5 Contoh Teks Panata Acara atau MC Bahasa Sunda

1 Februari 2024 13:00 WIB
Ilustrasi MC
Ilustrasi MC ( kompas.com)

Ibu sareng bapak ti Syaqila Asma Husni nu ku simkuring dipihormat,Neng Syaqila Asma Husni nu ku urang sadayana dipikadedeuh, oge sadayana rerencangan Neng Syaqila.

Hatur nuhun parantos tiasa hadir ka acara ulang taun Neng Syaqila. Nepangkeun nami abdi Ujang Falah, MC ieu acara nu bakal nyebutan runtuyan acara nyaeta:

1. Bubuka
2. Do’a
3. Sambutan orang tua
4. Niup lilin
5. Pembagian kue
6. Hiburan

Panutup 
Tah, eta hadirin sadayana rangkaian acara ulang taun Neng Syaqila. Hayu urang buka ieu acara ku aosan basmallah.
Bismillaahirrahmaanirrahiim.

Salajengna do’a bakal dipimpin ku Pak Ustadz. Mangga, Pak dihaturanan waktu sareng tempatna kanggo mimpin do’a.

3. Contoh Teks MC Bahasa Sunda Maulid Nabi

Bismillaahirrahmaanirrahiim

Assalamu’alaikum Wr Wb

Hadirin,
Langkung utama hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka hadirat Allah SWT anu parantos maparin nikmat sehat ka urang sadayana sahingga tiasa ngahadiran ieu acara dina raraga Maulid Nabi.

Sholawat tur salam mudah-mudahan salawasna dicurahkeun ka junjunan urang sadayana nyaeta Nabi urang, Rasulullah Muhammad SAW, oge ka kulawarga, para sohabat, ulama, sareng urang saku umatna. Aamiin. 

Hadirin,
Alhamdulillah dina tiap taunna urang tiasa ngarayakeun Maulid Nabi urang sadayana. Peringatan ieu teh penting sangkan urang sadayana emut terus kana sosok anu berjasa ka urang sadayana meskipun teu pernah tepang oge.

Oh, punten hilap. Nepangkeun wasta abdi Azam Muhaimin salaku MC acara ieu nu bakal nyebutkeun runtutan acara ti awal dugi ka akhir, nyaeta:

1. Bubuka
2. Aosan Ayat Suci Al-Qur’an
3. Do’a
4. Sambutan
5. Penampilan murangkalih kahiji
6. Hiburan qosidah
7. Penampilan murangkalih kadua
8. Hiburan tarian
9. Panutup

Hadirin, tah eta rangkaian acara ti payun dugi ka akhir ieu acara Maulid Nabi. Hayu urang buka sami-sami ieu acara ku maos bismillah:

Bismillaahirrahmaanirrahiim.

Salajengna nyaeta aosan ayat suci Al-Qur’an nu bakal diaoskeun ku Ibu Ustadzah Masitoh, mangga waktu sareng tempatna dihaturanan.

Baca Juga: 3 Khutbah Jumat Bulan Rajab Bahasa Sunda Terbaru, Singkat Tapi Menyentuh Hati

4. Contoh Teks MC Bahasa Sunda Pembukaan Usaha

Wilujeng wayah kieu, sadayana.

Nu ku simkuring dipihormat, Bapak Ibnu Ibrahim salaku owner cafe ala-ala. Nu ku simkuring dipihormat, investor cafe ala-ala.

Oge nu ku simkuring dipihormat sareng dipidedeuh, jajaran karyawan cafe ala-ala.

Nu pertama, hayu urang manjatkeun syukur ka Illahi Rabbi. Berkat kakawasaan anjeuna urang sadaya tiasa aya di tempat ieu kanggo ngahadiran acara pembukaan cafe ala-ala.

Sholawat sareng salam mugia salawasna dilimpahkeun ka Nabi urang sadayana Muhammad SAW, kulawargana, sahabat, ulama, oge ka urang sadaya salaku umatna. Aamiin.

Nepangkeun, nami abdi Ezra Hasan salaku MC ieu pembukan cafe ala-ala. Hadirin, ieu runtuyan acara nu bakal ku urang lakonan bareng-bareng:

1. Bubuka
2. Do’a
3. Sambutan
4. Acara inti
5. Panutup

Hadirin, 
hayu urang mulai ieu acara ku aosan bismillah sasarengan. Bismillaahirrahmaanirrahiim. Acara salajengna nyaeta do’a bakal dipimpin ku Pak Ustadz Rizal.

5. Contoh Teks MC Bahasa Sunda Pentas Seni

Nu dipikahormat kapala SMA…,Bapak/Ibu... Nu dipihormat panaséhat seni, Bapak/Ibu….

Sarta ulah hilap yén ka sadaya babaturan SMA kuring ... Hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT, margi urang parantos dipaparinan kanikmatan anu seueur.

Sangkan urang tiasa ngahadiran sareng ilubiung dina pagelaran kasenian SMA ieu dina kaayaan sehat wal afiat.

Para hadirin anu dipikahormat, sim kuring salaku pembawa acara dinten ieu bade maos heula jadwal acara,ti mimiti bubuka dugi ka do’a babarengan sareng panutup.

Mugia acara anu bade dilaksanakeun dinten ieu tiasa kalancaran, ieu susunan acarana:

  • Bubuka 
  • Seratan ti pupuhu panitia penyelenggara pentas
  • Acara utama, seni pintonan
  • Doa sareng panutup

Baca Juga: Contoh Teks Ceramah Isra Miraj 2024 Bahasa Sunda, Dilengkapi Pantun Lucu

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm