10 Contoh Pedaran Bahasa Sunda yang Singkat dan Sesuai Struktur

3 Agustus 2023 19:05 WIB
Contoh pedaran bahasa Sunda yang singkat dengan berbagai tema atau topik.
Contoh pedaran bahasa Sunda yang singkat dengan berbagai tema atau topik. ( )

Sonora.ID - Pedaran dalam bahasa Indonesia disebut juga dengan karangan eksposisi, yakni karangan yang menjelaskan suatu proses kegiatan, tujuan, dan manfaatnya.

Karangan pedaran ini biasanya ditulis berdasarkan fakta-fakta yang ditemukan baik dari hasil penelitian maupun pengalaman pribadi si penulis.

Sama seperti halnya jenis karangan atau teks lainnya, pedaran juga memiliki struktur yang membangunnya di antaranya adalah sebagai berikut.

  • Pembuka: Berisikan keterangan atau gambaran mengenai hal yang dibahas.
  • Isi: Menceritakan isi pembahasan utama.
  • Penutup: Ringkasan tulisan dan harapan penulis kepada pembaca.

Selanjutnya, berikut kami sajikan kumpulan contoh pedaran bahasa Sunda yang singkat, pendek, beragam tema, dan sesuai dengan strukturnya, dikutip dari berbagai sumber.

Baca Juga: 7 Contoh Surat Resmi dalam Bahasa Sunda yang Sesuai dengan Struktur

Contoh Pedaran Bahasa Sunda yang Singkat dan Sesuai Struktur

Contoh 1

Surabi

Surabi nya éta olahan nu dijieuna tina tipung béas, sanggeus diuyahan jeung parudan, kalapa diasupkeun kana citakan tina taneuh nu dipanaskeun maké suluh. Sakapeung di luhurna dipurulukkan oncom.

Surabi biasana dijual di sisi jalan isuk-isuk keur opieun, aya ogé anu dicampur jeung gula beureum maké cipati (santen). Kiwari mah surabi téh geus rupa-rupa rasana, saperti keju, stoberi, coklat, jsb, cara nyieunna mah sarua baé.

Contoh 2

Kuda Lumping

Kuda Lumping nya éta kasenian wangun ibing anu dipaénkeun ku saurang maké kukudaan minangka média. Iwal ti éta ibing kuda lumping biasana sok aya atraksi anu bahaya saperti ngadahar beling, jukut, mesek kalapa maké huntu, jsb. Ieu hal nu ngajadikeun kuda lumping sok dipatalikeun keun hal-hal anu magis, saméméh minton pamaén kudu ngayakeun ritual pikeun kasalametan.

Masarakat mikawanoh kasenian kuda lumping minangka kasenian anu magis lantaran dina ritual pamaén jiga nu diasupan roh sangkan bisa ngadahar beling atawa nu séjénna, katambah ku gamelan jawa anu marengan nambah suasana magis dina pintonnana.

Cenah, ibing Kuda Lumping mangrupa wangun apresiasi sarta pangrojong rahayat cacah ka pasukan kuda Pangeran Diponegoro dina nyanghareupan pangjajah Walanda. Aya ogé vérsi anu nyebutkeun, yén ibing Kuda Lumping ngagambarkeun carita perjuangan Raden Pites, anu dibantuan ku Sunan Kalijaga, ngalawan pangjajah Walanda.

Vérsi séjén nyebutkeun yén, ibing ieu mengisahkan ngeunaan latihan perang pasukan Mataram anu dipingpin Sultan Hamengku Buwono I, Raja Mataram, pikeun nyanghareupan pasukan Walanda.Kiwari kuda lumping dijadikeun kasenian pikeun hiburan, teu jarang kuda lumping anu teu ngasupkeun unsur magisna tapi leuwih kana ibing katut gerakanna.

Contoh 3

Katimus

Katimus nya éta kadaharan khas ti daerah Jawa Barat, di sabudereun Tatar Sunda. Katimus dijieuna tina parudan sampeu nu dicampur gula beureum, naha rék gula kawung atawa gula kalapa anu dibentuk paranyang dibungkus ku daun cau.

Ngasakeunna nya éta ku cara diseupan nepi ka geunyal, cirining éta katimus téh geus asak. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun ngadaharna dibaturan ku bajigur. Katimus biasa disuguhkeun dina acara tahlilan, muludan, jsb.

Contoh 4

Ranginang

Ranginang mangrupakeun kadaharan nu kasohor di Indonesia. Teu sirikna di unggal wewengkon, utamana di Pulo Jawa, miboga kamonésan ranginang gumantung wewengkonna masing-masing.

Ranginang bisa di dahar langsung, minangka susuguh keur semah boh di imah atawa di nukariaan, atawa bisa oge keur dengeun sangu. Keur di dahar langsung, cocog lamun di dahar jeung cikopi.

Contoh 5

Gamelan

Gamelan mangrupa gamelan anu badag sarta sakabéh pakakas gamelan dipaké pikeun nyiapkeun gamelan.

Hal ieu dipaké pikeun marengan musik atawa genting dina pintonan, contona wayang nice, wayag luang, wayag jalma, ketoprak, tarian tradisional jeung saterusna.

Aya rupa-rupa gamelan anu dipaké unggal aya acara atawa pagelaran.

Gamelan Jawa pikeun marengan penyajian gending dina pagelaran karawitan, bisa diwangun ku sababaraha répertoar, nyaéta: soran atawa gending-gending kalayan volume kendang anu teuas.

Sadaya alat gamelan dicoo iwal suling, gender, gambang, siter jeung rebab. Sora kaulinan jenis ieu disadiakeun kalawan tempo pinuh, seseg jeung antal.

Jenis lihiran, sarimbag jeung ngaranna, penyajian ieu gending leuwih lembut atawa lambat. Sadaya instrumen dicoo, tapi gender, gambang, rebab, kecapi jeung suling diutamakeun.

Aya tari sepi anu bisa dironjatkeun tina resiko anu digunakeun, diantarana gadon, nyamaleng, sitaran, dingeran, jeung sajabana.

Aya ogé gamelan anu dipaké pikeun nyieun pakakas upacara adat, nyaéta gamelan gedé.

Aya deui jenis gamelan sekati jeung gamelan nungang. Gamelan segati anu kagungan Kanjeng Kyai Gunturmadu sareng Kanjeng Kyai Guntursari.

Biasana dipaénkeun dina acara hajatan atawa acara anu dilaksanakeun dina tanggal 5 Mulud nepi ka tanggal 12 Mulud pikeun miéling kalahiran jeung wafatna Nabi Muhammad SAW.

Sanajan kitu, gamelan jenis ieu ogé pikeun kasempetan upacara agung, supitan jeung teteasan putra atanapi putri Sultan sarta sakabeh kulawarga.

Instrumén atawa pakakas dina sakabéh gamelan nya éta 2 gong gedé, 1 kendang, 1 kempyang, 1 saron demung, 2 sarung ricik, 2 sarung péking, 1 sampur jeung 1 bonang.

Gamelan nungang nyaéta gamelan anu miboga tilu nada.

Gamelan ieu awakna aya 4 buah ngandung hiji teli bonang badag, 1 kenong jepang, 2 bende, 1 pasang lojeh, 1 kendang gending, 1 kendang penutung jeung dua gong. Dibarengan ku gamelan segati, tunggangan gamelan nedunan adegan Sultan, diteruskeun ku agung dayoh, sipitan, titisan, manti, rempog macan, grebegan jeung sajabana anu dipikahayang ku karaton.

Gamelan nu biasa digunakeun di Jawa miboga rupa-rupa jenis jeung cara maénna, aya nu nyaring jeung aya nu lemes. Rupa-rupa gamelan, ti naon waé pakakas anu dicoo jeung pakakas anu dipikaresep pikeun dicoo.

Aya gamelan pikeun pementasan jeung pikeun upacara adat, ku sabab kitu anjeun jeung si kuring kudu apal kana jenis, ngaran pakakas gamelan jeung mangpaat gamelan pikeun ngalestarikeun budaya Jawa.

Contoh 6

Comro

Comro mangrupakeun kadaharan khas ti Jawa Barat. Comro dijieuna tina parudan sampeu anu dibentuk buleud atawa lonjong anu bagian jerona dieusian sambel oncom nu saterusna digoréng, mangkana kadaharan ieu dingaranan comro anu mangrupa singketan tina oncom di jero. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun di dahar waktu haneut kénéh.

Contoh 7

Kebersihan Sekolah

Anu ngabogaan tanggung jawab pikeun ngajaga kaberesihan lingkungan sakola teh nyaeta urang sarerea. Urang sadaya kedah mibogaan kasadaran pikeun ngajaga kaberesihan, boh di sakitaran lingkungan imah boh di sakitaran lingkungan sakola.

Kaberesihan lingkungan sakola teh kudu dijaga, ulah ngan saukur mun dititah wungkul ku guru. Ku ayana lingkungan anu beresih tangtu tiasa ngabantu urang kahindar tina sagala rupa panyakit. Janten, kabersihan di lingkungan sakitar urang teh wajib dijaga ku hal-hal anu positif supados bersih jeung lestari lingkungan sakola éta, sabab kabersihan teh mangrupakeun sabagian tina iman.

Ayeuna, tos seueur pisan sagala macem panyakit anu disababkeun ku teu apikna jalma-jalma kana lingkungan. Loba jalma nu ngahaja ngarusak lingkungan pikeun kapentinganna sorangan. Aktivitas anu négatif ieu teh pasti bakal ngajieun masalah di waktos mangsa kahareupna.

Dimana urang ayena tos terang kiwari loba pisan masalah nu ditimbulkeun gara-gara lingkungan anu kotor di lingkungan urang. Janten, urang sadaya kedah emut kana ngajagi lingkungan dimana wae ayana.

Salah sahiji masalah tina teu bersihna lingkungan nyaéta datangna panyakit, kusabab loba jalma nu teu ngajagi kabersihan lingkungana. Lamun hiji lingkungan tos kotor, loba sampah dimana-mana, geus pasti panyakit moal tiasa urang hindaran.

Kusabab eta, urang kedah ngajaga kabersihan lingkungan sapertos di lingkungan sakola. Kalakuan anu sakirana ngarusak atawa ngotoran lingkungan sakola, kedah urang carek. Sabab, sagala perkawis kedah di mimitian ku urang sadaya terutami pikeun ngajaga kabersihan di lingkungan sakola.

Contoh 8

Sisingaan

Sisingaan mangrupakeun seni pintonan rahayat khas Sunda. Teu aya asal pasti, iraha kasenian ieu mimiti di paénkeuna. Ceunah mah ngaran Sisingaan téh geus dipikawanoh ku masarakat Sunda di Jawa barat ti jaman baheula.Ari saurna mah mimitina kasenian ieu ngan ukur dipaénkeun di wéwéngkon kabupatén Subang, Jawa barat. Tapi kiwari pintonan Sisingaan ogé geus ngembang di wewengkon séjéna, kawas Kabupatén Bandung, Purwakarta jeung Sumedang.

Di kabupatén Subang, Sisingaan remen ogé dipaénkeun lamun aya acara husus, kawas khitanan masal sarta ngabagéakeun sémah ageung atawa kanagaraan. Saban bulan Agustus, kasenian ieu ogé dipaénkeun dina poé kamerdékaan Republik Indonésia. Saban warsih, kasenian ieu ogé digelar di masarakat Subang dina ngarayakeun Poé Jadi Kabupatén Subang.

Sabot pintonan Sisingaan dipaénkeun, urang bisa nempo sawatara bonéka nu mangrupa sirah singa nu dijieuna tina awi. Lamun Sisingaan dipaénkeun pikeun acara sunatan masal, di luhur tandu engkéna ogé aya diuk saurang budak lalaki anu baris rék dikhitan.

Sarta sabot pintonan dimimitian, saban tandu éta dipunggu ku opat urang lalaki. Maranéhanana maké pakéan adat Sunda. Hiji ciri hasna, maranéhanana maké ikét sirah ti lawon atawa udeng. Teu heran, lamun aya ogé anu nyebutkeun kasenian ieu ku ngaran Gotong Singa. Lamun diartikeun, Gotong diadopsi ti basa Sunda nyaéta dipunggu.

Sabot acara sisingaan di paénkeun ogé ilaharna di iringan ku témbang tradisional, kawas kendang, gong, salompret, sarta ketipung. Bari lalampahan, nu ngagarotong tandu ogé jojogédan bari nuturkeun sora musik.

Biasana mah kasenian ieu ogé dipaénkeun babarengan ku atraksi nu séjéna, kawas pintonan akrobat sarta pencak silat. Teu tinggaleun, tarian has Sunda, salah sahijina Jaipong ogé sok di témbangkeun sabot aya pintonan Sisingaan ieu.

Jadi pamaén Sisingaan ieu téh teu  gampang, sabab pamaén kudu ngabogaan katerampilan nu husus.  Miasalna kudu bisa ngibing, sarta maénkeun sawatara macem-macem gerakan bari nahan sisingaan nu dibawana.

Mimitina mah sisingaangan ieu mangrupa pintonan basajan. Tapi kiwari, boneka Sisingaan anu dijieun tina awi téh dijieun sakitu rupana nepi ka mirip jeung singa wangun aslina. Kostum pamaén Sisingaan ogé mikin kadie mah mikin modern.

Contoh 9

Dodol Garut

Dodol mangrupa sala sahiji kadaharan tradisional sarta hiji komoditas nu bisa ngangkat ngaran Garut salaku kabupatén produsén dodol nu miboga kualitas luhung, alus, sarta dodol nu dihasilkeun ogé kacida loba rupana. Dodol Garut ogé geus kasohor di mana-mana lantaran rasana nu béda jeung dodol nu sarupa ti daérah lianna.

Contoh 10

Peuyeum Bandung

Peuyeum nya éta kadaharan khas ti bandung, nu dijieun tina sampeu atawa béas ketan. Cara ngolahna di seupan tuluy di ragian sangges kitu di bungkusan ku daun waru atawa daun tisuk.

Lamun peuyeum ketan biasana mah di bungkusan ku daun muncang atawa daun hangasa, tuluy di simpen kira-kira dya poé. Raos di daharna dina wanci panas atawa tengah poé.

Sekian paparan mengenai kumpulan contoh pedaran bahasa Sunda dengan berbagai tema atau topik. Semoga bermanfaat untuk Anda. 

Baca Juga: 6 Contoh Dongeng Bahasa Sunda Singkat, Lucu Lengkap dengan Artinya

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm