10 Contoh Sajak Sunda Tentang Alam yang Singkat, Materi Kelas 7 SMP

8 Februari 2023 11:20 WIB
Contoh sajak Sunda tentang alam.
Contoh sajak Sunda tentang alam. ( freepik/wirestock)

Mapagkeun panon poé isuk-isuk..

Hejona tatangkalan endag-endagan katiup angin

Nuhun pisan gusti, kanikmatan sadaya anu tiasa abdi rasakeun..

Kaéndahan alam nu tos anjeun ciptakeun

Janten nyata kakuasaan nu teu aya tandingan nana..

(oleh: Kustian)


Contoh sajak Sunda.

Contoh sajak Sunda tentang alam.

Baca Juga: 4 Contoh Artikel Bahasa Sunda tentang Pendidikan, Materi Kelas 12

Kerusakan Lingkungan

Mangsa datang dadangrat

Cinyusu luput walungan saat

Deudeuh teuing masarakat

Hayang cai ge tihothat

Jol hadolo mah geus komo

Caianeun sakotak ge teu kacomo

Ieu teh tangtu akibat

Leuwung diruksak nepi ka parat

Teu ngingetkeun poe aherat

Ngababad leuweung teu jeung adeuh

Asal beuteung seuebuh

Pangrasa boga keur ngagaleuh

Da meni geuleuh

Alam Nyien Abdi Sumanget 

Abdi muka soca..

Katingali, panon poe isuk nu nembus kana jero rohangan

Abdi muka jendela..

Katingali, halimun tina balik tatangkalan padesaan.

Netesna embun ngabaseuhan daun-daun dina tangkal

Sora-sora manuk karasa merdu kadengena..

Angin nu ngahembus nambih sumanget jiwa raga

Tina alusna kaendahan alam ieu, abdi sadia ngajalankeun dinten ayeuna.

(oleh: Kustian)

Kerusakan Hutan

Leuweung gonggong sima gonggong

Kiwari tinggal omong

Gunung molongpong

Tatangkalan lowong

Poma tong bedegong

Leuweung tong diantep ngemplong

Pelakan deui nu kosong

Kabeh kudu ngarojong

Tong saukur melong

Komo deui patukang tonggong

Bukit Senyum 

Mapay mapay pilemburan

Suku gunung jalan jajahan

Pudunan jeung tanjakan jadi carita nu moal poho

Jog anjog hiji tempat

Linduh iuh ku tatangkalan

Camara siga nu ngagupayan

"Bukit senyum" anu luhur

Dina tangunyarna suku burangrang

"Bukit senyum" jadi catetan

Diri nyoba nyampurnakeun kaasih

Sangkan pagalo pareng ngajodo

Pareng kapancir ganjaran taqdir

Nu ngajadikeun sungkan pikeun paturay

Dina guneman kahèman

Rasa beurat pikeun paanggang

Burangrang mawa kamelang.

(Ku Amang Pen)

Alam Kiwari

Alam dunya matak ketir

Gunung dugul pasir bulistir

Sasatoan ti leuweung jicir

Ngalanto ke lembur ge diusir

Datang hujan balalanjir

Jol halodo caah nyingkir

Ngan watir kanu di hilir

Ngala cai oge digilir

Kalakuan nu teu mikir

Nuaran kai teu diijir

Dapon leuitna buncir

Paduli teuing batur nyengir.

Baca Juga: Contoh Pidato Bahasa Sunda tentang Sopan Santun yang Sesuai Struktur

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm