Contoh Resensi Film Bahasa Sunda yang Sesuai dengan Strukturnya

2 Februari 2023 12:00 WIB
Contoh resensi film bahasa Sunda.
Contoh resensi film bahasa Sunda. ( Freepik)

Isi

Jejer dina pilem Garuda di Dadaku karya sutradara Ifa Isfansyah ngeunaan méngbal. Ieu pilem téh diproduksi lantaran ku ayana rukun gawé antara: Miléan Production, Unilever (Lifebuay Shampoo), jeung SBO Production. Lokasi sutingna di wewengkon Jakarta

leu pilem teh nyaritakeun tokok Bayu budak kelas 6 SD anu boga cita-cita havang jadi pamain mengbal sohor Unggal poe cocoanana téh kana bal mengbal Bayu cicing jeung indung, ogé akina. Bapana Bayu gé resep kana méngbal, nepi ka kukuna tidikes tur teu bisa deui méngbal. Antukna ukur jadi supir taksi. Lantaran ginggiapeun (trauma) kitu, akina Bayu teu resep ka saha waé nu sok méngbal. Ku kituna, akina Bayu (Usman) kacida ngahalang-halangna ka Bayu pikeun neruskeun cita-citana jadi tukang (pamaén) mengbal. Tapi getih bapana ngamalir dina diri Bayu, manchna kuat pisan tekadna hayang jadi tukang mengbal.

Bayu bogaeun sobat, ngaranna Héri. Ku Héri, Bayu disumangetan sangkan miluan seleksi Tim Nasional U- 13 anu engkéna bisa ngawakilan Indonesia keur laga di aréna internasional.

Dina hiji waktu. Bayu panggih jeung Johan, palatih mengbal Arsenal di Jakarta Ti dinya harepan Bayu jadi pamaén méngbal beuki ngagedur. Dibantuan ku sobatna Héri jeung sobat anyarna Eahra, Bayu terus latihan mengbal susulumputan da sieun kapanggiheun ku akina. Halangan-harungan kaalaman ku Bayu salila ngudag cita-citana jadi pamaén mengbal U-13, najan antukna mah Bayu bisa make saragam mengbal Indonésia kalayan mibanda hak maké logo garuda dina kostimna.

Baca Juga: 6 Contoh Laporan Kegiatan Bahasa Sunda yang Sesuai dengan Ketentuan

Pilem Garuda di Dadaku payus keur dilalajoanan ku barudak atawa rumaja Eusina mundel ku pangajaran hirup, karakter, jeung kumaha carana nyanghareupan pasualan dina kahirupan Lian ti éta, ieu pilem téh bisa ngawewegan kana kayakinan kamampuh diri. Hirup bisa sukses dimimitian tina ngimpi jeung hobi (karesep). Sacara umum, pilem Garuda di Dadaku geus hasil jadi film anu méré tontonan jeung tuntunan. Nuturkeun carita tokoh-tokohna nu lalajo bakal diajak seuri, sedih, keuheul, bungah, gegebegan, jeung aya kalan pikaseurieun.

Jalan carita leuwih kuat karasana, lantaran dibarengan ku soundtrack anu dikokolakeun ku pasangan salaki-pamajikan Aksan Sjuman jeung Titi Sjuman Music Score anu marengan jalan carita, nimbulkeun suasana batin anu hegar ka nu lalajo.

Najan pilem ajangkeuneun barudak jeung rumaja, tapi di jerona aya kritik. Upamana wać aya adegan tokoh Bayu nalapung bal anu keuna kana poster calon législator anu nenggel kana sirahna. Tapi najan kitu, sacara umum pilem Garuda di Dadaku geus hasil jadi pilem anu ngawewegan kana sikep nasionalisme barudak jeung rumaja Indonésia ngaliwatan jejer méngbal.

Aya sawatara pangajén anu kungsi kacangking ku pilem Garuda di Dadaku, di antarana wać: 1) Kungsi jadi pilem pembuka dina Film Festival Buruduk jeung Rumaja Hamburg (Michel Kinder und Jungen Filmfest), 2) Film Anak-Anak Terbaik dina Festifal Film Indonesia (FFI) 2009. 3) Soundtrack film Garuda di Dadaku (anu dinyanyikeun grup band Nétrial) dilélér pangajén dina MTV Indonesia Award 2009 minangka the best original soundtrack (2009)

Penutup

Tapi sanajan kitu, pilem Garuda di Dadaku gé mibanda sawatara kahengkeran Upamana waktu adegan Bayu keur méngbal di Gelora Bung Karno, di stadion anu kuduna pinuh ku nu lalajo, tapi kaciri korsi nu lalajo téh kosong. Ngan sacara umum mah, adegan demi adegan dina pilemna, katitén ditata apik ku sutradara.

Resensi Film ‘Kabayan Jadi Milyuner’

Pendahuluan

Judul Film: Kabayan Jadi Milyuner 

Jenis Film: Drama/comedy

Aktor/aktris: 

Jamie Aditya (kabayan),

Rianti Cartwright (Iteung),

Amink (armasan),

Christian Sugiono (boss rocky), Slamet Rahardjo (ustadz soleh),

Didi Petet (abah),

Meriam Bellina (ambu),

Melly Goeslow (seketaris) Produksi Starvision

Sutradara: Guntur Soeharjanto

Produser: Chand Parvez Servia

Isi

Kabayan anu diperankeun ku Jamie Aditya dicaritakeun minangka saurang pamuda bageur tur jujur nu dipikaresep di lingkungan masarakatna. Kabayan satia pisan ka pesantrén di daérah anu dipingpin ku Ustadz Soléh. Dina hiji waktu kacaritakeun aya saurang jalma beunghar anu katelah Bos Rocky nu diperankeun ku Christian Sugiono datang ka Kabayan mawa harta sangkan Kabayan ngancurkeun pasantrén. Niat éta bos téh hayang ngarobah pasantrén jadi hiji resort méwah.

Tapi sanggeus datang Nyi Iteung anu diperankeun ku Rianti Cartwright, kasatiaan Kabayan mimiti léah. Kabayan kapincut ku Nyi Iteung. Akal séhatna kaganggu ku timbulna asmara cinta ka Nyi Iteung. Tapi kituna téh teu lila. Antukna dina hiji waktu Kabayan ngumbara ka Jakarta. Indit ka Jakartana téh kalawan maksud pikeun maluruh cara sangkan bisa nyalametkeun pasantrén anu geus jadi tanggung jawabna.

Kelebihan

Akting unggal tokoh dina ieu pilem kaitung aralus jeung profesional. Suasana masarakat Sunda karasa pisan atra diperankeun ku unggal tokoh, utamana dina lentong dialog jeung dialék basana anu nyunda pisan.

Harmonisasi kasundaan dina ieu film sanajan henteu persis, tapi geus ngagambarkeun suasana hiji sélér bangsa anu hirup silih ajénan di hiji pilemburan. Ieu pilem anu tujuanana pikeun ngahibur penonton geus hasil ngagambarkeun sarta nyuguhkeun ka penonton sosok figur para tokohna, ti mimiti Kabayan, abah, ambu, Nyi Iteung, nu geus dipikawanoh watakna ku masarakat.

Kitu ogé adegan nu diperankeun ku Jamie Aditya, Amink, Meriam Bellina, dan Melly mampuh ngahibur penonton. Sontrék jeung musik Anto Hoed jeung Melly Goeslaw mampuh masieup guluyurna unggal adegan. Unggal suasana dipirig ku musik anu merenah pisan. Lagu-lagu anu dipilihna ogé payus tur matak pogot anu lalajona.

Baca Juga: 6 Contoh Dongeng Bahasa Sunda Singkat, Lucu Lengkap dengan Artinya

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm