9 Contoh Biantara Sunda Singkat Berbagai Tema, Lengkap!

9 Agustus 2023 15:00 WIB
9 Contoh Biantara Sunda Singkat Berbagai Tema, Lengkap!
9 Contoh Biantara Sunda Singkat Berbagai Tema, Lengkap! ( Freepik.com)

Naon margina? Kumargi, basa Sunda téh basa daérah anu kaasup kana kabudayaan daérah. Basa Sunda téh basa anu diagungkeun ku urang Sunda.

Jalaran urang sadaya putra daérah seuweusiwi Pasundan, nu matak wajib ngamumulé basa Sunda dina kahirupan sapopoé.

Namung, hanjakalna dina mangsa kiwari basa Sunda anu kasohor daria téh tos méh-méhan teu diadaban ku para nonoman.

Tah, nilik kaayaan kitu, urang salaku bibitbuit Ki Sunda kedah kumaha atuh? Dina perkara ieu pisan, sim kuring baris babalagonjangan ngadugikeun pamadegan sim kuring.

Para hadirin nu dipikahormat. Urang salaku seuweu-siwi Siliwangi kedah ngagunakeun basa Sunda dina kahirupan sapopoé.

Numatak ayeuna mah Di Piharep sakumna Kabupatén nuaya di sabudeureun tatar sunda ngarintis sadaya lembaga kaasup sakola, yén dina saminggu téh aya poé basa Sunda.

Dina lebah dieu pisan sim kuring umajak ka sadayana, hayu urang rojong ieu program téh, urang biasakeun nyarita ku basa Sunda.

Da kapan, geuning tacan sakum sakola di tatar sunda ngarojong kana ieu program, malihan, aya sakola teu teu apal-apal acan kana éta program téh.

Saupama sakumna sakola ngarojong tur ngalaksanakeun ieu program, tangtos baé tarékah miara jeung ngamumulé basa Sunda téh langkung ronjat.

Prak! Urang rampak gawé babarengan ngahudagkeun deui komara basa Sunda wewengkon tatar sunda

Saupama lain ku urang dipiara dimumulé, badé ku saha deui basa Sunda dijagadiraksa?
Naha urang téga jolédar ka basa indung urang sorangan?

Saupama leungit basa Sunda, tangtu leungit ogé budaya jeung jati diri urang Sunda.

Ampun paralun teu pisan-pisan seja mapatahan ngojay ka meri, utamina ka para budayawan katut inohong basa Sunda.

Ieu mah pilakadar tawis asih ti nonoman nu buta tulang buta daging, nu ngaraos cinta tur reueus ka basa jeung lemah caina. Cag.

Wallahul Muwafieq Ila Aqwamith Tharieq Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

5. Pidato Bahasa Sunda tentang Sopan Santun

Assalamualaikum warrahmatulohi wabarakattuh.

Wassolatu wassalamu ‘ala sayyidina Muhammadin, wa’ala alihi wasohbihi wasallam. Robbi sohli sodri wayasirli amri, wahlul ukdata min lisani yafkohu qowli.

Puji sareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh Subhanahu Wata’ala, anu parantos masihan rahmat sareng hidayahna kanggo urang sadayana, margi urang tiasa ngumpul ngariung di tempat anu dimulyakeun ieu.

Teu hilap solawat sareung salam urang curahkeun ka junjunan sadayana nyaeta kanjeng Nabi Muhammad Sholallohu ‘Alaihi Wasallam.

Bapa/ibu anu dipikahormat, sareung sadayana rerencangan anu dipikaheman tur dipikadeudeuh, dina kasempatan ieu, abdi bade nyandak biantara anu tema na teh sopan santun.

Sopan santun teh nyaeta salah sahiji adab anu kedah aya dina diri urang. Sabab, pami urang sopan sareung santun, komo ka anu saluhureun mah, anu pentingna mah ka ibu rama, pasti bakal dipikaresep, dipikaheman, sareung dipikadeudeuh.

Sopan santun oge bakal nyandak hal positif sareung manfaat kanggo diri urang sadayana. Salah sahijina dina kahirupan sapopoena.

Contoh sopan santun dina kahirupan sapopoe nyaeta hormat ka ibu rama, ka guru, sareng anu saluhureun, paripolah anu sae, tutur bahasa anu sae, patuh kana sagala aturan, jeung sajabana.

Rupina biantara singket ti abdi oge dianggap cekap, kalawan ditutup ku pantun:

Buah tomat, buah peuteuy

Tamat euyyy

Akhirul kalam, Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Baca Juga: 15 Contoh Pidato Kemerdekaan 17 Agustus, Singkat namun Membangkitkan Semangat! 

6. Contoh Biantara Sunda Pendek tentang Pendidikan

Assalamualaikum warrahmatulohi wabarakattuh.

Alhamdulillahirabbil’alamin, langkung tipayun hayu urang sadaya panjatkeun puji sinareng syukur ka gusti Allah SWT anu parantos masihan nikmat ka urang sadaya kalayan nikmat ti gusti Allah urang sadaya tiasa kumpul dina ieu acara.

Shalawat sareng salam hayu urang curah limpahkan ka junjungan urang sadaya buktosna kanjeng Nabi Muhammad SAW, mudah-mudahan urang sadaya diaku umat ku kanjeng Nabi dina dinteunan kiamat.

Hadirin Rahimakumullah

Ngadegna abdi didieu bade ngadugikeun biantara anu judulna ngeunaan ‘pendidikan’.

Para hadirin sadaya, tangtosna urang sadaya terang pendidikan mangrupakeun pilar anu penting dina kahirupan urang sadaya, sabab jalmi anu berpendidikan bakal mendakan kabagjaan dina kahirupan.

Pendidikan mangrupakeun salah sawios wasilah pikeun urang sadaya milari ilmu anu manfaat kangge diri sareng manfaat kangge umat.

Seer pisan kautamaan pikeun jalmi anu ngagaduhan ilmu diantarana gusti Allah SWT bakal ngangkat derajat jalmi anu berilmu.

Kumargi kitu, hayu urang sadaya utamakeun pendidikan sangkan urang sadaya tiasa jadi jalmi anu berilmu tur tiasa jadi jalmi anu ngamalkeun kana ilmu.

Hayu urang sadaya ngajadikeun pendidikan sanes saukur formalitas tapi hayu urang sadaya jadikeun pendidikan salaku identitas kangge diri urang sangkan urang sadaya mendak kabagjaan dina kahirupan dunia sareng kahirupan akhirat.

Sakitu bae anu tiasa ku simkuring didugikeun mudah-mudahan anu didugikeun tiasa dicandak manfaatna, sareng hayu urang sami-sami tekadkeun dina diri urang sadaya sangkan urang sadaya tiasa jadi jalmi anu berpendidikan tur tiasa masih manfaat tina hasil pendidikan eta.

Wabillahi Taufik wal Hidayah

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

7. Contoh Teks Biantara Bahasa Sunda tentang Kesehatan

Wilujeng enjing ka sadayana, urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT nu atos masihan kasempatan sareng kasehatan. Nu mana urg tiasa patepang raray di acara ieu.

Ibu/Bapak guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, para wargi anu dipikahormat ku simkuring.

Dina waktos ieu abdi bade ngadugikeun pentingna urang ngajaga kasehatan kanggo hirup urang sadayana.

Urang sadaya wajib ngajaga kasehatan sareng kabersihan lingkungan, teras urang teh kedah ngalaksanakeun hirup sadidinten jeung cara anu sehat.

Misalna meresihan awak pas urang keur ibak, meresihan kuku, nyikat waos anu rutin, jeung sajabana. Tah eta teh conto cara hirup nu sehat.

Conto anu sanesna urang kedah miceun runtah di tempatna, teu kenging sembarangan, terus lamun nyiduh ulah di mana wae, batuk atawa beresin ge kudu nutupan bahan ambeh henteu nularkeun virus ka batur.

Urang teh kedah mikacinta kanu kabersihan diri urang, sangkan hate urang ge suci jeung bersih.

Lamun urang hoyong janten jalmi anu jagjag waringkas, urang kedah soson-soson meresihan diri urang sorangan tina sagala kotor nu aya.

Bade eta kotor jasmani atanapi kotor rohani, upami meresihan kokotor jasmani urang teh kedah mineng mandi, meresihan lingkungan, jeung sagala kokotor anu bisa nyebabkeun panyakit di diri urang.

Tuluy kumaha lamun bade meresihan kokotor rohani, carana nyaeta urang kudu ningkatkeun kaimanan urang jeung ibadah urang ka Gusti Allah. Ngan anu kudu diinget teh, sehat lain saukur bersih hungkul.

Tapi urang kedah ngagerakeun jasmani urang nu matak ngajagjagkeun diri urang. Misalnya urang rajin olahraga.

Hadirin sadayana cekap sakitu pidato tentang kasehatan ieu, hatur nuhun kana perhatosanana.

Waalaikum salam Wr.Wb.

Baca Juga: 15 Contoh Pidato Kemerdekaan 17 Agustus, Singkat namun Membangkitkan Semangat!

8. Biantara Sunda tentang Agama

Assalamualaikum Wr. Wb.

Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu Maha Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.

Hadirin anu dipikahormat, 

Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT. Selain ti eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa kajadian nu aya bumi ieu teh, tos diatur ku Allah SWT. Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran urang, salila urang hirup di dunia. Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh, ngarupakeun katetepan ti Allah SWT. Jadi urang teh kudu tawakal, da sagala rupina ge tos aya izin ti Allah SWT. Urang sadaya moal tiasa ngahindar ti katetapan Allah SWT, deuk nu hade deuk nu goreng.

Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.

Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun kanikmatan ti Allah SWT, sareng ngadorong urang bersyukur ka Allah SWT salawasna. Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di hate abdi nyuhunkeun dihapunten.

9. Biantara Sunda tentang Ulang Tahun Yayasan

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bapa miwah Ibu, sareng hadirin hormateun sim kuring. Wilujeng enjing Dina raraga miéling milangkala Yayasan Atikan, anu kadua puluh dua taun. Insya Alloh bakal dieusi ku sababaraha kagiatan, nyaéta Pasanggiri Biantara Basa Sunda sareng pasanggiri Jaipongan.

Dina émutan sim kuring, henteu aya lepatna upami ngalangkungan seni, sadayana sauyunan ngabingbing atanapi ngageuing para pamuda. Anu janten udagan, supados para pamuda téh tiasa ngajénan basa sareng seni titinggal karuhunna. Malah dugi ka tiasa numuwuhkeun kreatifitas-na. Ari sanés ayeuna iraha deui atuh. Sareng ari sanés ku urang mah atuh ku saha deui tradisi budaya Sunda téh diajénan. Bangsa deungeun ogé seueur mu katarik ningali pintonan kasenian Sunda téh. Dugi ka di nagrina mah, seueur siswa nu dialajar gamelan sagala rupi.

Pamungkas, tangtos baé dina lumangsungna ieu kagiatan, seueur kénéh kakiranganana, kukituna hapunten anu diteda. Henteu hilap, sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Bapa Ketua Yayasan, Bapa Kapala Sakola, anu parantos ngaping sareng ngabingbing sim kuring saparakanca. Mugi-mugi sadaya amalna kénging pangbales anu langkung ageung ti Alloh SWT

 Baca Juga: Contoh Pidato 17 Agustus Sekolah Dasar, Singkat dan Mudah Dihafal!

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm