5 Contoh Autobiografi Bahasa Sunda yang Singkat dan Inspiratif

17 Februari 2023 13:29 WIB
Contoh autobiografi atau otobiografi bahasa Sunda.
Contoh autobiografi atau otobiografi bahasa Sunda. ( Freepik.com)

Sareng di internet oge seuer pisan Beja atanapi Informasi nukumaha bae, sapertos sabundereun tina bahan ajar disakola, didinya urang tiasa diajar tinggal milarian dina Situs Internet nganggo perantara Browser.

Sabab saur pa guru ogé, élmu mah kacida pentingna, lamun hirup nyandak élmu bakalan moal berat kawas urang manggul batu, da nungarana élmu mah icingna dina pangarti jelema, nyaeta dina akal anu sehat.

Saréng nangan élmu ogé tiasa dimana waé sapertos kos kiwari ayena tiasa diajar dina internet. Élmu tiasa dimanfaatkeun diantarana Ngawartosan anu teu wanoh, Ngabantosan anu butuh, Sodakoh pikiran ngangge élmu ogé kaasup kana ibadah.

Saking resepna abdi kana élmu komputer, abdi ngarancang kahayang lulus sakola éngkin, abdi hoyong neraskeun atikan ka teknik komputer sareng jaringan di salah sahiji universitas negri di kota bogor.

Contoh 3

Muhammad Mulkan Fauzi atawa anu biasa disebut Mulkan ku masarakat di sabudeureunana dipikawanoh ngabogaan hobi maca buku jeung maen futsal.

Anjeunna dibabarkeun di Kota Semarang kaping 30 Oktober 1997 ti pasangan Rahmat Kartoso sareng Linda Kusumaningtyas.

Mulkan boga lanceuk nu ngaranna Lusi Apriani nu geus nikah jeung ayeuna hirup jeung salakina di Solo. Anjeunna oge gaduh sapasang adina kembar namina Sifa sareng Isfi anu umurna karek 5 taun.

Mimiti sakola taun 2003–2009 di SDN Budi Mulya. Teras saatos lulus, anjeunna neraskeun ka SMPN 4 Karang Naga ti taun 2010-2013. Teras neraskeun sakola ka SMAN Tarakan 12 Semarang.

Baca Juga: 10 Contoh Surat Pribadi Bahasa Sunda yang Sesuai dengan Kerangka

Di SMA ieu anjeunna ilubiung dina kagiatan ekstrakurikuler Paskibra sareng aktif dina organisasi OSIS. Malah jadi wakil ketua OSIS di sakolana.

Jajaka ganteng ieu téh anggota tim futsal SMAN 12 Tarakan sarta geus meunang sababaraha kajuaraan futsal, boh kajuaraan antar sakola boh kajuaraan umum.

Diantarana, juara katilu Piala Walikota Semarang 2015, juara katilu Piala Hardiknas Futsal 2015, juara kahiji Piala Kilimanjaro 2016, jeung sajabana.

Manéhna ngabogaan cita-cita dina sababaraha taun ka hareup sangkan bisa asup ka tim futsal Indonésia sarta mawa ngaran bangsa ka Asia jeung dunya.

Pamaén anu maén salaku striker ogé boga cita-cita pikeun ngirim haji ka kolotna anu geus ngurus anjeunna saprak budak leutik.

Contoh 4

Nami wasta abdi soni, dibabarkeun di bandung, 13 Februari 1997, Kiwari abdi mumbara di kota Bogor sareng kacatut janten salah sahiji siswa kelas X, di sakola SMAN__  Bogor, Jurusan __.

Abdi mibogaan kahayang anu aya kaitana sareng lingkungan sarta kasehatan, terutamina sapertos olah raga sareng jogging. Pikeun abdi lingkungan sareng kasehatan téh mangrupakeun dua perkawis anu kalintang penting, nu aya patalina hiji sareng nu liana.

Pamugi kapungkur mah ti alit padamukan abdi caket sareng wahangan ciliwung, unggal usum panghujan bumi abdi tangtos kabanjiran ku mudalna eta wahangan kasebat.

Lumrahna abdi sareng keluargi sok ngungsi ka pelataran anu palih luhur di bumi sadérék abdi, dugi ka banjir réngsé. Perkawis ieu téh ka ulang noron unggal tauna, sapertos teu tiasa di tungkulan tina masalahna.

Dugi abdi lebet ka sakola SMA, abdi nyadar yén masalah banjir téh sabenerna lain saukur tanggung jawab pamarentah hungkul, nanging masyarakat ogé kedah ngiring tanggung jawab pikeun nyumponan éta masalah banjir.

Salah sahiji carana nyaeta ulah miceun sampah papaduan ka wahangan, sareng ulah sadaekna nuaran tatangkalan anu aya dipipir wahangan kasebat.

Wanci yuswa abdi 19 taun, salajeungna abdi teras ngiringan hiji organisasi atanapi komunitas dina ngaran "peduli lingkungan" di komunitas kota bogor

Komunitas ieu unggal mingguna ngalakukeun rupa-rupi kagiatan sosialisasi pikeun nangulangan masalah banjir sarta tarekah polah ngeunaan hirup sehat, khususna anu nyicingan dipadamukan dipipir wahangan.

Salian éta, abdi sareng réréncangan ogé ngayakeun bakti sosial di unggal sasihna. Sarta kiwari abdi janten ngarasa boga mangpaat pikeun jalmi anu sanesna, sareng tiasa babagi supados terang sarta abde oge nuju teurang yén kabersihan lingkungan téh ageung pisan patalina saréng kasehatan urang.

Contoh 5

Muhammad Yosi dibabarkeun di Sukabumi, 12 Désémber 2002. Anjeunna cikal ti tilu murangkalih, buah ti Anto sareng Rahma.

Yosi téh landihanana, lahir di kulawarga anu kasang tukang tani. Bapana tukang tani di kampung bari indungna digawé di imah ngurus adi-adina. Maranéhna cicing di hiji désa di wewengkon Sukabumi.

Ti leuleutik Yosi sok dijurung ku indungna sangkan getol ibadah, jadi budak nu soleh, nurut ka kolot, jeung daék digawé. Riwayat atikanana dimimitian nalika asup SD umurna kurang leuwih 6 taun. Ti SD, anjeunna sok aya 3 besar di kelasna.

Sanggeus lulus, Yosi nuluykeun atikanana di SMPN 1 Sukabumi. Saprak harita minatna kana dunya komputer jeung teknologi mimiti mecenghul.

Saparantos lulus SMP, anjeunna mutuskeun neruskeun atikanana di salah sahiji SMK favorit di Sukabumi. Berbekal peunteun ujian sakola anu lumayan alus, anjeunna junun meunang bangku di SMK anu dituju ku jurusan élmu komputer.

Baca Juga: 10 Contoh Sajak Sunda Tentang Alam yang Singkat, Materi Kelas 7 SMP

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm