3 Khutbah Jumat Bulan Rajab Bahasa Sunda Terbaru, Singkat Tapi Menyentuh Hati

18 Januari 2024 11:38 WIB
Ilustrasi Khutbah Jumat Bulan Rajab Bahasa Sunda
Ilustrasi Khutbah Jumat Bulan Rajab Bahasa Sunda ( Kompas.com)

Maksud ieu ayat numutkeun tafsiran Ibnu Mas’ud jeng Ibnu Abbas r.a mah kieu, “Yen Solat anu pangaruhna matak ninggalkeun pagawean anu awon teh nyaeta anu solatna disarengan ku hate anu khusyu’, hate anu gembleng inget ka Allah, sarta sadar yen manehna keur ngadeuheus ka Allah, bari depe-depe ka Allah, sarta ngaraos yen manehna keur munajat, sarta ditingali ku Allah, Zat anu Maha agung.

Sedengkeun solat anu henteu kitu mah moal matak nimbulkeun pangaruh anu kitu, tukang doraka tetep ngalakukeun doraka.

Pidawuh Nabi Muhammad Saw :

من لم تَنْهَهُ صَلَاتُهُ عن الفَحْشَاءِ وَالمنكرِ لم يَزْدَدْ من اللّهِ إلّا بُعْدًا

Sing saha jalma anu solatna henteu matak nyegah tina pagawean anu matak dosa jeung munkar, maka eta jalma teh tambah jauh tina rohmat Allah” (Riwayat Thobroni)

Ku margi kitu, solat teh janten tihang agama. Kuat atwa henteuna nyekel agama gumantung kana solatna, sakumaha pidawuh kangjeng Nabi Muhammad Saw. :

الصلاة عماد الدين، فمن أقامها فقد أقام الدين ومن تركها فقد هدم الدين

Ari solat teh tihang agama. Saha jalma anu ngalakonan solat, mangka eta jalma the nangtungkeun agamana jeung saha jalma ninggalkeun solat, maka eta jalma ngarugrugkeun agamana.” (Riwayat Baihaqi)

Malah di akherat oge anu pangpayunna diparios teh ngeunaan solat pisan, sakumaha pidawuh kangjeng Nabi Muhammad Saw :

أول ما افترض الله تعالى على أمتي الصلوات الخمس، وأول ما يرفع من أعمالهم الصلوات الخمس، وأول ما يسألون عن الصلوات الخمس

Anu pangheulana diwajibkeun ku Allah ka umat kaula, nyaeta ngalakonan solat lima waktu. Amal-amalan umat kaula anu pangheulana diangkat (kalangit), solat lima waktu. Amal-amalan umat kaula anu pangheulana bakal dipariksa teh nyaeta solat lima waktu keneh. “ (Riwayat Al Hakim)

Baca Juga: Teks Khutbah Jumat Terbaru: 3 Amalan Agar Mendapatkan Rumah di Surga 

Para hadirin sadaya

Sajaba ti eta ciri wanci anu eces pisan ngabedakeun antara jalma muslim jeung anu kafir oge ku ngalakonan solat, da pagawean sanesna mah ampir sami antara muslim sareng kafir teh.

Kumargi kitu ibadah solat teh perlu dimumule anu sasae-saena, ulah dilalaworakeun, sanaos repot sakumaha repotna oge, satungtung sanes daruratmah. Sakumaha pidawuh Nabi Saw :

ما من امرئ مسلم يحضره صلاة مكتوبة، فيحسن وضوءها وخشوعها وركوعها، إلا كانت له كفارة لما قبلها من الذنوب، ما لم يأت كبيرة و ذلك الدهر كله

Teu pati pati aya jalma muslim anu nyanghareupan waktu solat fardu terus manehna wudu anu sampurna, solatna bari khusyu’ (henteu malaweung), ruku’ jeung sujudna beres, anging eta solatna teh bakal jadi kafarat (panglebur) kana dosana anu geus kaliwat, satungtung henteu ngalakonan dosa gede ( ari dosa gedemah bisa leburna ngan ku tobat anu nasuha / nyumponan pasaratanana ). Tah eta kitu teh tina salilana jaman.” (Riwayat Muslim)

Para hadirin sadaya 

Ngalakonan solat fardu teh sajabi ti hikmah anu kasebat tadi anu sakitu pentingna, ngandung deui hikmah ngeunaan kasehatan rohani katut jasmani jeung kamajengan kabudayaan anu rongkah pisan, margi ngalakonan solat teh ngandung hartos deui kana: 

  1. Ngawajibkeun ka urang kedah ngartos kana masalah cai anu najis sareng anu suci, anu matak nyegerkeun badan sareng anu henteu. Etateh aya bentena; 
  2. Ngawajibkeun nutup orat badan. Eta ngandung hartos kana wajibna ngadegkeun pabrik tinun ka umat Islam, margi kalebet kana kaedah “Sakur perkara anu nyampurnakeun kana pagawean wajib, mangka eta perkara teh wajib deui.” Nyakitu deui fardu kifayah tiasa ngaput/ngajait anggoan oge;
  3. Ngawajibkeun mayun ka kiblat, ngandung hartos wajibna ngartos kana elmu bumi;
  4. Ngawajibkeun solat bari ngadeg, ruku’ jeung sujud, ngandung hartos diwajibkeun ka umat Islam ngartos kana elmu kasehatan;
  5. Ngawajibkeun solat dina waktosna, ngandung hartos diwajibkeun ka umat Islam ngartos kana elmu falak;
  6. Dianjurkeun solat di masjid, ngandung hartos diwajibkeun ngartos kana elmu teknologi, sareng hikmah sanesna anu seueur pisan mangpaatna. 

Tah ieu rupi-rupi elmu teh hukum fardu kifayah nyiarna ka sakumna umat Islam. Upami urang nyiar eta elmu sarta diniatan pikeun nyumponan piwarangan Allah, tinangtu kenging ganjaran dunya akherat.

Ku ayana kitu, upami kaum muslimin leres-leres ngartos kana hukum Islam sarta ngartos deui kana hikmahna sareng rajin ngamalkeunana, tangtu kaum muslimin teh bakal jadi kaum anu maju sapertos kaum muslimin di jaman kajayaan Islam kapungkur.

Para hadirin sadaya 

Tadi parantos diterangkeun, yen titik sentral anu utama dina ngahontal hikmah solat anu sakitu agungna, sajaba ti kedah nyumponan kana sarat sareng rukunna, ditambih kedah khusyu’ . Sakumaha pidawuh Allah :

قَدْ اَفْلَحَ الْمُؤْمِنُوْنَ الَّذِيْنَ هُمْ فِيْ صَلٰو تِهِمْ خَاشِعُوْنَ

Pasti bakal bagja jalma mu’min anu ngalakonan solatna bari khusyu’.” ( QS. Al Mu’minun 1-2)

Ari ngalakonan solat bari khusyu’ teh sakumaha anu diterangkeun dina kitab tafsir Ruhul Bayan juz Vl kaca 67, Ashowi juz lll kaca 93, nyaeta kieu:

Ari khusyu’ teh ngawengku kana dua rupa, nyaeta lahir jeung batin. Ari khusyu’ lahir, nyaeta solat anu nyumponan kana sarat, rukun katut sunat sunatna, saperti : bandanna tenang, henteu sambarangan gerak atawa usik, sirahna tungkul, ningali atawa neuteup kana tempat sujud jeung sajabana. Ari Khusyu’ batin, nyaeta hatena salawasna inget ka Gusti Allah, ngaraos keur munajat atawa ngadeuheus ka Zat anu salamina ningali, sarta mohonkeun kana urusan sejenna tina rupa-rupa pagawean dunya.”

Para hadirin sadaya

Tah solat anu kitu anu ngandung hikmah anu pohara seueurna the, kahijina matak ngagaduhan hate anu tenang dina mayunan sagala kajadian oge.

Sawangsulna solat anu henteu khusyu’, henteu matak ngahasilkeun kana hikmah anu kasebat tadi, malah henteu matak nyegah kana midamel kama’ saitan, padahal sok solat.

Dawuhna kanjeng Nabi Muhammad Saw :

كَمْ مِنْ قَائِمٍ حَظُّهُ مِنْ صَلاَتِهِ التَّعَبُ وَالنَّصَبُ

Mangpirang-pirang jalma anu solat, anu ngan sakadar meunang kacape bae hasilna teh.” (Riwayat Ibnu majah jeung Nasa-i)

Akhirna, Mangga urang sasarengan ngaronjatkeun katakwaan ka Allah Swt., ngamumule kana solat ku cara satekah polah, meunngpeung masih keneh dipasihan umur. Kalawan muntang kana hidayah sareng taufik Allah Swt.

بارك الله لى ولكم بِاالْأٰيَاتِ والذِّكْرِ الحكيم وتقبّل منّى ومنكم تلاوته إنّه هو السّميع العليم وقُلْ ربِّ إغْفِر وَارْحَمْ و أنت خيرُ الرَّاحِمِينَ

Khutbah Jumat Bulan Rajab Bahasa Sunda 3

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِىْ أَسْرى بِعَبْدِه لَيْلاً, وَعَرَجَ مِنَ الْمَسْجِدِاْلأَقْصَى اِلَى سِدْرَةِ الْمُنْتَهى, أَشْهَدُ أَنْ لاَّاِلهَ إَلاَّاللهُ وَلاَ مُمَاثِلاً, وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْ لُهُ خَيْرٌ النَّبِىِّ أُرْسِلَ, أَللّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍنِّ الْمُصْطَفَى, وَعَلَى اَلِهِ وَأَصْحَابِهِ أَهْلِ صِدْقِ وَالْوَفىَ. أَمَّابَعْدُ: فَيَا أَيُّهَاالْحَاضِرُونْ. أُوْصِيْكُمْ وَنَفْسِى بِتَقْوَاللهِ لَعَلَّكُمْ فَائِزُوْنَ. أَعُوْذُبِااللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ, بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ. إِنَّ عِدَّةَ ٱلشُّهُورِ عِندَ ٱللَّهِ ٱثۡنَا عَشَرَ شَهۡرٗا فِي كِتَٰبِ ٱللَّهِ يَوۡمَ خَلَقَ ٱلسَّمَٰوَٰتِ وَٱلۡأَرۡضَ مِنۡهَآ أَرۡبَعَةٌ حُرُمٞ .

Hadirin Jamaah Jumat Rahimakumullah,

Sasih Rajab Mudhor anu disebat ku Rasulullah SAW nyaeta bulan anu posisina aya tiantara bulan Jumadil Akhir sareng bulan Sya’ban” disebat bulan Haram, anu asal katana tina al-Hurmat hartosna kahormatan atanapi kamulyaan.

Rajab teh mangrupikeun bulan anu dimulyakeun ku Allah, maka satiap jalmi mu’min kedah ngamulyakeun sasih Rajab iyeu.

Ku cara kumaha urang kedah ngamulyakeun bulan Rajab teh ?

 فَلَا تَظْلِمُوا فِيهِنَّ أَنفُسَكُمْ ۚ وَقَاتِلُوا الْمُشْرِكِينَ كَافَّةً كَمَا يُقَاتِلُونَكُمْ كَافَّةً ۚ وَاعْلَمُوا أَنَّ اللَّـهَ مَعَ الْمُتَّقِين

Hartosna: “Maka aranjeun ulah nganiaya diri aranjeun dina bulan anu opat eta, jeung perangan kaum musyrikin kabeh sakumaha maranehanana merangan anjeun kabeh, jeung kanyahokeun ku anjeun saestuna Allah bakal sasarengan sareng jalmi anu takwa.” ( at-Taubah : 36)

Hadirin Jamaah Jumat Rahimakumullah,

Dina bulan Rajab aya sejarah kelam dina perjuangan Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Dina taun kadalapan Kenabian, Kangjeng Nabi SAW mayunana kana rupi-rupi cobaan anu kacida beuratna anu karandapan ku anjeunna sareng pengikutna.

Dina taun eta Kangjeng Nabi nuju aya di kota mekkah, nuju ngemban tugas ngadugikeun Risalah.

Permusuhan jeung ancaman ti kaum Quraisy kacida gedena, tekanan demi tekanan kalintang beuratna. Anjeuna diboikot ku kaum musyrikin anu lumangsung salami 3 tahun.

Teras Kangjeng Nabi SAW, ditimpa musibah nyaeta ku wafatnya Abu Tholib pamanna anu ngasuh jeung anu teras ngajaga anjeuna tina gangguan-gangguan kafir quraisy dina da’wah.

Teras dina taun eta oge anjeunna kedah ikhlas dikantunkeun ku Istrina nyaeta Siti Khadijah, anu teras-terasan ngabantos sareng ngabela da’wahna Rasulullah.

Siti Khadijah istrina Kangjeng Nabi, sareng Abu Tholib pamanna, mangrupikeun dua Jalmi anu disegani ku kafir Quraisy, dina taun eta dipanggil ku Allah SWT

Sahingga Kangjeng Nabi SAW teu ngagaduhan deui pembela anu kuat dina mayunan ancaman sareng panyiksaan ti kafir Quraisy.

Kalintang sedihna Kangjeng Nabi Muhammad dikantunkeun ku Istri anu kacida mulyana dina waktos anu kacida dibutuhkeunana dugikeun ka anjeuna nyarios:

 وَاللَّهِ مَا أَخْلَفَ اللَّهُ لِى خَيْرًا مِنْهَا ، وَقَدْ آمَنَتْ بِى إِذْ كَفَرَ بِيَ النَّاسُ وَصَدَّقَتْنِى وَكَذَّبَنِى النَّاسُ ، وَوَاسَتْنِى مِنْ مَالِهَا إِذْ حَرَمَنِى النَّاسُ وَرَزَقَنِى اللَّهُ عَزَّ وَجَلَّ الْأَوْلاَدَ مِنْهَا ، إِذْ حَرَمَنِى أَوْلاَدَ النِّسَاءِ

Hartosna: “Sareng Allah anu ngagentos anu langkung sae tianjeuna. anjeuna iman kakami saat manusa ingkar ka kami. Anjeuna anu ngabenerkeun kami saat manusa ngabohongkeun ka kami. Anjeuna anu ngahibur kami ku hartana saat manusa pelit. jeung Allah masihan kami anak lalaki saat aya nu ngaharamkeun anak awewe.” (HR. Ahmad)

Saparantosna dikantunkeun ku Abu Tholib RA sareng Siti Khadijah RA, Akhirna Kangjeng Nabi SAW ngizinkeun ka para sahabatna supados hijrah ka Thoif.

Nanging penduduk Thoif, henteu nyambut ka Kangjeng Nabi SAW malahan maranehanana ngusir ka Kangjang Nabi sareng pengikutna bari maledogan ku batu, Akhirna Kangjeng Nabi mulih deui bari kaayaan salirana seueur ku tatu.

Hadirin Jamaah Jum’at Rahimakumullah

Nya dina waktos eta Kangjeng Nabi kacida pisan ngaraos sedih, teras anjeuna ngado’a nyuhunkeun perlindungan kalayan pasrah ka Allah SWT.

Doa anu kacida miris pinuh ku kasedihan, sahingga Allah ngutus hiji Malaikat pangjaga Gunung kanggo nawiskeun bantuan:

“Hei Muhammad, saestuna Allah nguping omongan kaom anjeun ka anjeun. kami malaikat pangjaga gunung, teras Allah ngutus kami ka anjeun pikeun ngalaksanakeun naon anu diparentahkeun ku anjeun, upama anjeun menta ka kami, kami bakal ngahijikeun dua gunung pikeun ngahancurkeun manehanana.

Tapi kumaha waleran Rasululloh ?…“Kami miharep sangkan Allah ngaluarkeun tina sulbi-sulbi manehanana, sahingga jalma-jalma daek nyembah ka Allah anu Esa, jeung henteu Musyrik ku naon-naon bae oge. (HR. Bukhori wa Muslim)

Eta mangrupikeun salah sawios kaluhuran akhlaq Rasulullah SAW anu henteu ngagaduhan rasa dendam oge kebencian, sanajan ka jalma anu aniaya ka anjeuna. Sadaya cobaan beurat anu dialaman ku Rasulullah sareng para sahabatna eta moal sanggup dipayunan ku sadaya jalmi di alam dunya ayeuna.

Salajengna cobaan anu kacida beuratna dina taun eta, maka Allah ngaisrokeun sareng ngami’rojkeun Kangjeng Nabi Muhammad SAW, dina hiji wengi pasna dina wengian 27 Rajab.

Baca juga Amalan Utama Jumat Terakhir Bulan Rajab, Yuk Dilaksanakan

Para Hadirin Jamaah Jum’at Rahimakumullah,

Hayu urang sami-sami tingkatkeun kataqwaan ka Allah SWT, kalayan kataqwaan anu sabener-benerna.

Urang kedah yakin dina taat kana parentah-parentah Allah sareng Rosulna, oge nebihan naon rupi anu dilarang ku Allah sareng Rosulna, utamina nulad atawa nyonto sifat-sifat Rasulullah anu kacida agungna.

Sahingga dina Kasempetan Bulan Rajab anu dongkapna sataun sakali ieu tiasa dimuliakeun ku urang sadaya, ku pirang-pirang amal sholeh boh anu sunat atanapi anu wajib sangkan kenging kabarokahan ti Allah SWT.

بَارَكَ اللهُ لِىْ وَلَكُمْ فِى الْقُرْاَنِ الْعَظِيْمِ اِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News

Baca Juga: 3 Khutbah Jumat Awal Tahun Baru 2024, Singkat Tapi Menyentuh Hati 

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm