8 Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Singkat, Lengkap Beragam Tema

13 Maret 2023 15:11 WIB
Contoh naskah drama bahasa Sunda.
Contoh naskah drama bahasa Sunda. ( Soompi)

Ningsih              : “Eh...emangna kuring teh penyihir, puguh atuh, kuring mah keur mikir lain keur nyulap Onah !!!” (tembal Ningsih sewot)

Ipeh                    : ”Biasa wae atuh Ningsih nyariosna, mani sewot kitu nya???” (menta pendapatka Mimi gigireun)

Mimi                    :  “Uhun da eta mah tos kitu teuas hulu !!!”

Onah                  : “Batu atuh !!!” (celetuk Onah, beri panon na ngareret ka Ningsih)

Ningsih              : “Euhhhh... ieu barudaknya, ti tatadi hayuh wae momojok kuring, kumaha kuring wae atuh, naha mani rujit !!! Wew (bari ngajeubi)

Onah, Ipeh jeung Mimi silih ngareret. Teu pati lila sumping Fi’ah lulumpatan bari nyndak sapu injuk.

Mimi                    : “Aya naon atuh Fi’ah aya naon??? Siga di toel ku juring !!!”

Fi’ah                   : “(jejeretean) Eh... sanes kitu teteh, euhh tadi aya jalmi teu eling luumpatan jadi weh kuring ngiring lulumpatan da sieun !!! (tembalna bari hah heh hoh cape)

Ipeh                    : “Ari kitu jalmi teu elingna ngudag Fi’ah???”

Fi’ah                   : “Henteu oge sih !!!”

Onah                  : “Naha atuh mani hayang pimilueun???”

Fi’ah                   : “Ah wios weeee atuh wew” (bari ngajeubi)

Ningsih ngaledek ka Fi’ah bari ujug-ujug nyurungkeun teu pagah puguh pedah naon.

Fi’ah                   : “Ih... aya naon si???” (bari nyureung)

Ningsih              : “Oh jadi ieu istri nu dipikahewa jeung nu sok nganyernyeri alo kuring teh !!!” (Ningsih terus maju mojokkeun Fi’ah terus undur-unduran)

Mimi                    : “Alo???”

Ipeh                    : “Si Midin nya???”

Onah                  : “Enya meureun !!!”

Fi’ah                   :“Maksudna??? Nganyeunyeuri kumaha??? Biasa wae pan”(ngajawab bari nyantai)

Ningsih              : “Atuh da jalma jiga kieu mah moal nyadar !!! (bari ngebug tak tak Fi’ah)

Fi’ah                   : “Pedah naon atuh Midin  hewaeun ka kuring??? Hayohhh??? (bari ngaledek)

Ningsih              : “Tong teuing apal, percuma maneh mah moal nyadar, neundeun ceuli ge dina irung tuda”

Onah                  : “Naon salah si Fi’ah Ningsih???”

Ningsih              : “Gandeng tong teuing pimilueun lah !!!”

Ipeh                    : “Atuh ari teu pagah-puguh mah perlu diamankeun !!!” (pimilueun ngomong bari samutut)

Mimi                    : “Satujuuuuuuu...!!!” (celetuk Mimi bari ngepeulkeun peureup)

Ningsih              : “Maneh deui Mi, lain si Udin eta mah !!!”

Mimi                    : “Maksudna???”

Ipeh                    : “Keun geura ek ngalucu tadi namah ngan teu bisaeun”

Ningsih              : “Gandengggg..!!!” (Ningsih ngagorowok bari nyurungkeun Fi’ah nepika tiguling)

Teu lila, datang Midin nu lulumpatan da nempo Fi’ah tiguling, diditu namah ek jadi pahlawan kabeurangan ceunah (Haha)

Midin                  : “Eh nanaonan sih pake nyurungkeun Fi’ah sagala???” (matana molotot ka Ningsih, bari pananganna mantuan Fi’ah tatih deui)

Fi’ah                   : “Ih nanaonan sih maneh Midin??? Kuring teu butuh bantuan maneh !!!” (bari ngalesotkeun pananganna ti Midin)

Onah                  : “Ih... Geningan Fi’ah kitu si???”

Ningsih              : “Maneh teh nya !!! (bari nyurungkeun dei tak tak Fi’ah) “Geus untung ditulungan, eh teu nuhun-nuhun acan, teu boga kaera pisan” (bari molotot)

Midin                  : “Cicing atuh Ningsih ge ulah padu nyurungkeun wae !!! Karunya Fi’ah !!!”

Ipeh                    : “Ah jigana aya nanaon yeuh !!!”

Midin                  : “Nanaon??? Naon atuh naon???” (bari nyureng)

Mimi                    : “Naonnya???” (bari mirintil-mirintil keun tungtung tiung)

Ipeh                    : “Cinta meureun !!!”

Ningsih              : “ Ah nahaon atuh cinta??? Midin, ceunah maneh teh hewa ka Fi’ah??? Naha atuh kalah hayuh wae di bela??? Hah??? Jawab !!! ( bari molotot)

Fi’ah                   : “Naon atuh salah kuring??? Naha mani kalasar pisan ka kuring???”

Midin                  : “Fi’ah mah teu salah nanaon ieuh !!!” (bari seuri ka Fi’ah)

Onah                  : “Tah...tah...tahh mulai yeuhh !!!

Mimi                    : “Drama Korea mulai yeuh !!!”

Fi’ah                   : “Midin, ulah kitu geura da teu enak kalah ge !!! Bari nage kuring mah teu butuh pitulung anjeun.. Ulah teuing sok So ek nulungan !!!”

Midin                  : “Sanes kitu Fi’ah, Midin mah mung alim ningali Fi’ah di pojokeun kieu, mangkana Midin ngabela Fi’ah !!!” (Bari seuri deui ka Fi’ah)

Onah                  : “Fi’ah mah kitu geningan, meureun duduhkeun Midin teh ek Caper we !!!”

Mimi                    : “Caper teh naon atuh nah???”

Ningsih              : “Nu kitu oge teu apal atuh Mi, oon pisan !!!” (bari nyungklukeun sirah Mimi)

Ipeh                    : “Cari perhatian, Mimiiiiiii !!!” (bari semu jengkel ka Mimi)

Mimi                    : “OH !!!” (Mimi unggut-unggutan)

Fi’ah                   : “Lah kareup teuing, pokok namah ulah sok SO !!!” (bari ngabalieur)

Ningsih              : “Ih budak teh pikaseubeuleun pisan atuh !!! Hewa, geus goreng ka alo urang!!!”

Midin ngabantingkeun panghapus nu caket bor, barudak didinya rareuwaseun. Midin beuki nyakeutan Fi’ah

Midin                  : “ Kupingkeun kuring Fi’ah, ti baheula neupika ayeuna, anjeun mah teu pernah robih wae !!! Cing atuh sing peka kana rarasaan kuring salila ieu !!! Hayuh wae egois, egois, jeung egiossssssss !!!” (ngagorowok kana ceupil Fi’ah) “Nyadar teu??? Kuring teh geus sabar ku prilaku anjeun anu hayuh wae judes jeung kasar, kuring sabar ku anjeun tina sagala poyokan, tapi kuring kumaha??? Naon balasan ti anjeun Fi’ah???” L (bari ningalikeun raray Fi’ah)

Mimi terus wae mirintil-mirintil tiungna, Ningsih ngegel biwir, Ipeh jeung Onah cungar ceungir.

Onah                  : “Sok atuh sok !!!” J

Mimi                    : “Eh ulah gandeng, ke sakeudap deui geura !!!” (bari nyerengeh) J

Ipeh                    : “Enggal atuh lami pisan !!!”

Midin                  : “Kuring kitu soteh pedah BOGOH ka anjeun, kuring NYAAH pisan ka anjeun Fi’ah !!! sing ngarti atuh!”

(Fi’ah tungkul ningalikeun tembok)

Onah                  : “Oh My Gost !!!” (mani tarik)

Ipeh                    : “Oh My God Onah, euh oon dasar !!! (bari nyungklukeun sirah Onah)

Onah                  : “Eh uhun tah eta maksud teh !!! (bari pulunyah pelenyeh)

Ningsih              “Boga nyali oge alo kuring !!!”

Mimi                    : “So sweet !!!”

(Midin tuluy indit kaluar ti kelas)

Ningsih              : “Kakuping teu FI’AH???

(Fi’ah teu nembal)

Ipeh                    : “Ari Fi’ah si kumaha ka Midin???”

Fi’ah                   : “Kumaha kumahana atuh???” (sewot)

Onah                  : “Fi’ah gaduh hate teu??? Fi’ah gaduh rasa nyaah teu ka Midin???”

(Fi’ah cicing ngahuleung)

Mimi                    : “Fi’ah !!!” (bari nyentak)

Ningsh               : “Nembal atuh geura !!!” (nyentak Fi’ah)

Fi’ah                   : “M.....”

Ipeh                    : “Kumaha???”

Fi’ah                   : “Atuh da geura.......!!!” (bari gual geol)

Onah                  : “Geningan jadi ejle kitu???”

Ningsih              : “Ngaku wae atuh !!!”

Fi’ah                   : “Enya, kuring ge Nyaah pisan ka Midin” (bari sura seri era)

Mimi                    : “Ciehhhhhhhh !!!”

Ipeh                    : “(bari acleng-aclengan) Asikkkkkkkkk !!!”

(Ningsih tepuk tangan, anjeunna ngagorowok bari ningali ka belah luar)

Ningsih              : “Midinnnnnnnnnnnn....!!!”

Midin                  : “Kumaha bibi???” (bari mapah nyaketan Ningsih)

Ningsih              : “Fi’ah geus ngaku, yen maneh na oge gaduheun rasa ka Midin !!!”

Midin                  : “Nu bener bi??? (bari bungah)

Fi’ah                   : “Ihhhhhhhhhhh geningan kitu L isin atuh ih !!!”

Halaman Berikutnya
Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm