10 Contoh Pidato Bahasa Sunda Singkat Berbagai Tema, Mudah Dihafal

11 Agustus 2023 14:05 WIB
Ilustrasi pidato
Ilustrasi pidato ( Freepik)

Sonora.ID – Berikut ini sederet contoh pidato bahasa Sunda singkat yang bisa dijadikan sebagai referensi.

Pidato dalam masyarakat Sunda disebut dengan istilah biantara.

Pidato umumnya digunakan untuk acara-acara besar di mana berisikan pesan-pesan positif dan inspiratif kepada khalayak.

Sonora.ID merangkum beberapa contoh pidato bahasa Sunda singkat berikut ini:

1. Contoh pidato Bahasa Sunda Singkat

Assalamualaikum wr. Wb

Manga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, nu di mana dina kasempatan ieu urang sadayan atos dipasihan kasempatan kempel sareng dina kaayaan sehat walafiat.

Hadirin sadaya anu dipikahormat ku simkuring, henteu karaos nya tos 6 taun geningan urang aya didie. Anu disebatkeun nuju menuntut ilmu. Ayena saleresna urang sadaya teh bakal papisah, ti sakola ieu. Mugia naon anu diajarkeun ku Bapak sareng Ibu guru teh, tiasa dimanfaatkeun ku urang sadaya kanu hal anu positif sareng aya manfaatna.

Mugia amal sareng ibadah Ibu sareng Bapak guru ano tos ikhlas ngajar urang sadaya sina pinter, kenging wewelasan ti Allah SWT.

Sakitu heula ti abdi anu tos ngawakilan rerencangan sadaya, kirang lebihna neda dihapunteun ku sadaya. Hatur nuhun.

Waalaikum salam Wr. Wb.

Baca Juga: Struktur Teks Biantara Sunda Lengkap Beserta Contohnya

2. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Agama

Assalamualaikum Wr. Wb.

Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Allah SWT anu Maha Agung, dina dinten ieu teh urang sadaya tiasa ngariung sasarengan dina acara ieu.

Hadirin anu dipikahormat,

Berimana kana qada jeung qadar seueur manfaatna, di antarana tiasa nguatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT. Selain ti eta bisa oge nyadarkeun urang yen sagala perkara atawa kajadian nu aya di bumi ieu teh, tos diatur ku Allah SWT. Matak ayana qada jeung qadar ieu teh bisa numbuhkeun kateguhan hate sareng kasabaran urang, salila urang hirup di dunia.

Masalah atawa rintangan naon wae anu aya di hirup urang teh, ngarupakeun katetepan ti Allah SWT. Jadi urang teh kudu tawakal, da sagala rupina ge tos aya izin ti Allah SWT. Urang sadaya moal tiasa ngahindar ti katetapan Allah SWT, deuk nu hade deuk nu goreng. Sadayana tos diatur ku Maha Kawasa.

Iman kana qada jeung qadar ieu oge bisa numbuhkeun kanikmatan ti Allah SWT, sareng ngadorong urang bersyukur ka Allah SWT salawasna.

Sakieu heula pidato ti abdi, upami aya cariosan anu merenah di hate abdi nyuhunkeun dihapunten.

Waalaikum salam Wr.Wb.

3. Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Perpisahan

Assalamualaikum wr. Wb

Asshaduallailahaillalah waashaduanna muhamadar rosulullah. Ama badu.

Tipayun mangga urang sami-sami panjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. Nu mana dina kasempatan ieu urang sadaya tiasa ngumpul dina kaayaan sehat wal’afiat.

Shalawat miwah salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW. Teu hilap ka kulawargana, sahabatna, oge ka urang sadaya salaku umatna anu Insya Allah taat kana ajarannana, Amin ya robbal alamin.

Hadirin sadaya anu kusimkuring dipihormat, nuhunkeun waktosna kanggo abdi anu ngawakilan rerencangan kanggo nyampeikeun amanat dina raraga program perpisahan kelas genep (6).

Henteu karaos parantos genep taun urang aya didieu. Nu mana ayeuna puncak saleresna urang sadaya bakal papisah ti sakola ieu. Henteu hilap abdi ngawakilan rerencangan ngahaturkeun rewu nuhun laksaketi kabingahan ka bapa sareng ibu guru anu mana tos ngajarkeun ka abdi sadaya loba hal.

Mugia naon anu diajarkeun ku bapa guru sareng ibu guru ka urang sadaya tiasa dimanfaatkeun ka nu hal konkret sareng aya manfaatna kanggo nusa, bangsa sareng agama. Mugi-mugi amal kasaean manah bapa miwah ibu guru kenging walesan ti Allah SWT. Amin.

Sakitu ti abdi anu ngawakilan rerencangan sadaya. Kirang lebihna neda dihapunten. Nu mana kasalahan mah milik abdi sareng kaleuwihan mah tiba ti Allah SWT.

Wabilahitaufik walhidayah wassalamu’alaikum wr.wb

Baca Juga: 10 Contoh Pidato Bahasa Inggris Berbagai Tema, Lengkap dengan Artinya

4. Pidato Bahasa Sunda tentang kebersihan

Assalamulaikum Wr.Wb

Langkung tipayun urang panjatkeun puji sareng syukur ka Allah SWT, Tuhan Nu Esa anu mana masihan hidayah sareng inayah-Na ka urang sadaya. Janten urang sadaya tiasa kempel di acara ieu, dina kaayaan sehat wal afiat alhamdulilah.

Para wargi sakalian anu dipikahormat kusimkuring,

Dina waktos ieu abdi bade nerangkeun tentang tema kebersihan, nyaeta kumaha pentingna ngajaga diri dina hidup sehat jeung manfaat ngajaga kasehatan. Nu mana urang sadaya teh kedah atau wajib ngajaga lingkungan sekitar urang, sareng awak nyalira yen urang sadaya tiasa ngajaga kasehatan tina sagala rupi panyakit nu aya.

Ku margi kitu urang sadaya ge kedah ningkatkeun carana pola hidup nu sehat kanggo kapayuna hirup urang sakalian di kawitan ti ayeuna. Siga anu pernah diterangkeun dina salah sahiji hadist, ‘ Inna dhofatu minal iman.’ Anu hartosna teh, kabersihan sabagen tina iman.’ Nu matak kudu dijaga ku urang-urang.

Sebagai urang muslim anu taat, anu gaduh kaimanan di jero hate urang tangtu urang teh kudu bersih sareng suci tina sagala kotor atau najis anu nyebabkeun urang jadi teu suci. Allah SWT mah resep kanu hamba anu merhatikeun jeung ngajaga kabersihan. Bersih eta teh kaasup kana raga urang, diri urang, sareng lingkungan di sakitar urang.

Tapi kabersihan eta teh rupina macem-macem, aya nu disebut bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Urang kedah jadi jalma anu kaasup bersih sadayana, sabab ngan bersih raga tapi hatena teu bersih mah nya percuma. Matak ti mulai ayeuna, hayu urang ngabersihan sagala rupina, sareng ningkatkeun pola hidup sehat kanggo urang sadayana.

Cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur, hatur nuhun.

Wassalamualaikum salam Wr. Wb.

5. Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Kemerdekaan

Assaalamualaikum Wr.Wb

Sateuacana, hayu urang panjatkeu puji sareng syukur ka Gusti Allah SWT. Anu tos maparinkeun rahmat-Na ka urang sadaya, dugi urang tiasa kempel di acara dinten ieu.

Hadirin anu dipikahormat ku simkuring, Bapak Kapala Sakola, Bapak/Ibu guru anu dipikahormat, sareng rerencangan simkuring anu dipikacinta. Dinten ieu alhamdulilah urang tiasa kempel sareng patepang raray dina urutan meriahkeun hari kamerdekaan Indonesia.

Urang periyogi ka uninga, yen di zaman baheula the seueur pisan pangorbanan para pejuang dina ngabelaan kamerdekaan nagara Indonesia. Matak ku kituna, urang salaku warga nagara Indonesia generasi penerus bangsa, sareng kedah neruskeun perjuangan para pahlawan urang. Carana nyaeta diajar sing giat jeung ngawujudkeun cita-cita urang pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa Indonesia.

Tepi sabenerna, seuer keneh hal-hal anu tiasa dilakukeun ku urang sadaya sebagei generasi muda dina rangka ngeusian kamerdekaan Indonesia. Contona ngajauhkeun diri urang tina pangaruh narkoba, jauhkeun diri urang tina pergaulan bebas, tawuran anu ngabahayakeun nyawa, jeung sajabana anu mawa pangaruh buruk jang diri urang.

Hayu urang sami-sami ngalakukeun hal positive atau aya mangpaatna jang diri urang, misalna nyieun prestasi di sakola, seueur maca buku nu berguna, diajar sing bener di sakola, jeung sajabana.

Rupina mung sakitu pidato ti simkuring, hapunten saupami dina biantara ieu aya cariosan anu salah atawa kirang merenah dina hate aranjeun.

Wassalamualaikum Wr.Wb.

Baca Juga: Mengenal Struktur Pidato: Pengertian, Ciri, dan Contoh

6. Pidato Bahasa Sunda

Sugeng rawuh sareng kabeh panjenengan, Dina pidato ieu, abdi ingin ngajelaskeun keur panjenengan kabeh ngeunaan keur urang Sunda. Keur nu masih leutik dina acan urang, penting pisan melestarikeun budaya Sunda. Budaya Sunda téh unggal perenah anu kagungan ku urang sadaya, sareng téh ngarojongkeun identitas bangsa urang.

Budaya Sunda aya dina loba aspék, saperti basa, téater, tari, seni rupa, sareng leuwih seueur. Sababna, melestarikeun budaya Sunda téh kedah dimimitian ti pangajaran di kahiji pihak, saperti di keluarga, sakola, sareng masyarakat.

Dina pangajaran kahiji, urang kudu ngajajahkeun ka urang leutik ngeunaan sejarah sareng keunikan budaya Sunda. Di sakola, guruna tiasa ngadengekeun taneuh Sunda, maot, sareng ngararancang kalimah Sunda. Di tempat ngalakonan, urang kudu ngabaur sareng ngararancang pertunjukan-pertunjukan tari sareng téater Sunda.

Dina pangajaran ka dua, penting pisan kudu ngaguarkeun kaulinan Sunda. Anjeun-ajeun kabéh bisa nyarioskeun kaulinan Sunda sareng ngajelma pikeun ngurungan tradisi budaya Sunda. Lamun kaulinan Sunda bisa ditingali sareng dilakukeun ku urang sadaya, budaya Sunda bakal tetep terjaga sareng kaalagaan.

Mimitina, dina pangajaran katilu, masyarakat kudu nyarioskeun tradisi-tradisi Sunda. Ngadegkeun acara-acara sareng ngamumule budaya Sunda janten pangalusna. Ngaropéa sareng ngajelma kawas néangan panglipur luhur Sunda téh kudu dilakukeun.

Urang Sunda téh bangsa anu boga budaya anu luhur, sareng tugas urang sadaya téh melestarikanna. Kuring ngajuluki kabéh panjenengan, nyarioskeun budaya Sunda, sabab téh hartina ngeunaan ngluhurkeun sareng ngabenerkeun leuweung budaya anu kagungan.

Hatur nuhun pikeun waktos anjeun kabéh. Ayo, tetep melestarikeun budaya Sunda!

Baca Juga: 3 Contoh Biantara Sambutan Bahasa Sunda untuk Acara 17 Agustus

7. Biantara Bahasa Sunda

Assalamualaikum warrahmatulohi wabarakattuh.

Alhamdulillahirabbil’alamin, langkung tipayun hayu urang sadaya panjatkeun puji sinareng syukur ka gusti Allah SWT anu parantos masihan nikmat ka urang sadaya kalayan nikmat ti gusti Allah urang sadaya tiasa kumpul dina ieu acara.

Shalawat sareng salam hayu urang curah limpahkan ka junjungan urang sadaya buktosna kanjeng Nabi Muhammad SAW, mudah-mudahan urang sadaya diaku umat ku kanjeng Nabi dina dinteunan kiamat.

Hadirin Rahimakumullah

Ngadegna abdi didieu bade ngadugikeun biantara anu judulna ngeunaan ‘pendidikan’.

Para hadirin sadaya, tangtosna urang sadaya terang pendidikan mangrupakeun pilar anu penting dina kahirupan urang sadaya, sabab jalmi anu berpendidikan bakal mendakan kabagjaan dina kahirupan.

Pendidikan mangrupakeun salah sawios wasilah pikeun urang sadaya milari ilmu anu manfaat kangge diri sareng manfaat kangge umat.

Seer pisan kautamaan pikeun jalmi anu ngagaduhan ilmu diantarana gusti Allah SWT bakal ngangkat derajat jalmi anu berilmu.

Kumargi kitu, hayu urang sadaya utamakeun pendidikan sangkan urang sadaya tiasa jadi jalmi anu berilmu tur tiasa jadi jalmi anu ngamalkeun kana ilmu.

Hayu urang sadaya ngajadikeun pendidikan sanes saukur formalitas tapi hayu urang sadaya jadikeun pendidikan salaku identitas kangge diri urang sangkan urang sadaya mendak kabagjaan dina kahirupan dunia sareng kahirupan akhirat.

Sakitu bae anu tiasa ku simkuring didugikeun mudah-mudahan anu didugikeun tiasa dicandak manfaatna, sareng hayu urang sami-sami tekadkeun dina diri urang sadaya sangkan urang sadaya tiasa jadi jalmi anu berpendidikan tur tiasa masih manfaat tina hasil pendidikan eta.

Wabillahi Taufik wal Hidayah

Wassalamu’alaikum Wr.Wb.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm