3 Khutbah Jumat Bulan Rajab Bahasa Sunda Terbaru, Singkat Tapi Menyentuh Hati

18 Januari 2024 11:38 WIB
Ilustrasi Khutbah Jumat Bulan Rajab Bahasa Sunda
Ilustrasi Khutbah Jumat Bulan Rajab Bahasa Sunda ( Kompas.com)

Sonora.ID – Berikut contoh khutbah Jumat bulan rajab bahasa Sunda terbaru, yang singkat tapi menyentuh hati.

Menurut kalender Hijriyah yang dirilis Kementerian Agama RI, tahun ini bulan rajab berlangsung pada 13 Januari-10 Februari 2024.

Bulan Rajab merupakan bulan yang mulia buat umat Islam. Oleh karenanya, muslim dianjurkan untuk melakukan berbagai amalan baik.

Maka dari itu, bulan rajab sangat cocok untuk dijadikan sebagai tema khutbah Jumat.

Sebagai referensi, berikut 3 khutbah Jumat bulan rajab bahasa Sunda terbaru, singkat tapi menyentuh hati.

Baca Juga: 3 Khutbah Jumat tentang Bulan Rajab Singkat, Penuh Makna dan Menyentuh 

Khutbah Jumat Bulan Rajab Bahasa Sunda 1

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمَنِ الرَّحِيْم
السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
 اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِيْ أَحْرَمَ رَجَبَ بِإِسْرَاءِ الرَّسُوْلِ مِنَ الْمَسْجِدِ الْحَرَامِ اِلَى الْمَسْجِدِ اْلأقْصَى وَالَّذِيْ يَأْمُرُنَا بِالتَّقْوَى طُوْلَ عُمُوْرِنَا ، نَحْمَدُهُ وَنَسْتَعِيْنُهُ فِيْ كُلِّ أَهْوَالِنَا ، أشْهَدْ أنْ لاَ إلَهَ إلاَّ اللهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ ، وَالصَّلاَةُ وَالسَّلاَمُ عَلَى أشْرَفِ عِبَادِهِ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ اَلِهِ وَصَحْبِهِ وَعِتْرَتِهِ ، أمَّا بَعْدُ.
فَيَا أيُّهَا النَّاسُ أُوْصِيْكُمْ  و إِيَّايَ بِتَقْوَى اللهِ فقد فاز المتقون
قَالَ اللهُ سُبْحَانَهُ وَتَعَالَى:  إِنَّ عِدَّةَ الشُّهُورِ عِندَ اللهِ اثْنَا عَشَرَ شَهْرًا فِي كِتَابِ اللَّـهِ يَوْمَ خَلَقَ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضَ مِنْهَا أَرْبَعَةٌ حُرُمٌ ۚ ذَٰلِكَ الدِّينُ الْقَيِّمُ ۚ فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِينَ كَافَّةً كَمَا يُقَاتِلُونَكُمْ كَافَّةً ۚ وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّـهَ مَعَ الْمُتَّقِين 
 وَقَالَ رَسُوْلُ اللهِ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ : إِنَّ فيِ الجَنّةِ  نَهْرًا يُقَالُ لَهُ رَجَب أَشَدّ بَيَاضًا مِنْ اللبنِ وَأَحْلَى مِنْ العَسَلِ، مَنْ صَامَ يَومًا مِنْ رَجَب سَقَاهُ اللهُ  ِمنْ ذلِكَ النَهَارِ.

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumullah,

Puji syukur urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu senantiasa maparinan mangpirang-pirang nikmat anu teu kaetang ku urang sadaya. Nikmat anu terus teu aya putus ka satiap makhlukna.

Diantawisna mangrupi kasehatan, rezeki sareng umur, kulawargi anu bageur, oge kasempetan kanggo ngalaksanakeun Ibadah sholat Jumat anu Mulia dinten iyeu.

Sholawat sinareng salam mugia salamina tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadayana, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, oge ka kulawargina, ka para sahabatna, sareng ka sadaya ummatna anu taat jeung cinta ka Alloh sareng rosulna dugikeun ka akhir zaman.

Salajengna, khotib ngawasiatkeun, khususna ka diri khotib pribadi, umumna ka sadaya jama’ah, hayu urang ningkatkeun katakwaan ka Allah SWT, kusabab katakwaan eta nu bakal jadi pibekelen urang ka akherat. 

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumullah,

Dinten ieu, Alhamdulillah urang parantos aya dina kaping 6 Rajab 1444 H. sasih rajab teh, di ayat anu tadi diaos, termasuk kana Salah sahiji ti opat sasih anu di muliakeun ku Alloh SWT, perkara opat sasih anu dimuliakeun Alloh, Rosulullah ngajelaskeun dini hiji hadits.

 ألاَ إنَّ الزَمَانَ قَدْ اسْتَدَارَ كَهَيْئَتِهِ يَوْم خَلَقَ اللهُ السَّمَوَاتِ وَالْأرْضَ، السَّنَةَ اثْنَا عَشَرَ شَهْراً، مِنْهَا أرْبَعَةُ حَرَمٌ ثَلَاثَةٌ مُتَوَالِيَاتٌ ذُو القَعْدَةِ وَذُو الْحِجَّةِ وَالْمُحَرَّمُ وَرَجَبُ مُضَرُّ بَيْنَ جُمَادِى وَشَعْبَانَ. مُتَّفَقٌ عَلَيْهِ 

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumullah,

Ayat sareng hadits tadi nunjukeun, yen opat sasih anu disebatkeun teh sasih anu mulia, maka satiap jalma mukmin kedah ngamuliakeun sasih-sasih eta, ayeuna urang aya di sasih rajab, Ku cara kumaha urang ngamuliakeun bulan Rajab teh ?

 فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ 

Di opat sasih anu dimuliakeun eta maraneh ulah saling ngadzoliman.

Buya Hamka dina tafsir al-azharna ngajelaskeun yen dina sasih anu opat eta haram hukumna kanggo perang, mibanda harta batur, ngabales kagorengan jeung kagorengan.

dina keterangan anu sanesna, dimuliakeunana tilu bulan anu patutur teh, nyaeta kanggo persiapan ibadah haji, sasih hapit biasana jalmi ngawitan perjalanan kango angkat ka mekkah, sasih rayagung nyaeta waktosna ibadah haji, sasih muharram, nyaeta mulihna jamaah haji ka negara masing-masing. anapon rojab parantos dimuliakeun ti kawit zamana nabi Ibrahim sareng Nabi Ismail A.S. bahkan gaduh sebatan anu mulia nyaeta “Syahrullah” sasihna gusti Allah.

Kamuliaan sasih rojab anu sanesna nyaeta, aya peristiwa bersejarah, dimana di kaping 27-na, junjungan urang sadayana kanjeng Nabi Muhammad SAW.

di-isrokeun ti masijidil haram ka masjidil aqsho. lajeng dimi’rojkeun ti Baitul maqdis ka shidrotul muntaha, nyaeta tempat anu pangluhurna, matur ka gusti Allah oge awal mula diparentakuenana sholat anu lima waktu.

matak para ulama ngajelaskeun saha-saha anu ngalaksanakeun kahadean ku niatan ngamuliakeun sasih rajab bakal dilipatgandakeun pahalana, jeung saha-saha anu migawe kagorengan di sasih anu dimuliakeun ku sakabeh alam ieu, bakal dilipatgandakeun oge dosana, Walloohu a’lam.

Ma’asyirol Muslimin Rohimakumullah,

Dina sasih ieu oge, urang ge diperintahkeun kanggo ngalaksanakeun puasa sunnah, sabab dawuh kanjeng nabi Muhammad SAW:

إِنَّ فيِ الجَنّةِ  نَهْرًا، يُقَالُ لَهُ رَجَب، أَشَدّ بَيَاضًا مِنْ اللبنِ، وَأَحْلَى مِنْ العَسَلِ، مَنْ صَامَ يَومًا مِنْ رَجَب سَقَاهُ اللهُ ، مِنْ ذلِكَ النَهَارِ.

Maka hayu urang ajak diri pribadi sareng kulawargi urang masing-masing kanggo ngalaksakeun saum sunnah, minimal dina sasih ieu tiasa saum sadinten, boh di awalna, tengahna atanapi akhirna.

tiasa oge midamel saum senen kemis atanapi daud dina sasih ieu, tiasa oge anu langkung utami, ngalaksnakeun amalan para sesepuh shaum tilu sasih berturut-turut, nyaeta rajab, ruwah sareng romadhon ku niatan nyakeutkeun diri ka gusti Allah.

sabab dina hiji keterangan, salah sawios amalan anu pahala langsung dipaparin ku gusti Allah nyaeta amalan shaum. 

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm