4 Contoh Artikel Bahasa Sunda tentang Pendidikan, Materi Kelas 12

6 Februari 2023 13:58 WIB
Contoh artikel bahasa Sunda tentang pendidikan.
Contoh artikel bahasa Sunda tentang pendidikan. ( Freepik.com)
  1. Pendidikan pikeun kamajuan diri

Pendidikan lain ukur bisa diteangan disakola wungkul, tapi dimana bae urang ayana. Indung bapa kudu mere conto nu bener pikeun anakna, misalna tina pendidikan sopan santun, agama, lingkungan, jeung sajabana, anu meureun henteu di ajarkeun disakolaan. Nah, naon bae eta kauntungan pendidikan teh pikeun urang? Nya eta pikeun:

  • Ngajadikeun urang leuwih pinter
  • Nyaho kana hal anu bener henteuna
  • Leuwih Bijak
  • Babari neangan pagawean
  • Mikir nu leuwih bener

Pendidikan anu sae tangtu ageng pisan mangfaatna pikeun kahirupan saha bae eta jalmana, aya papatah nu nyebutkeun "Tungtut elmu nepi ka negri china" nah eta hartina, urang kudu diajar saluhur-luhurna pikeun ningkatkeun kualitas kahirupan nu bagja ajang engkena.

  1. Pendidikan pikeun karir/pagawean

Jalma anu boga pendidikan nu luhur bisa lewih gampil menangkeun pagawean. Asal urang terus ikhtiar jeung ngado'a pikeun menangkeun pagawean nu dipikahayang ku urang, sarta meraktek-keun elmu nu ku urang bisa atawa di kuasaan.

  1. Pendidikan pikeun ngabangun karakter

Lain saukur ajang neangan pagawean wungkul, tapi ku ayana pendidikan tiasa ngajarkeun urang kana sopan santun jeung hal-hal anu leuwih bener. Pendidikan oge tiasa masihan rencana anu hade pikeun kahirupan ka harepna.

Ku ayana pendidikan urang jadi bisa ngarencanakeun mangsa hareup nu leuwih hade, sarta bisa nyokot kaputusan anu bener tina kahirupan, intina bisa nyieun urang leuwih hade jeung bagja engkena.

  1. Pendidikan tiasa masihan pencerahan

Ku ayana pendidikan bisa ngahapuskeun pemikiran anu salah nu pernah aya di benak urang. Pendidikan mere gambaran anu ca'ang supaya urang teu ngarasa kabingungan, sabab ku ayana pendidikan, hal-hal anu tadina urang teu tenyaho jadi nyaho.

  1. Pendidikan ngabantu pikeun kamajuan bangsa

Pendidikan mangrupakeun jajaran kabutuhan dasar jalma supaya bisa leuwih bagja kahareupna. Pendidikan bisa ngabantu tina kamajuan bangsa. Sabab, mangsa hareup bangsa bisa jadi aman lamun dicekel ku masyarakatna anu boga pendidikan nu sae.

(Kustian)

Baca Juga: Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Sopan Santun yang Sesuai Struktur

Pendidikan

Elmu pangaweruh kudu urang di tangan neika ka urang maot Naha bet kitu? Soalnya neangan elmu nyaeta geus jadi kewajiban urang salarea, elmu kudu ku urang diteangan walo nepika negri cina, elmu pangaweruh anu nyieun urang apal anu nyieun urang ngarti. Lamun urang geus ngarti urang teh bakal gampang sukses rek di Dunya atawa di akhirat, ku jaman Kiwari loba pisan sarana keur neangan elmu pangaweruh, mangga hayu urang beberkeun Lakon nyiar elmu.

  1. Anu formil

Neangan elmu pangaweruh anu formil nyaeta ku caranya urang sakola, Dina urang sakola urang bisa apal naon wae elmu anu bisa ku urang di beunangkeung soalna geus aya rpp, loba syarat urang keur naek tingkat di sakola mimiti nilai ulah jeblog, Jeung urang kudu geus nguasaan materi nu geus di pajarkeun, tapi upami saur abdimah upami sakola smsteh kurang ngajurus Kana profesionalitas, Naha bet kitu? Soalna di ajar geus aya patokan rppmah uranggeh asa kapatok we di ajarteh padahal mah di ajarmah sabebasna patokanmah keur minimalna sanes keur maksimalna,

  1. Elmu aya ku aya nu nyieun

Urang rek nepika iraha kudu di huapan wae? Sok tanya urang di huapan ku elmu barat atawa lainnya kuduna bangsa urang lamun hayang maju kudu nyieun elmuna kudu urang nu ngahuapan bangsa deungeun, tah lamun kitumah elmu pangaweruh bangsa uranggeh bakal leuwih maju ti bangsa deungeun.

  1. Elmu ti luar nu formil

Elmu Jeung neangan elmuteh teu kapatok ku diajar disakola hungkul, yeuh elmu diaakolamah saeutik nu lobamah elmu di luar sakola, dengekeun di sakolamah urang neangan elmu heula kakara ujian di kahirupanmah di luar ti sakolamah ujian heula kakara memang elmuna, tah beda pisan sok geura eksperimen meh boga elmu pangaweruh anu loba.

  1. Hadena aya teknologi informasi

Ku ayana teknologi informasi urang saraarea bisa neangan elmu dimana wae iraha wae, bisa nanyakeun ka babaturan di jajaring sosial atawa anjeung oge tiasa searching neangan kos ieu artikel, tah ku ayana teknologi informasi Jeung interneteh bisa ngamudahkeun urang oge tina sarana Jeung pasarana keur maneh nimba elmu pangaweruh ieu.

  1. Solusi aya gara gara masalah

Kop tangan masalahkan pecahkeun solusinya loba pisan permasalahan di Indonesia mah kawas masalah sampah, banjir, longsor, jst tah aya oge masalah nu liana kawas di wc bau. Tah gara gara masalah nu aya eta bisa nyieun nambahan elmu pangaweruh kusabab sok maraneh neangan solusinya ulah saukur, nganikmati masalah nua ayana.

Kasimpulanana kieu kop nyiar Jeung nyieun elmu sabab geus jadi kewajiban salarea, inget urang hirup di dunya kudu mangfaat, tah lamun anjeun boga elmu oge sok geura bagikeun elmuna, inget elmu nu mangfaat nyaeta amal anu moal eureun ngocorna.

Kagiatan Osis

Kagiatan di sakola teh lain ngan saukur diajar di jero kelas. Pikeun para siswa anu hayang mekarkeun kamampuhna, di sakola aya rupa-rupa kagiatan, upamana bae pramuka, PMR, PKS, kasenian, olah raga, jsb.

Eta kagiatan teh kabehanana dikokolakeun ku OSIS. Naon ari OSIS? OSIS teh minangka hiji wadah kagiatan ekstrakurikuler sakola nu aya di unggal SMP/SMA. Anu mingpin OSIS dihiji sakola, nyaeta ketuana, tangtu miboga pancen pikeun ngalaksanakeun sarta ngordinasi kagiatan-kagiatan OSIS.

Kagiatan OSIS kudu bisa mantuan kalawan aktif lumangsungna atikan upamana bae Pramuka, PMR, PKS, Paskibra, Kasenian, kudu dirojong ku OSIS sangkan hasilna nyugemakeun. Kapangurusan OSIS ilaharna diganti unggal taun dina ahir semester kadua. Siswa anu kapapancenan jadi pangurus OSIS tangtu henteu sagawayah, tapi dumasar kana hasil milih dina Musyawarah Perwakilan Kelas (MPK).

Siswa anu kapilih jadi ketua OSIS kudu boga bakat kapamingpinanan dina dirina sarta diperedih boga kaparigelan husus pikeun ngokolakeun organisasi. Kitu deui, siswa anu rek mingpin organisasi kudu mibanda sipat-sipat husus nu dipiharep ku eta organisasi, upamana bae wijaksana dina mutuskeun hiji perkara, jembar pikiran, loba ide atawa gagasan, boga sipat guyub babarengan digawe jeung nu lian, jsb.

Ari kawajiban nu jadi anggota OSIS nyaeta kudu nyekel kana aturan disiplin OSIS, nyumponan kawajiban anu geus ditangtukeun ku oraganisasi, ngalaksankeun Panca Karya Setya (kode etik OSIS), sarta tumut tur ngalaksanakeun hasil musawarah MPK.

Ilaharna para pangurus OSIS anu anyar kapilih sok dibere latihan dasar kapingpinan ku pihak sakola, pangpangna ku guru-guru anu kapapancenan jadi Pembina OSIS. Maksudna ngarah para pangurus miboga pangaweruh ngeunaan kapamingpinan sarta prak-prakan ngokolakeun organisasi.

Baca Juga: 6 Contoh Dongeng Bahasa Sunda Singkat, Lucu Lengkap dengan Artinya

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm