Contoh Teks MC Halal Bihalal Keluarga Bahasa Sunda, Paling Lengkap!

15 April 2024 13:15 WIB
Ilustrasi contoh teks MC halal bihalal keluarga Bahasa Sunda
Ilustrasi contoh teks MC halal bihalal keluarga Bahasa Sunda ( )

Sonora.ID - Berikut ini adalah contoh teks MC Halal Bihalal keluarga Bahasa Sunda untuk kamu simak dengan lengkap.

Halal Bihalal menjadi salah satu kegiatan yang dilakukan oleh umat muslim untuk memperkuat silaturahmi.

Kegiatan ini umumnya dilakukan secara resmi dan terdapat MC sebagai pemandu acara agar berjalan dengan lancar.

Untuk itu, mari simak contoh teks MC Halal Bihalal keluarga Bahasa Sunda yang dapat disimak berikut ini.

Pembukaan atau Mukadimah

Baca Juga: 3 Teks MC Halal Bihalal Idul Fitri 2024 Keluarga Besar dan Susunan Acaranya

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

Alhamdulillahirobbilalamin wabihi nasta'in wa’ala umuriddunya waddin Washolatu Wassalamu ala Sayyidina Muhammadin waala alihi washohbihi ajmain.

Solawat sinareng salam pamugi salamina dikocorkeun ka Junjunan urang sadaya, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka para sahabatna, kalih ka jalmi-jalmi soleh sapandeurieunana.

Mugia urang sadaya kenging syafaatna jaga di yaumil ahir, amin.

Wilujeng sumping ka Bapa miwah Ibu, sareng sadaya tamu uleman. Hatur nuhun parantos kersa rurumpaheun sumping dina acara Halal Bihalal keluarga [sebutkan nama keluarga].

Hadirin hormateun sim kuring, kenalkeun wasta Abdi [sebutkan nama MC] anu bakal mandu acara dina dinten ieu.

Bapa miwah Ibu hormateun sim kuring, éstu teu karaos baglirina waktos. Asa cikeneh pisan urang sami-sami ngalakonan ibadah saum, nu dipungkas ku Idul Fitri.

Saban waktos urang pagiling gisik, aya lisan sareng perbuatan anu dihaja sareng teu dihaja matak nyigeung nu lian.

Insyaallah dina danget ieu urang lubarkeun rupining rereged madah. Cilik putih clak herang, caang bulang opat welas.

Acara Pembuka

Hadirin nu dipihormat, insyaallah aya sababaraha mata acara dina acara Halal Bihalal dinten ieu, nyaéta:

  1. Bubuka
  2. Ngaoskeun ayat suci Al Quran
  3. Sambutan ti tuan rumah
  4. Tausyiah
  5. Ngadu'a
  6. Ramah tamah

Bapa miwah Ibu anu dipihormat, kanggo ngabuka acara Halal Bihalal ieu hayu urang sasarengan kalayan ngucapkeun basmalllah.

--- Bismillahirahmanirahim ---

Salajengna, nyaeta aya ngaos Al Quran ku Bapak/Ibu [sebutkan nama]. Mangga dihaturanan.

--- Membaca ayat suci Al Quran ---

Hatur nuhun ka Bapak/Ibu [sebutkan nama], pamugi galindeng ayat suci Al Quran sing nambihan rohmat sareng kabarokahan kana ieu pasamoan.

Salajengna aya sambutan ti tuan rumah nyaeta keluarga[sebutkan nama keluarga] anu diwakilkeun ku Bapak/Ibu [sebutkan nama]. Mangga dihaturanan.

--- Sambutan pihak keluarga ---

Hatur nuhun ka Bapak/Ibu [sebutkan nama], anu parantos ngadugikeun sambutanna.

Salajengna nyaéta aya tausyiah anu didugikeun ku Bapak/Ibu/Ustaz/Ustazah [sebutkan nama], mangga dihaturanan.

Baca Juga: Contoh Teks MC Halal Bihalal Keluarga Idul Fitri 1445 H, Paling Lengkap!

--- Tausyiah ---

Hatur nuhun ka Bapak/Ibu/Ustaz/Ustazah [sebutkan nama], mugi-mugi sing janten bahan lenyepaneun urang sadaya, tur tiasa ngahudang sumanget silaturahmi.

Salajengna nyaéta urang ngadua sasarengan anu dijejeran ku Bapak/Ibu [sebutkan nama], mangga dihaturanan.

--- Pembacaan doa ---

Hatur nuhun ka kersana Bapak/Ibu [sebutkan nama], mugi Alloh ngabulkeun sagala penda sareng pamaksadan urang sadayana.

Penutup

Bapa miwah ibu, alhamdulillah ayeuna tos dugi di acara inti nyaéta ramah tamah.

Mangga dihaturanan kanggo sadayana nyobian sagala rupi anu tos disayogikeun.

Hadirin anu sim kuring dipihormat, hatur nuhun kana sagala rupi perhatosanana.

Neda tawakupna boh bilih aya kecap katut réngkak sim kuring saparakanca anu kirang merenah kana manah hadirin sadaya.

Mangga urang tutup acara pembukaan ieu ku ngaos hamdallah sasarengan.

--- Alhamdulillahirobbil'alamin ---

Wabillahi taufik walhidayah wassalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh.

--- Selesai ---

Baca berita update lainnya dari Sonora.ID di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm