3 Contoh Biantara Sunda tentang Kenakalan Remaja, Singkat dan Penuh Makna

1 September 2023 12:30 WIB
Ilustrasi contoh biantara sunda tentang kenakalan remaja
Ilustrasi contoh biantara sunda tentang kenakalan remaja ( freepik.com)

Sonora.ID - Berikut adalah 3 contoh biantara sunda tentang kenakalan remaja yang singkat dan penuh makna untuk kamu sampaikan.

Biantara adalah pidato dalam Bahasa Sunda yang digunakan untuk menyampaikan suatu ide terkait isu sosial, seperti tentang kenakalan remaja.

Dengan mempelajari beberapa contoh biantara sunda tentang kenakalan remaja, kamu dapat mengembangkan gagasan pokok sendiri dalam pidato yang akan dibawakan.

Biantara yang kamu buat pun harus disampaikan secara lugas dan tegas untuk membuat audience merasa lebih yakin dan paham dengan isi dari pidatomu.

Simak langsung 3 contoh biantara sunda tentang kenakalan remaja berikut ini yang sudah Sonora ID rangkum dari berbagai sumber.

1. Biantara Sunda tentang Kenakalan Remaja I

Baca Juga: Contoh Biantara Bahasa Sunda tentang Lingkungan Beserta Artinya

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Assholatu wassalamu ala ashrofil anbiya’i walmursalin. Wa’ala alihi washohbihi azma’in. Amma ba’du.

Ibu Guru pangajar Basa Sunda anu ku sim kuring dipihormat, sareng rerencangan sadaya anu ku simkuring dipikacinta. Langkung tipayun, hayu urang panjatkeun puji sinareung syukur ka Allah SWT kulantaran ni’mat sareng hidayahna urang sadaya tiasa ngumpul dina kasempetan ieu.

Teu hilap, sholawat sinareng salam mugia salamina dilungsurkeun ka junjungan urang sadaya, Nabi Muhammad SAW. Ka para kulawargina, ka para sohabatna, sareng ka urang sadaya salaku umatna dugi ka akhir jaman. Amiin ya robbal ‘alamin.

Dina kasempetan ieu, sim kuring bade ngadugikeun biantara singget ngeunaan “ Penyalahgunaan narkotika dikalangan remaja“.

Narkotika dina dunia medis nyaeta obat bius/penenang pasien anu rek di operasi. Narkotika teh mangrupa zat aditif anu ngabahayakeun jeung bisa nyieun kacanduan. Sarta karusakan otak jeung saraf motorik mun ku urang dikonsumsi bisa nyabab keun kageloan, jeung anu parahna kamatian,

Tapi lain hal na barudak ngora jaman kiwari mah ngagunakeun narkotika keur nga-gaya hungkul. Bari jeung teu apal kana pibahayaeunnana. Istilah bahasa deungena mah “ drug is purpose for freestyle” .

Anu ngagunakeun jeung ngedarkeun narkotika lamun kapanggih ku polisi mah bisa penjara, teu lulus tes kasehatan, dipiasing ku masyarakat, teu meunang pagawean jsb. Numatak tong hayang apal kana barang haram anu ngarana narkotika, jeun zat aditif laina anu matak ngarusak kahirupan urang ayeuna jeung anu bakal datang.

Mening ayeuna mah mempeung urang ngora keneh, hayu urang eusian ku diajar anu soson-soson. Guna ngajungjung harkat jeun martabat bangsa indonesia. Sakali deui “ SAY NO TO DRUG”.

Mugi-mugi mangpaat keur kahirupan urang sadayana. Sakitu anu tiasa didugikeun ku simkuring. Hapunten bilih aya kalepatan sareng cariosan Nu teu merenah kanu manah hatur nuhun kanu sadaya perhatosanana.

Akhirul kalam, Wabillahitaufik walhidayah

Wassalamualaikum wr.wb

2. Biantara Sunda tentang Kenakalan Remaja II

Assalamu'alaikum warohmatullohi wabarokatuh.

Alhamdulillahirobbil 'alamin, wabihi nasta'in 'ala age iddunya waddin, washolatu wassalamu 'ala asrofil anbiyaa iwal mursalin wa'alaalihi washohbihi ajma'in amma ba'du.

Puji sinareng sukur urang sanggakeun ka hadirat Allah SWT, mugia urang sadaya tiasa kempel dina ieu rohangan kalayan teu aya kakirangan, dipaparinan ni’mat kaimanan sareng kasehatan.

Hadirin anu ku simkuring dipikahormat,

Dina kasempetan ieu simkuring bade ngabahas perkawis kenakalan rumaja di lingkungan urang.

Diaku atawa henteu, ahlak tur moral anak bangsa urang teh ayeuna tos kacida turunna, kenakalan rumaja dimana-mana, matak pikasediheun jeung ngelus dada.

Tawuran antara rumaja lumangsung di sagala rupa tempat, salain eta oge rumaja anu masih sarakola teh seueur anu ragrag tikosewad ngahaja kana kenakalan remaja, di antara polah kanakalan rumaja teh nyaeta narkoba, sex bebas, jeung kenakalan lianna.

Malah balukar tina kenakalan rumaja, loba nu jadi pecandu narkoba dina umur nu ngora pisan, hamil di luar nikah, jeung sajabana.

Sanggeus ragrag kana liang poek kenakalan rumaja jeung ngalakonan hal-hal anu dilarang, masa depan maranéhanana salaku generasi ngora bangsa geus runtuh, terus kumaha atuh carana pikeun ngantisipasi eta?

Sabenerna, meh rumaja henteu kalebet kana kenakalan remaja téh nya éta kedah kasadarana timbul dina diri maranehanana, salain ti éta atikan agama, moral, jeung karakter kudu diterapkeun ti keur aranjeuna alut keneh.

Boh atikan agama, atikan moral, boh atikan budi pekerti kudu dipaparinkeun pikeun nguatkeun generasi ngora sangkan teu gampang kagolong kana kenakalan remaja hal ieu kudu ditilik ti mimiti.

Upama ieu rumaja dibéré atikan agama, moral, jeung budi pekerti ti leuleutik, moal kapangaruhan sarta kaséréd kana kenakalan remaja.

Atikan kaagamaan jeung moral mangrupa salasahiji landasan anu penting pikeun ngawangun karakter rumaja sangkan jadi generasi ngora anu tiasa diandelkeun sarta henteu kalibet kana kenakalan remaja.

Peran kolot dina kenakalan rumaja kudu dilibetkeun, peran kolot nyaéta ngawasa jeung ngadeukeutan sisi psikologis budak, sakapeung mah eta teg kalakuan di luar batas rumaja teh ngan kumargi hoyong diperhatoskeun sepuhna.

Ti ayeuna, sebagai sepuh barudak urang, hayu sasarengan urang leuwih merhatikeun anak urang, tapi teu kudu diwatesan teuing, jadi sobat maranéhanana ngarah gampang ngawas aranjeunna, sangkan aranjeunna henteu ragrag kana kenakalan remaja.

Baca Juga: 5 Contoh Biantara Sunda Tentang Sopan Santun Singkat, Mudah DIhafal

Saderek sadayana,, para rumaja anu ku simkuring dibanggakeun, ti kawit ayeuna hayu urang usaha leuwih kuat, ulah kagoda kana kenakalan remaja, hayu urang cobian babarengan ngajagi diri, teu kenging kabawa kusakaba-kaba.

Sakitu wae biantara singget simkuring perkawis kenakalan remaja, mugia aya mangpaatna, nyuhunkeun dihapunten upami aya kalepatan.

Wassalamualaikum wr. wb.

3. Biantara Sunda tentang Kenakalan Remaja III

Assalamualaikum Wr. Wb.,

Sampurasun,

Ibu guru anu kusimkuring di pihormat,

Rerencangan sadaya anu kusimkuring dipihormat,

Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji sinareng syukur ka hadirat Gusti anu Maha Suci, anu parantos masihan kasehatan sareng kasempetan ka urang sadaya, rehna dina danget ayeuna urang tiasa riung mumpulung, paampro jonghok, patepang raray di ieu tempat nu sederhana ieu.

Sholawat miwah sallam mugia tetep ngocor ka jungjunan urang Nabi panungtung, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, sohabatna, tabi’in tabi’atna tur dugi ka urang salaku umatna anu insyaAllah kenging syafa’at ti mantenna.

Sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka palawargi sadaya anu parantos hadir di ieu tempat, hapunten upamina tempat anu disadiakeun kirang nyugemakeun. Dina kasempetan ieu abdi bade ngaguar perkawis Pergaulan Bebas.

Palawargi sadaya,

Sapertos anu kuurang tiasa diperhatoskeun di zaman kiwari kahirupan barudak rumaja atos ngawitan robah. Seueur waktu anu sakedahna dilebetan ku hal anu ngandung kahadean malah dilebetan ku hal anu ngandung kaawonan.

Diantarana wae waktu bubar sakola nu kedahna dilebetan ku ekstrakurikuler ieumah diangge ameng, momotoran, sareng bobogohan.

Sanes teu kenging ari bobogohan teh, tapi da ari saumuran urang mah bobogohanna ge anu sawajarna wae, bisa ngan saukur smsan hungkul, tong dugikeun ka ameng wae duaan da ngewa katinggalna.

Kumaha upamina hubunganna pegat atanapi kumaha upami aya hal anu teu dipikahoyong malah kajadian ?. Saha anu bakal riweuh sareng isinna ? da urang jeung kolot oge.

Tah aya sababaraha hal anu jadi panyabab pergaulan bebas eta diantarana ;

1. Kurangna perhatosan ti kolot
2. Kolot anu cerai (pisah/pegat)
3. Kurangna Iman
4. Wewengkon dumuk
5. Budak anu teu nurut ka kolot

Tah kusabab kitu hayu atuh urang sasarengan ngajauh jeung ngamusnahkeun eta pergaulan bebas. Kumaha carana ? Nya kucara ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT, nurut ka kolot, junun sakola supaya tiasa ngahontal naon dipikahoyong, nyibukeun diri ku aktif di organisasi-organisasi anu aya gunana sareng anu seueur ngandung kasaean.

Palawargi sadaya,

Rupina, cekap sakitu anu tiasa kusimkuring dipihatur. Hapunten saupamina seueur kalepatan dina basa atanapi bilih aya anu kagores manahna ku ucapan simkuring.

Dan abdi ngadugikeun ieuteh ngan saukur ngaharep mugia para rumaja di Indonesia khususna ditatar Pasundan tiasa nebihan eta pergaulan bebas. Haturnuhun kana perhatosanana.

Saninten buah saninten

Saninten di parapatan

Hapunten abdi hapunten

Bilih aya kalepatan

Wassalamualaikum Wr. Wb.

Demikianlah 3 contoh Biantara Sunda tentang kenakalan remaja yang dapat kamu simak secara cermat; sudah paham?

Baca berita update lainnya dari Sonora.ID di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm