar atanapi kasabaran teh? Nurutkeun kana basa, kecap sabar téh dicandak tina kecap basa Arab al-shabru anu hartosna nahan diri tina ngeluh atanapi ngangluh, sedengkeun dina Kamus Besar Bahasa Indonesia, sabar dihartikeun teu gampil jengkel, teu gampil nyerah, janglar jeung tabah dina nyanghareunan sagala kasusah.

Pernah teu urang umpamana naros ka diri urang sapertos 'kunaon kedah jadi jalma sabar?' Jawabana teh kumargi kahirupan urang teh teu salawasna éndah, mun diibaratkeun hirup urang téh kawas roler koster, kadang urang aya di luhur jeung kadang di handap.

Nalika di handap, sakapeung sigana roler koster teh leungit sababaraha baudna sareng komponenana meureun, janten urang teh calik we di handap, hese bade naek deui teh.

Tah kumargi hirup teh teu salawasna bakal sugema, nya urang kedah salawasna ngagaduhan sifat sabar, terus kerja keras bari nyuhunkeun pitulung ka Gusti Allah SWT.

Perkawis sabar teh seueur pisan disinggung sareng dibahas dina Al Qur'an, salah sahijina dina Qur'an surat Al-Baqarah ayat 153, Alloh ngadawuh:

يٰٓاَيُّهَاالَّذِيْنَاٰمَنُوااسْتَعِيْنُوْابِالصَّبْرِوَالصَّلٰوةِۗاِنَّاللّٰهَمَعَالصّٰبِرِيْنَ

''Hey jalma-jalma anu iman! Nyuhunkeun pitulung (ka Alloh) kalayan sabar sareng sholat. Saéstuna Alloh marengan jalma-jalma anu sabar.’’ (QS. Al-Baqarah: 153).

Dina ayat ieu jelas pisan yén urang teh kedah nyuhunkeun pitulung ka Allah, jalanna nyaéta sabar sareng ngado'a sabab Allah SWT salawasna marengan jalmi anu sabar.

kabagjaan teu salawasna aya dina kahirupan, pasti sadayana ngalaman pasang surut, kadang senang, kadang susah, tah nalika susah urang kudu leuwih sabar.

Dina Q.S. Al-Baqarah ayat 155 Alloh SWT ngadawuh,

وَلَنَبْلُوَنَّكُمْ بِشَيْءٍ مِّنَ الْخَوْفِ وَالْجُوْعِ وَنَقْصٍ مِّنَ الْاَمْوَالِ وَالْاَنْفُسِ

"Sareng leres Kami bakal masihan uji coba ku kasieun, rasa lapar, sareng kurangna harta sareng buah. Sareng pasihan warta anu saé pikeun jalma anu sabar. " (QS. Al-Baqarah: 155).

Nanemkeun kasabaran teh teu gampang, tapi urang kudu ngalakukeun jeung ngamalkeunana, ti ayeuna hayu urang biasakeun ngalarapkeun kasabaran sangkan urang biasa, sabab dina kahirupan ieu urang pasti bakal diuji ku Allah SWT.

Sakitu ceramah singkat anu tiasa didugikeun ku simkuring saparakanca ngeunaan kasabaran, mugia aya mangfaatna anu tiasa diteuleuman, hapunten tina samudaya kalepatan sareng kakirangana.

Wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Baca Juga: 30 Judul Ceramah yang Menarik untuk Remaja, Lengkap Berbagai Tema 

2. Contoh ceramah bahasa Sunda tentang iman dan amal soleh

Assalamu'alaikum Warahmatullah Wabarakatuh

Bismillah, Alhamdulillah

Alhamdulillahirobbil Alamin, wabihi nastainu ala umuriddunia wa din.

Wassolatu wassalamu ala Sayyidina Wamaulana Wasyafi'ina Wahabibina Muhammad Rasulillah wala alihi washohbih, waman tabi'a sunnatihi wajama'atah min yaumina hadza ila yaumi nahdhoh.  

Alhamdulillahilladzi nazzalal furqoon 'ala' 'abdihi liyakunu lil 'alamina nadziron. Wa ataahullahul mulka wal hikmata Wa 'allamahu mimmaa yasyaa'u. Wa man yu'til hikmata faqod utiya khoiron katsiron.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah S.W.T., margi parantos maparin ni’mat ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa hadir di ieu tempat anu ku urang dipikacinta.

Saterusna sholawat sinareng salam urang sanggakeun ka jungjungan Nabi Muhammad S.A.W. margi parantos ngantunkeun urang tina alam jahiliyah ka alam islamiyah sakumaha anu dirasakeun dina waktos ieu.

Gelar budaya urang dina kasempetan ieu nyaéta: Iman jeung amal soleh

Allah SWT ngadawuh dina surat An-Nahl ayat 97

Man ‘amila ṣāliḥam min żakarin au unṡā wa huwa mu'minun fa lanuḥyiyannahū ḥayātan ṭayyibah(tan), wa lanajziyannahum ajrahum bi'aḥsani mā kānū ya‘malūn(a).

Siapa yang mengerjakan kebajikan, baik laki-laki maupun perempuan, sedangkan dia seorang mukmin, sungguh, Kami pasti akan berikan kepadanya kehidupan yang baik dan akan Kami beri balasan dengan pahala yang lebih baik daripada apa yang selalu mereka kerjakan. (An-Nahl: 97)

Allah ta'ala ma'rifat sarta ngajangjikeun ka saha-saha anu ngahijikeun iman jeung amal soleh jeung kahirupan anu hade di dunya ieu.

Jeung Allah oge bakal ngaganjar jalma-jalma anu kuat iman jeung amal soleh.

Ku kituna hayu urang sami-sami ngalaksanakeun amal soleh, sapertos sholat, puasa, maos Al Qur'an, sareng sajabana.

Mugia Allah maparin ganjaran ka urang, sareng supados tiasa lebet surga.

Aamiin Ya Rabb semesta alam.

Ieu sadayana abdi tiasa nyarios.

Wallahul Muwafieq Ilaa Aqwamit Tharieq

Wassalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh

Baca Juga: 3 Contoh Teks Ceramah Tentang Persoalan Dunia Remaja, Mampu Mengetuk Hati

3. Contoh ceramah bahasa Sunda tentang shalat

Assalamualaikum wr wb.

Innal hamdalilah wasolatu wasalamu ala rosulilah saidina Muhammad ibni abdilah waala alihi wasohbihi wamawalah (amma ba’du).

Hadirin anu dipikahormat para alim ulama, para hujajul ustad miwah ustadah, anu ku pribados di pikahormat anu insya alloh ku alloh di mulyakeun.

Oge teu hilap ka bapa bapa, ibu ibu warga sadaya anu ku pribados di pikahormat anu insya alloh ku alloh di mulyakeun.

Tina saba’dana simkuring nyanggakeun tahiyatul islamiyah
anu jadi kahurmatan

Puji miwah syukur urang sanggakeun ka Alloh SWT anu alhamdulilah kalayan takdir timantena urang sadaya tiasa ruing mungpulung patepung lawung patepang wajah dina tempat anu barokah.

Anu mudah mudahan ieu riungan teh sing ngajantenkeun hiji wasilah ngengingkeun safaatul udma dina poe kiamah amin ya alloh ya robal alamin.

Oge rohmat miwah salam mugia salalamina dicurah tur dilimpah kapaduka rosul wastana kangjeng Nabi Muhammad SAW.

Teu hilap ka para keluargana, sahabatna, tabiina, oge mudah mudahan eta rohmat teh dugi ka urang sadayana amiin ya alloh ya robal alamin.

Hadirin anu dipikahormat dina denget ayeuna sim kuring bade ngabahas "Konci Surga Nyaeta Sholat".

Sabab kabeh jalma pasti hayang asup ka surga, sabab engke pangbalikan di akherat ngan aya 2 nyaeta surga jeung naraka.

Moal bisa asup urang ka surga lamun teu boga koncina. Ngan naon atuh ari koncina surga teh?

Sakumaha pidauh Rosul:

مِفْتَاحُ الْجَنَّةِ الصَّلاَةُ

Miftaahul Jannati As Sholaah

Hartosna: Kunci surga nyaeta shalat (HR Ahmad).

Tah jadi koncina surga teh nya eta sholat sabab:

Inna sholata anilfahsya iwal munkar

Sholat teh ngajauhkeun tina perbuatan keji jeung mungkar.

Matak insya alloh lamun urang jauh tina pamungkaran jauh tina larangan alloh urang insya alloh asup ka surga.

Baca Juga: Contoh Teks Ceramah Singkat Ramadhan untuk Anak SD Beserta Dalil

Matak jaga sholat urang jeng kudu bener urang sholatna ulah gereges gedebug mikum mikum gajleng, sing nyatai solatna sing khusyu.

Da erek asup ka surga kumaha lamun teu sholat mah, pan sholat teh mangrupakeun kawajiban.

Dina nalika urang teu ngalaksanakeun, dosa hukumna jeung naraka bagean nana.

Rukun islam anu kadua teh sholat, lain ge islam lamun teu sholat mah ngarana teh islam ktp, ngan dina ktp we hungkul islamna teh.

Tah urang mah ulah kitu lakonan sakabeh pagawean umat islam pang pangna sholat jeung jauhan sagala laranganna.

Meh urang teh jadi jalma anu takwa, mun harayang asup ka surga matak kudu sarolat anu balener.

Ari hayang asup ka surga tapi ieu mag lolobana kasibukeun we ku perkara duniawi nepikeun ka poho kana ibadah.

Husyu maen sosmed, husyu main game, husyu ku pagawean nepikeun ka ninggalkeun sholat. Nauzubilah.

Nya matak rek deket kumaha eta surga lamun urang lalai keneh dina sholat mah.

Numatak hayu urang sadaya getolan kana ibadah urang, utamana dina sholat sing tarepat waktu.

Mudah mudahan ku ieu cariosan anu sakedik tiasa nambihan kana kasumangetan urang kana ibadah utamana sholat lima waktu. amin ya alloh ya robal alamin.

Hadirin anu dipikahormat moal seueur anu dicarioskeun kirang langkungna simkuring nyuhunkeun dihapunten.

Wabilahi taufik walhidayah. Waasalamualaikum wr wb.

Itulah beberapa contoh ceramah bahasa Sunda.

Semoga bermanfaat!


Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News

 

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm