5 Contoh Babad Bahasa Sunda yang Singkat, Sebagai Bahan Belajar

7 Maret 2023 14:15 WIB
Contoh carita babad bahasa Sunda.
Contoh carita babad bahasa Sunda. ( Pixabay)

Hiji waktu, Bapa Kelindur ngintip hayang nyaho kumaha carana para pasukan jin buntung malingan éta bahan bangunan. Anjeunna naék kana tangkal maja. Tapi ngadadak ngalakukeuna bari ku hawa tunduh nepi ka saréan tilu poé tilu peuting dina tangkal maja téh, lantaran kasirep ku ajian jin buntung.

Ku ngaleungitna Pa Kelindur, Syekh Abdul Jalil hariwang sok sieun aya bahaya. Sanggeus ditéangan ka ditu ka dieu teu kapanggih, hop waé anjeunna boga sangka’an, moal boa diheureuyan ku jin buntung. Nya ti dinya anjeunna terus naék kana tangkal dahu, di dinya anjeunna ngadu’a ka Gusti Nu Maha Suci sangkan Bapa Kelindur bisa gancang kapanggih deui kalayan salamet.

Ku kersaning Gusti Yang Widi, ahirna Pa Kelindur bisa kapanggih deui malahan dialanteurkeun ku pasukan jin buntung, nu ngarasa taluk ku panasna hawa du’a Syeh Abdul Jalil. Pingpinan jin buntung ogé gancang serah bongkokan bari pokna: “Aduh ampun Kangjeng Syeh!  Ti mimiti ayeuna pasukan kaula moal rék ngaganggu deui, jeung malahan siap bakal ngabantu kana pamaksadan Kangjeng Syekh ngadegkeun pasantren!”

Geus kitu mah hawa panas leungit, atuh tangkal “dahu” jadi pugur. Pugur hartina daunna maruragan, anu ahirna tangkalna ogé jadi paéh. Tah ti harita éta pasantrén nu diadegkeun ku Syekh Abdul Jalil téh dingaranan “Pasantrén Dahu Pugur” tepikeun ka ayeuna. Wallohu a’lam bishawab.

Contoh 4

Hanjuang Beureum di Kutamaya: Sempalan Babad Sumedang

Kacaturkeun Karajaan Sumedang téh dirurug ku pasukan Karajaan Cirebon Ari sababna, Pangeran Geusan Ulun (Raja Sumedang), ngiwat Ratu Harisbaya, istri Pangeran Girilaya (Raja Cirebon). Méméh ngarurug Sumedang, pasukan ti Cirebon teh ngaraso heula, ngarumpul di hiji tempat anu tiiseun. Maksudna mah bari rék ngatur siasat.

Kacaturkeun Aki Sayang Hawu, patih Karajaan Sumedang. Lar ngaliwat katempat panyumputan pasukan Cirebon téa, kacida reuwaseunana. Tuluy baé Aki Sayang Hawu téh atuh nyamar jadi aki-aki baramaén, leumpangna ogé jajarigjeugan bari mawa iteuk. Tuluy ngadeukeutan pasukan Cirebon téa. "leu téh pasukan ti mana? Naha nyarumput di dieu?"

"Lamun Aki hayang nyaho, kami téh ti Cirebon. Arék ngarurug Sumedang. Arék maéhan Prabu Geusan Ulun," ceuk salasaurang prajurit.

Ngadéngé jawaban kitu, geuwat Aki Sayang Hawu indit. Kituna téh tetep wé nyamar jadi aki-aki baramaén. Sanggeus jauh ti nu ngumpul téa, leumpangna ngabe lesat kawas kilat. Maksudna rék geuwat bébéja ka Prabu Geusan Ulun.

Sadatangna, pok Ki Sayang Hawu unjukan, "Kangjeng Prabu, di leuweung aya pasukan Cirebon rék ngarurug. Tapi teu kudu salempang, kuring siap jadi taméng. Jurungkeun wé, pasti kuring bakal bisa ngéléhkeun pasukan Cirebon!"

"Kaula percaya ka Aki, tapi tetep kudu mawa balad!" ceuk Prabu Geusan Ulun.

"Mangga. Ngan kuring aya paménta. Bade melak hanjuang beureum di alun-alun Karaton. Eta teh pertanda, mun éta hanjuang daunna garing tandana kuring elch Tapi mun eta hanjuang daunna angger, hartina kuring masih keneh hirup

"Heug" ceuk Prabu Geusan Ulun

Cedok Ki Sayang Hawu nyembah, terus indit néangan hanjuang, Hanjuang téh dipelakkeun di alun-alun Geus kitu mah arindit, dibaturan ku tiluan: Ki Nangganan, Ki Kondang Hapa, jeung Ki Térong Péot.

Kacaturkeun Ki Sayang Hawu jeung batuma nu tiluan geus nepi ka tempat pa sukan Cirebon kumpul. Teu loba tatanya, der wé perang campuh Opatan ngalawan ratusan. Tapi teu ieuh éléh najan opatan ogé, lantaran Ki Sayang Hawu ngawatek ajian weduk banyu jeung halimunan. Ajian weduk banyu téh mun dikadek lir cai, liput sapada harita. Ari halimunan mah bisa ngaleungit ngadadak. Antukna mah pasukan Cirebon téh eléh. Nungtutan lalumpatan ka mana daek Tuluy dibarerik ku nu opatan. Ki Sayang Hawu papisah jeung batuma anu tiluan, sabab masing-masing jongjon ngabeberik musuh. Perangna tilu poé tilu peuting Saréngséna perang, nu tiluan teu kungsi panggih deui jeung Ki Sayang Hawu Ki Nangganan nu pangheu-lana balik teh. Tuluy wae bébéja ka Prabu Geusan Ulun Kajadian dipangperangan dicaritakeun taya nu kaliwat Waktu Prabu Geusan Ulun nanyakeun ngeunaan Ki Sayang Hawu Ki Nangganan teu ngajawab. Da memang teu apaleun téa. Nya dicaritakeun wé kajadian nu sabenerna.

"Boa-boa perlaya," ceuk Prabu Geusan Ulun.

"Duka atuh, kirang terang lebah dinyana mah," témbal Ki Nangganan

Ngadéngé jawaban ti Ki Nangganan kitu, haté Prabu Geusan Ulun mimiti dil impudan kasieun, Sieun pasukan Cirebon ngarebut karaton tur machan dirina. Teu lila terus waé ngajak pindah ka sakumna eusi nagara. Ngajugjug ka suku gunung Rengganis, di daerah Dayeuhluhur.

Kacaturkeun Ki Sayang Hawu nu disangka geus perlaya. Saestuna mah waktu harita pahibut ngudag musuh, Ki Sayang Hawu hanteu ngabeberik musuhna. Antukna Ki Sayang hawu téh balik deui ka tempat perang mimiti, bari néangan baturna nu tiluan téa Digeroan euweuh waé Panyangkana nu tiluan téh geus perlaya. Padahal Ki Nangganan sabatur-batur mah baralik ti heula. Haténa sedih kacida Geus puguh kitu mah tuluy wé balik ka Sumedang. Ngan barang nepi ka Sumedang, kasampak di karaton euweuh sasaha Nagara ge titiseun, euweuh jelema saurang-urang acan. Nempo kaayaan kitu, ras Ki Sayang Hawu téh inget kana jangjina ngeunaan tangkal hanjuang Tuluy ditéang. Tangkal hanjuang nu dipelak ku manehna di alun-alun teh hirup kénéh.

Ceuk pikirna, "Prabu Geusan Ulun téh henteu nempo hanjuang. Henteu nurut kana papatah aing."

Ti dinya terus indit, néangan urang Sumedang nu arindit teuing ka mana. Teu kungsi lila, papanggih jeung jelema nu lalar liwat. Kakara waé meunang béja, yen ayeuna téh caricingna di Dayeuhluhur.

Tina nyeri peurih asa dihianat Ki Sayang Hawu leumpangna gagancangan. Jog baé ka Dayeuhluhur. Gancang ku Prabu Geusan Ulun dibageakeun

"Bagéa Aki," ceuk Prabu Geusan Ulun.

Ki Sayang Hawu teu ngajawab. Teu lila pok ngomong sorana ngageter. "Ku naon Kangjeng Prabu ngalih?"

"Demi nyalametkeun diri, euweuh deui cara kudu pindah nagara Alesanana mah kuring meunang béja yen Aki téh perlaya di pangperangan," ceuk Prabu Geusan Ulun.

"Kapan kuring geus nyieun tanda ku tangkal hanjuang?"

"Kuring téh poho. Komo sanggeus papanggih jeung batur Aki nu tiluan nu nyebutkeun teu panggih deui jeung Aki, teg wé kuring téh Aki geus perlaya.," ceuk Prabu Geusan Ulun tandes.

Harita Aki Nangganan aya, milu ngariung. Barang karéréteun ku Aki Sayang Hawu, geuwat dirontok. Ditubles ku kujang pusaka. Nempo kajadian kitu, Prabu Geusan Ulun teu bisa kukumaha. Teu lila ti harita, Aki Sayang Hawu indit kaluar ti karaton bari pokna, "Aing cadu moal ngawula ka nu teu tumarima."

Nepi ka maotna, urang Sumedang euweuh nu apaleun di mana tempatna. Ngan cenah, Aki Sayang Hawu téh sabenerna mah teu maot, tapi tilem di Kabuyutan Dayeuhluhur. Nepi ka kiwari tempat paragi tilemna loba nu ngajarahan, ngan aya pantanganana, ulah maké batik motif Jawa atawa motif Cirebon.

Contoh 5

Babad Sumedang

Pupuh Sinom

leu carita dikarang, dianggit dijicun dangding, carita tanah Sumedang, jaman baheula bihari, tapi éstu saperti, tutur anu tanpa dapur, ngan urutkeun caritana, kolot-kolot nu bihari, anu asli bibit-buitna Sumedang.

Turun manurun carila, anu tepi ka kiwari, meh sarupa caritana, kolot-kolot ménak kuring, anu jadi bibit buit, kasebut nagara Galuh, kaganti ku Pajajaran, sanga parubi Siliwangi, nu kasebut mencarkeun satanah Jawa.

Ratu-ratu sunan-sunan, nu jadi pangagung nagri, sesebutan nu baheula, cara ayeuna bupati, ngaran pangagung nagri, ratu atawana perbu, ari ayeuna nu kocap, tedak Perbu Siliwangi, tina wates sanga Perbu Linggahiang.

Jadi ratu di Sumedang, bibit tedak Siliwangi, dikebatkeun caritana, jadi ratu nu diganti, ku putra anu kakasih, sanga Perbu Linggawastu, gancangna kacarita, putra na ngan hiji istri, jeung panungtung ratu nu agama Budha.

Kota Sumedang harita, kiduleun Gunung Kacapi, disebutna Kutamaya, sakalereun Palasari, nyandingan walungan cai, sisina beulah ti kidul, lahanna lempar pisan, mas ningal sakuriling, ngan lilu pal ti kota anu ayeuna,

Sisi walungan Cisugan, lepi ka jaman kiwari, nelah lembur Kutamaya, ayeuna nu jadi bukti, landa aya urut nagri, ayana teh rada luhur, ngembat sarupa jeung kuta, jiga pasir ngan masagi, ayeuna mah geus dirombak jadi sawah.

Ayeuna ganti carita, ratu di nu séjén nagri, di Cirebon nagarana, kangjeng Su nan Gunung Jati, kasebutna ratu wali, tedak kangjeng Nabi Rosul, harita Sta saja man, pada mangku ngéréh nagri, di Cirebon sareng di negri Sumedang.

Ayeuna ratu anu dua, mimitina kulet dalit, tatapi misah agama, Budha jeung agama Muslim. Sinuhun Gunung Jati, teu pisan kersa ngaganggu, maksa ngasup keun Islam, tapi tetep silih asil, kacaturkeun lila- lila bebesanan,

Putrana ratu Sumedang, nya eta ngan hiji istri, ditikahkeun ka putuna, kang- jeng Sunan Gunung Jati Maolana Magribi, atawa nu sok disebut, Pangeran Pamale Karna, saéstuna kudu Sarif, nya éta téh putra pangeran Pacunan,

Ari pangeran Pacunan, putra Sunan Gunung Jati. Enggalna kangungan putra, pameget kasép jeung segut, siga enggeus mawa ciri, ahir jadi pangagungna. Kocapna Tatu Sumedang, kalangkung nya suka galih, reh kagungan putra pameget utama.

Énggal lajeng ngadeuheusan, ka sinuhun Gunung Jati, pihatur ratu Sumedang, ka sinuhun Gunung Jati, lajeng barina melas-melis, sim kuring agung panuhun, éta pun incu tea, manawi paidin gusti, disuhunkeun rék diingu di Sumedang.

Teu gaduh deui anak, jabi awéwé mung hiji, ku sinuhun geus kamanah, pijadieun awal ahir, wantuning bangsa wali, ngawalonan sinuhun, teu aya pisan halangan, wantuning sarua wajib, tapi éta bapana téh jalma Islam.

Agama nurut ka bapa, muda jadi Islam deui, pihatur ratu Sumedang, ku sim kuring geus kapikir, sinarengna jisim kuring, nurutkeun riwayat sepuh, pitutur anu baheula, disebutkeun jisim kuring, panungtungan jadi ratu di Sumedang.

Nu agama-agama Budha, mangké geus tangtu diganti, nya éta ku incu téa, éta téh anu mimiti, ganti nyembah ka Yang Widi, ku agama Nabi Rosul, sareng tedak-tu medak, dugi kana jaman ahir, sirna Budha kaganti ku agama Islam.

Ketakeun ieu carita, Perbu Lingga waktu tadi, lambat-lambut jumenengna, ahirna mangké diganti, ku putra-putra anu tadi, anu kasebut di luhur, ngeréh nagri Sumedang, ratu agama muslimin, awit ngeréh eusi nagri bangsa Budha.

Tatapina lila-lila, saréhna ratu muslimin, pangeusi nagri Sumedang, anu jaradi muslimin, teu kacatur éta deui, sababna pada aranut, pantes geus nurut riwayat, ka caturkeun deui tadi, di Sumedang saeusining manjing Islam.

Baca Juga: 5 Contoh Autobiografi Bahasa Sunda yang Singkat dan Inspiratif

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm