8 Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda Singkat, Lengkap Beragam Tema

13 Maret 2023 15:11 WIB
Contoh naskah drama bahasa Sunda.
Contoh naskah drama bahasa Sunda. ( Soompi)

Sonora.ID - Drama merupakan sebuah karya sastra yang diciptakan dengan tujuan untuk menggambarkan kehidupan dengan menyampaikan pertikaian serta emosi melalui akting dan dialog.

Dengan mengingat hakikat drama yang merupakan sebuah potret kehidupan manusia baik dalam keadaan suka maupun duka, konflik, serta sisi lainnya dalam kehidupan yang penuh warna, maka penonton bisa seolah-olah melihat kehidupan nyata yang terjadi dalam masyarakat.

Dalam sebuah teks atau naskah drama sendiri mengandung berbagai unsur di antaranya adalah sebagai berikut.

  • Tokoh (protagonis, antagonis, dan tritagonis)
  • Dialog 
  • Alur (maju, mundur, campuran)
  • Latar (tempat, waktu, dan budaya)

Usai memahami hakikat drama melalui paparan singkat di atas, selanjutnya kami sajikan beberapa contoh naskah atau teks drama khusus dalam bahasa Sunda dengan beragam tema, dikutip dari berbagai sumber.

Baca Juga: 6 Contoh Dongeng Bahasa Sunda Singkat, Lucu Lengkap dengan Artinya

Contoh Naskah Drama Bahasa Sunda

Contoh 1

Tugas Kelompok

Beurang eta aya lima urang rerencangan nyaeta Danu, Dina, Dita, Didi, jeung Dadang geus satuju rek ngagawekeun tugas kelompok balik sakola babarengan.

Dita : Engke urang gawean tugas sakola ieu di tempat biasa nya?

Didi : Di saung tea apa di imah si Danu?

Dita : Di saung weh deket sawah ngenaheun bari ningali pamandangan.

Dina : hayu, mun kitu mah kuring balik heulan ah rek ganti baju heula jeung daang heulan, tos kitu urang langsung nuju ka saung.

Sa geus marenehana baralik ka imahna masing-masing, jeung jam nu geus nunjukeun jam setengah opat, Dina, Dita, jeung Didi marangkat ka saung. Ngan ukur si Danu anu heunte mangkat mah sabab manehna mah kalah sare tibra nakeur jeung poho kana janjina.

Di saung

Didi : Danu kamana nya? Tos ampir jam setengah lima ieu manehna can datang keneh wae geningan?

Dina : Boa-boa manehna pohoeun lamun ayeuna arek ngagawekeun tugas sakola babarengan.

Dita : Atawa meren parangsa manehna lamun urang teh arek ngagawekeun pr di imah manehna? Apa urang ka imahna wae nya, meren manehna keur ngadagoan urang-urang.

Dadang: Mereun oge manehna aya urusan, tapi pohoeun mere nyaho ka urang-urang. Urang dagoan weh lah sabari ngagawean tugas.

Maranehana oge opatan tuluy ngagawekeun PR babarengan bari ngadagoan kadatangan si Danu. Sageus jam tangan si dadang nunjukeun jam setengah genep, katembong ti jauh aya budak lalaki lulumpatan sabari mamawa tas sakola.

Didi : Tuh kan bener, si Danu karak ka dieu.

Dina : Eh.. Heuh. Tapi kunaon manehna lulumpatan kos kitu nya siga di udag jurig wae, make seragam sakola ongkoh deuih?

Danu : Heuy bararudak? Keur naon maraneh isuk-isuk keneh aya di saung? Apa maraneh teu sieun kaberangan asup sakolana?

Tidinya oge Dita, Dina, Didi jeung Dadang seserian mani ukey-ukeyan..

Dita : Hahaa, ieu kan sore keneh karak arek magrib, Danu. Maneh pasti karak hudang sare nya?

Dina : Makana Danu, urang kadang mah di papatahan ku kolot ulah sare burit-burit teh kos kitu!

Tidinya oge bengeut si danu beureum bakat ku era ka barudak nu araya di saung eta.

Contoh 2

Ngalongok Babaturan

Disakolaan..

Fira: (Bari ngomong na jero hate) enjing ieu tumben abdi teu ningali si dini, kamananya? Apa mereun manehna teu asup sakola, soalna tatadi teu katingalian sapotong-potong acan.

Keur kitu datang Rara..

Rara : Keur naon Fir?

Fira : Keur ngadagoan si dini yeuh!

Rara : Laina si dini keur geuring nya?

Fira : Ah piraku? Kamari abdi ka bumina, manehna teu kunanaon ah, katingali jagjag keneh!

Rara : Ih maneh mah teu percaya! Ieu kan surat izin-na bieu emina anu masihkeun ka abdi. Hayu geura urang tingali engkin uih sakola ka bumina.

Fira : Asiappp! Hayu, mumpung ayeuna teu aya les tambahan.

Rara : jam 4 nya, engke nyampeur ka bumi abdi hela.

Fira : ok !

Di bumi Rara..

Rara : heuy fir, maneh nyandak naon eta na keresek?

Fira : oh ieu, abdi nyandak buah ra, keur si dini, bisi hoyong buah-buahan.

Rara : Oh.. hayu atuh urang geura-giru ka bumina.

Fira : Hayu ..

Di Bumi dini..

Fira : Assalamualaikum.. Heuy, dini kumaha kaayaana tos mendingan teu acan?

Dini : Eh aya rara, jeung fira, mangga ka lebet, allhamdulilah ayeuna mah tos rada mendingan.

Rara : emang panyawatna naon din, asa kamari mah teu kunanaon ?

Dini : Puguh ge, ieu anemia, ra.

Fira : wah, pasti gara-gara sering kecape-an nya?

Dini : enya, muhun fir.

Fira : oh nya, ieu hilap, abdi nyandak buah-buahan.

Dini : wah, hatur nuhun nya?

Fira : enya sami-sami.

Rara : Mugia sing buru-buru cageurnya din, supaya urang bisa ameng deui.

Dini : muhun.

Rara : mangkana sing tereh cageur nya!

Dini : amin ra.

2 jam saterusna..

Fira : ya, ampun! Tos arek magrib, abdi kudu uwih heuka nya din.

Dini : oke ..

Rara : sami abdi oge, sieun si bapa neangan din.

Dini : oke oke, nuhunnya tos nyempetkeun ngalongok ka bumi.

Fira, Rara : Nya sami-sami..

Contoh 3

Di hiji desa hirup salaki jeung pamajikan nu ges kolot, cicing ngan ukur duaan ku sabab anak-anakna sakabehna geus narikah kabeh, hiji waktu si aki keur diuk disisi teras imahna.

Aki : Mamah, coba pang cokotkeun papah ci kopi atuh!

Nene : Teu kudu nyalukan mamah sagala atuh ki, urang teh geus karolot, geus aki-aki jeung nene-nene. Barudak urang oge geus galelede malah mah geus barogaeun budak deui. Urang teh geus jadi aki-aki jeung nene-nene!

Aki : Nya tos atuh mun kitu mah, Nene pang candakeun aki kopi nya!

Nene : Memangna ibu tos katingalian kolot pisan nya pa, makana bapa nyebut ka uing teh nene-nene?

Aki : Nah, kumaha sih digeroan mamah embung, di geroan nene kalah ambek-ambekan kitu?

Kaparengan mang sakri jeung ceu odah, nu mangrupakeun tatangga sabelahna ngadenge kaributan eta tuluy maranehna nyamperkeun.

Mang sakri : Maraneh ulah raribut wae atuh, kawas budak ngora wae nu keur bobogohan.

Aki : Hayangna mah kitu, tapi kulit geus ngendoran kieu geuning.

Ceu odah : Memangna lamun kulit geus kendor disebut aki-aki?

Nene : Manehna tah, kalakuan jiga budak ngora wae, padahal mah ngangkat bangku letik oge geus teu bisaen kuat hitut-hitut malah mah.

Teu lila Bu Karni jeung salakina pa eko, nu mangrupakeun anak kahiji ti papasangan salaki jeng pamajikan eta datang jeung incuna nu ngarana Yuli bari nyandak oleh-oleh ti luar kota.

Bu Karni : Assalamualaikum pa bu..?

Aki : Wa'alaikum salam, tos sabaraha tahun maneh tara datang nempo bapa jeung emi maneh di dieu?

Yuli : Aki mah tos pikun, karak ge keur bulan kamari da ameng kadieu.

Nene : Si aki memang geus pikun, kadang mah sok poho lamun manehna tuang nepi ka genep kali sapoe ge.

Pa Eko : Wah, lamun kieu mah engke awak bapa bisa gendut kos pamain sumo geura.

Bu Karni : Lamun bapa gendut kan engke karunya emi, ke ka senggol saetik ge bisa ngajengkang.

Nenek : Huusss, maneh pikir indung maneh ieu geus teu boga kakuatan janb ngalawan awak gendut kos sumo kitu? Tenaga ibu masih kuat keneh kos budak ngora.

Ceu odah : Wah, Geuningan salaki jeung pamajikan teh geuningan sarua wae mani eweh nu embung eleh, ngaku-ngaku masih ngalora keneh!

Contoh 4

Si Gengsi Katakluk

Dina hiji poe, Ningsih, Onah, Ipeh jeung Mimi keur ngerjakeun tugas babareungan di kelas. Ningsih ngacung-ngacungkeun pananganna bari api-api mikir.

Onah                  : “E...eh...Ningsih??? Gening atuh pananganna kikituan jiga nu bade nyulap wae !!!” (taros Onah bari bingung)

Ningsih              : “Eh...emangna kuring teh penyihir, puguh atuh, kuring mah keur mikir lain keur nyulap Onah !!!” (tembal Ningsih sewot)

Ipeh                    : ”Biasa wae atuh Ningsih nyariosna, mani sewot kitu nya???” (menta pendapatka Mimi gigireun)

Mimi                    :  “Uhun da eta mah tos kitu teuas hulu !!!”

Onah                  : “Batu atuh !!!” (celetuk Onah, beri panon na ngareret ka Ningsih)

Ningsih              : “Euhhhh... ieu barudaknya, ti tatadi hayuh wae momojok kuring, kumaha kuring wae atuh, naha mani rujit !!! Wew (bari ngajeubi)

Onah, Ipeh jeung Mimi silih ngareret. Teu pati lila sumping Fi’ah lulumpatan bari nyndak sapu injuk.

Mimi                    : “Aya naon atuh Fi’ah aya naon??? Siga di toel ku juring !!!”

Fi’ah                   : “(jejeretean) Eh... sanes kitu teteh, euhh tadi aya jalmi teu eling luumpatan jadi weh kuring ngiring lulumpatan da sieun !!! (tembalna bari hah heh hoh cape)

Ipeh                    : “Ari kitu jalmi teu elingna ngudag Fi’ah???”

Fi’ah                   : “Henteu oge sih !!!”

Onah                  : “Naha atuh mani hayang pimilueun???”

Fi’ah                   : “Ah wios weeee atuh wew” (bari ngajeubi)

Ningsih ngaledek ka Fi’ah bari ujug-ujug nyurungkeun teu pagah puguh pedah naon.

Fi’ah                   : “Ih... aya naon si???” (bari nyureung)

Ningsih              : “Oh jadi ieu istri nu dipikahewa jeung nu sok nganyernyeri alo kuring teh !!!” (Ningsih terus maju mojokkeun Fi’ah terus undur-unduran)

Mimi                    : “Alo???”

Ipeh                    : “Si Midin nya???”

Onah                  : “Enya meureun !!!”

Fi’ah                   :“Maksudna??? Nganyeunyeuri kumaha??? Biasa wae pan”(ngajawab bari nyantai)

Ningsih              : “Atuh da jalma jiga kieu mah moal nyadar !!! (bari ngebug tak tak Fi’ah)

Fi’ah                   : “Pedah naon atuh Midin  hewaeun ka kuring??? Hayohhh??? (bari ngaledek)

Ningsih              : “Tong teuing apal, percuma maneh mah moal nyadar, neundeun ceuli ge dina irung tuda”

Onah                  : “Naon salah si Fi’ah Ningsih???”

Ningsih              : “Gandeng tong teuing pimilueun lah !!!”

Ipeh                    : “Atuh ari teu pagah-puguh mah perlu diamankeun !!!” (pimilueun ngomong bari samutut)

Mimi                    : “Satujuuuuuuu...!!!” (celetuk Mimi bari ngepeulkeun peureup)

Ningsih              : “Maneh deui Mi, lain si Udin eta mah !!!”

Mimi                    : “Maksudna???”

Ipeh                    : “Keun geura ek ngalucu tadi namah ngan teu bisaeun”

Ningsih              : “Gandengggg..!!!” (Ningsih ngagorowok bari nyurungkeun Fi’ah nepika tiguling)

Teu lila, datang Midin nu lulumpatan da nempo Fi’ah tiguling, diditu namah ek jadi pahlawan kabeurangan ceunah (Haha)

Midin                  : “Eh nanaonan sih pake nyurungkeun Fi’ah sagala???” (matana molotot ka Ningsih, bari pananganna mantuan Fi’ah tatih deui)

Fi’ah                   : “Ih nanaonan sih maneh Midin??? Kuring teu butuh bantuan maneh !!!” (bari ngalesotkeun pananganna ti Midin)

Onah                  : “Ih... Geningan Fi’ah kitu si???”

Ningsih              : “Maneh teh nya !!! (bari nyurungkeun dei tak tak Fi’ah) “Geus untung ditulungan, eh teu nuhun-nuhun acan, teu boga kaera pisan” (bari molotot)

Midin                  : “Cicing atuh Ningsih ge ulah padu nyurungkeun wae !!! Karunya Fi’ah !!!”

Ipeh                    : “Ah jigana aya nanaon yeuh !!!”

Midin                  : “Nanaon??? Naon atuh naon???” (bari nyureng)

Mimi                    : “Naonnya???” (bari mirintil-mirintil keun tungtung tiung)

Ipeh                    : “Cinta meureun !!!”

Ningsih              : “ Ah nahaon atuh cinta??? Midin, ceunah maneh teh hewa ka Fi’ah??? Naha atuh kalah hayuh wae di bela??? Hah??? Jawab !!! ( bari molotot)

Fi’ah                   : “Naon atuh salah kuring??? Naha mani kalasar pisan ka kuring???”

Midin                  : “Fi’ah mah teu salah nanaon ieuh !!!” (bari seuri ka Fi’ah)

Onah                  : “Tah...tah...tahh mulai yeuhh !!!

Mimi                    : “Drama Korea mulai yeuh !!!”

Fi’ah                   : “Midin, ulah kitu geura da teu enak kalah ge !!! Bari nage kuring mah teu butuh pitulung anjeun.. Ulah teuing sok So ek nulungan !!!”

Midin                  : “Sanes kitu Fi’ah, Midin mah mung alim ningali Fi’ah di pojokeun kieu, mangkana Midin ngabela Fi’ah !!!” (Bari seuri deui ka Fi’ah)

Onah                  : “Fi’ah mah kitu geningan, meureun duduhkeun Midin teh ek Caper we !!!”

Mimi                    : “Caper teh naon atuh nah???”

Ningsih              : “Nu kitu oge teu apal atuh Mi, oon pisan !!!” (bari nyungklukeun sirah Mimi)

Ipeh                    : “Cari perhatian, Mimiiiiiii !!!” (bari semu jengkel ka Mimi)

Mimi                    : “OH !!!” (Mimi unggut-unggutan)

Fi’ah                   : “Lah kareup teuing, pokok namah ulah sok SO !!!” (bari ngabalieur)

Ningsih              : “Ih budak teh pikaseubeuleun pisan atuh !!! Hewa, geus goreng ka alo urang!!!”

Midin ngabantingkeun panghapus nu caket bor, barudak didinya rareuwaseun. Midin beuki nyakeutan Fi’ah

Midin                  : “ Kupingkeun kuring Fi’ah, ti baheula neupika ayeuna, anjeun mah teu pernah robih wae !!! Cing atuh sing peka kana rarasaan kuring salila ieu !!! Hayuh wae egois, egois, jeung egiossssssss !!!” (ngagorowok kana ceupil Fi’ah) “Nyadar teu??? Kuring teh geus sabar ku prilaku anjeun anu hayuh wae judes jeung kasar, kuring sabar ku anjeun tina sagala poyokan, tapi kuring kumaha??? Naon balasan ti anjeun Fi’ah???” L (bari ningalikeun raray Fi’ah)

Mimi terus wae mirintil-mirintil tiungna, Ningsih ngegel biwir, Ipeh jeung Onah cungar ceungir.

Onah                  : “Sok atuh sok !!!” J

Mimi                    : “Eh ulah gandeng, ke sakeudap deui geura !!!” (bari nyerengeh) J

Ipeh                    : “Enggal atuh lami pisan !!!”

Midin                  : “Kuring kitu soteh pedah BOGOH ka anjeun, kuring NYAAH pisan ka anjeun Fi’ah !!! sing ngarti atuh!”

(Fi’ah tungkul ningalikeun tembok)

Onah                  : “Oh My Gost !!!” (mani tarik)

Ipeh                    : “Oh My God Onah, euh oon dasar !!! (bari nyungklukeun sirah Onah)

Onah                  : “Eh uhun tah eta maksud teh !!! (bari pulunyah pelenyeh)

Ningsih              “Boga nyali oge alo kuring !!!”

Mimi                    : “So sweet !!!”

(Midin tuluy indit kaluar ti kelas)

Ningsih              : “Kakuping teu FI’AH???

(Fi’ah teu nembal)

Ipeh                    : “Ari Fi’ah si kumaha ka Midin???”

Fi’ah                   : “Kumaha kumahana atuh???” (sewot)

Onah                  : “Fi’ah gaduh hate teu??? Fi’ah gaduh rasa nyaah teu ka Midin???”

(Fi’ah cicing ngahuleung)

Mimi                    : “Fi’ah !!!” (bari nyentak)

Ningsh               : “Nembal atuh geura !!!” (nyentak Fi’ah)

Fi’ah                   : “M.....”

Ipeh                    : “Kumaha???”

Fi’ah                   : “Atuh da geura.......!!!” (bari gual geol)

Onah                  : “Geningan jadi ejle kitu???”

Ningsih              : “Ngaku wae atuh !!!”

Fi’ah                   : “Enya, kuring ge Nyaah pisan ka Midin” (bari sura seri era)

Mimi                    : “Ciehhhhhhhh !!!”

Ipeh                    : “(bari acleng-aclengan) Asikkkkkkkkk !!!”

(Ningsih tepuk tangan, anjeunna ngagorowok bari ningali ka belah luar)

Ningsih              : “Midinnnnnnnnnnnn....!!!”

Midin                  : “Kumaha bibi???” (bari mapah nyaketan Ningsih)

Ningsih              : “Fi’ah geus ngaku, yen maneh na oge gaduheun rasa ka Midin !!!”

Midin                  : “Nu bener bi??? (bari bungah)

Fi’ah                   : “Ihhhhhhhhhhh geningan kitu L isin atuh ih !!!”

Ipeh                    : “Tapi bungah kan???”

(Fi’ah sura seuri). Midin asup deui ka kelas, bari nyamperkeun Fi’ah

Midin                  : “Beneran Fi’ah Nyaah ka Midin ???” (bari nyepeng panangan Fi’ah)

Fi’ah                   : “Muhun, Fi’ah nyaah ka Midin..” (bari nyiwit Midin)

Onah                  : “M..... nu nuju kasmaran !!!”

Mimi                    : “Drama jadi kanyataan !!!”

Ningsih              : “Euleuhhh si Fi’ah genitt !!!”

Midin ek nangkeup Fi’ah bakat ku bungah na... Serempak Ningsih, Onah, Mimi, jeung Ipeh ngagorowok “ LAIN MUHRIMMMMMMMMM !!!!!!” 

Baca Juga: 5 Contoh Babad Bahasa Sunda yang Singkat, Sebagai Bahan Belajar

Contoh 5

Dinten isuk di sakola SMA, Bayu lulumpatan nyamperkeun ka babaturana si Jono, Liyana, Nina, Ardi, Mira, Cici jeung Ahmad.

Bayu : Heuy barudak, kamari aya sala sahiji babaturan urang nu di tahan ku polisi ku lantaran kasus narkoba nya?

Jono : Heuh, kamari oge urang ngadenge-denge kitu ceunah, tapi urang teu nyaho saha ngarana anu di tahan teh.

Nina : Cenah lamun teu salah mah si riko kelas sabelah.

Ahmad : Emm, karunya amat nya? Pasti manehna aya masalah nepi ka nyobaan kana obat-obatan nu dilarang keur ngalengitkeun masalahna. Salain kitu kajadian eta jadi ngarusak ngaran sakolaan urang.

Liyana : Tapi, bisa wae lain ku sabab manehna keur boga masalah, bisa wae manehna teh jadi korban atawa dijebak ku urang lain. Urang teu menang nuduh manehna salaku pamake lamun tacan aya buktina.

Nina : Sanyaho urang, manehna mah ti kaluarga anu boga, namun rada kurang di perhatikeun ku kolotna.

Ardi : Bener ceuk Liyana, ayeuna mah loba oknum nu teu tanggung jawab nu bisa ngajebak atawa neangan korban, terutamana ka para pelajar kos urang-urang kie.

Cici : Emang ayeuna mah keur rame kasus narkotika teh nu aya dikalangan rumaja. Ampir unggal poe sok aya di tv nu nyiarkeun berita kasus Narkotika.

Ahmad : Urang kudu bener-bener bisa milih babaturan tina pergaulan urang, jeung waspada kana jalma asing nu aya disakitaran urang.

Mira : Pikanyaah jeung perhatian ti kolot urang emang boga pangaruh gede pisan kana kahirupan rumaja nu masih keneh labil nu gampang ka bawakeun. Lamun cenah kolot urang teu merhatikeun barudakna, tangtu manehna bisa ka jerumus kana pergaulan anu bebas.

Bayu : Ceunah mah sih, manehna teu nepi ka dipenjara sabab masih dibawah umur keneh. Manehna ngan ukur ngalewatan tahap rehabilitasi, nu jadi kolotna kudu neangan cara sangkan anakna teu kajerumus deui.

Cici : Mudah-mudahan wae saenggeus direhabilitasi, si Riko bisa cageur deui jeung sakola kos biasana.

Liyana : Nya bener, sabab lalampahan urang salaku pelajar mah masih jauh keneh. Umuran kos urang mah mangrupa dimana masih keneh neangan jati diri sabenerna keur ngarancang mangsa harep. Nya'ah, lamun cenah kalakuan urang nu salah nyebabkeun ancurna mangsa harep urang.

Jono : Hayu urang babarengan silih dukung ngingetan supaya urang teu kajerumus kana pergaulan anu salah, nu bisa ngarusak mangsa harep urang. Urang kuatkeun ka imanan sarta kabuka ka kolot, kaluarga, jeung babaturan dekeut lamun aya masalah, supaya urang teu depresi jeung ngalakukeun kalakuan anu teu bener sapertos nganyalah gunakeun narkotika!

Contoh 6

Tara asup sakola

Beurang éta jam istirahat sakola geus nyuara, Ari, Dian, jeung Winda, keur maresen jajanan di kantin sakola bari ngararobrol.

Dialog:

Dian : Maranéh nyaho teu kunaon si Dika tara asup sakola salila tilu poé? Apa manéhna keur geuring nya?

Ari : Harita mah urang ningali manehna keur diuk ngabengong di teras imahna. Urang kungsi nanya kunaon manehna tara asup ka sakola. Manehna ukur ngajawab 'teu kunanaon" jeung alesana teh sok kaberangan wae cenah.

Winda : Hmm, moal mungkin sih manehna kaberangan wae mah, manehna kan rajin jelemana. Kosna si Dika keur aya masalah tapi manehna embungeun carita ka urang-urang?

Dian : Oh, heuh urang inget, tilu poe kamari sabalik sakola, emi urang carita lamun nempo si dika aya pasar keur mantuan emina dagang. Laina poe eta teh poe pertama manehna teu asup ka sakola nya?

Ari : Alusna mah, engke balik sakola urang kaditu yu supaya nyaho kunaon sih sabenerna si dika tara asup ka sakola teh.

Dian jeung winda oge satuju kana usulna si ari. Sorena maranehna karumpul jeung mangkat babarengan ka imah si dika. Di ditu maranehna ningali si dika keur ngabereskeun dagangan emina.

Dika : heuy barudak aya naon nya? Tumben ka darieu, hayu dariuk hela.

Dian : Urang ngan hayang nyaho, kunaon maneh tara asup sakola dik salila tilu poe noron, sabab urang nyaho maneh kan babaturan urang nu rajin, maneh keur aya masalah lain dik?

Ari : Heuh dik, kunaon sababna maneh tara asup, mending ngomong weh ka urang-urang nu sabenerna dik.

Dika : Punten saencana, urang sabenerna embung cumarita sabab isin ka maraneh jeung embung nyusahkeun. Urang gawe ngabantuan emi urang ajang ngaringankeun biaya SPP sakola, sabab urang can mayar, deuih karunya asa teh ningali emi urang gawe sosorangan di pasar.

Winda : Oh kitu, kumaha lamun isukan sore urang ngabantuan maneh dagang nguriling kampung ngajual sabagian dagangan maneh dik. Kumaha barudak setuju teu?

Ari, Dian : Hayu, urang setuju!

Dika : Nuhunnya barudak, maraneh emang babaturan urang anu balageur pisan.

Dika tungkul da ngarasa isin, Dian Ari, jeung Winda oge teu lila ngelus-elus pundakna si dika.

Contoh 7

Rana mangrupakeun sala sahiji siswi di SMA anu boga bakat tina widang seni, musik jeung sastra. Karya-karyana sering dipajang di mading sakola jeung kadang mah sok dimuat di sababaraha koran jeung majalah. Poe ayeuna rani kadatangan rerencangana ti sakolana nu hayangeun ningali karya-karya lain di bumina.

*Di bumi Rana*

Assalamualaikum..

Rani : Mangga ka jero, eh loba babaturan. Puntennya ieu imahna sempit kieu.

Didi : Ah sarua wae. Punten oge ieu jadi ngarepotkeun rani.

Rana : Ah teu kunanaon malah mah urang resep maraneh ulin ka imah urang jeung hayang ninggali karya urang anu laina.

Ana : Maneh emang hebat ran! Puisi sunda anu kumaneh jieun alus kacida nu dipajang di mading sakola, loba siswa anu maracana kuat calerik di dinya keneh.

Rani : Ah, bisa wae maneh ana. Urang ge masih diajar keneh. Karya urang masih eweh nanaonan lamun dibandingkeun jeung karya sastrawan laina.

Anya : Lamun terus di asah, iraha-iraha ge maneh pasti bisa nyaingan sastrawan nu kakoncara laina ran, urang yakin eta.

Zahra : Oh, Heuh urang hayang ningali karya-karya maneh nu laina ran, kajeun?

Ernita : Sakalian oge urang hayang belajar ka maneh, supaya nilai palajaran sastra urang-urang bisa naraek.

Fina : Urang oge hayang diajarkeun nyieun puisi sunda nu alus supaya engkena lamun aya ujian sastra urang teu hese-hese amat.

Rani : Mangga sok bae. Hayu atuh asup ka kamar urang! Diditu loba karya-karya urang anu tos disimpeun nu encan di publikasikeun.

Teu lila, rani jeung sakabeh babaturana asup ningali ka kamar.

Indah : Wah, geuningan maneh jago ngalukis oge nya rani. Naha heunteu dipajang oge hasil lukisan maneh di madding sakola? Pasti loba anu rareseupeun.

Rana : Sabenerna mah eta lukisan terakhir urang, soalna bapa urang teu reseupeun lamun ningali urang ngalukis wae. Bapa urang menta supaya leuwih fokus heula ka sakola soalna lamun ngalukis teh urang mah sok bisa jam-jaman nepi ka poho kana waktu belajar.

Fina : Terus, kumaha lamun karya maneh anu sejena kos puisi jeung karya sastra anu lain?

Rana : Lamun soal eta, bapa urang teu nyahoeun, sabab lamun urang keur nyieun puisi atawa sastra laina, bapa urang nganggapna urang keur belajar.

Gita : Terus, Kumaha lamun jeung indung maneh?

Rana : Lamun indung urang mah kajeunen wae, malah mah titah ngembangkeun bakat jeung minat urang.

Kartika : Urang ngadenge-denge maneh jago oge maen gitar nya ran?

Rana : Ah, teu sajago kitu, ngan ukur sering nulis lirik lagu jeung nganyanyikeuna make gitar karesep urang ieu.

Tiara : Maneh emang hebat ran! Salain jago di sastra, jago oge maenkeun alat musik gitar.

Anya : Coba atuh nyanyikeun hiji mah lagu ciptaan maneh ran! Urang hayang ngadengekeun!

Rana : Urang heunte kitu jago nga-nyanyikeuna. Urang mah ngan saukur nyiptakeun lirik jeung nyieun arasemen musikna hungkul.

Zahra : Buru atuh Rani, ulah era-era.

Rana : Nya deuh, mun kitu mah.

Rani mulai maenkeun senar gitarna, jeung nganyanyikeun sala sahiji lagu ciptaana. Babaturana nu lain, ngan ukur ngadengekeuna sabari ngararasakeun suara petikan senar gitar jeung suara rani nu merdu. Sageus rani beres nyani, sakabeh babaturana teleleprok kabeh.

Aina : Wah, urang jadi hayang diajar maen gitar oge euy.

Difka : Rani, bisa maneh ngajarkeun urang maen gitar?

Rani : Bisa, tapi ulah ayeuna nya? Kan isukan isuk urang aya ujian sakola..

Endita : Oh enya. Iraha-iraha engke urang ulin deui ka imah maneh.

Rana : Oke, ulah bosen-bosen ulin kadieu.

Indah : Lamun kitu, ayeuna urang baralik heulanya ran. Nuhun rani tos nyempetkeun waktuna.

Rana : Nya sabalikna..

Contoh 8

KABAYAN JANTEN BOYBAND

Lima taun baheula Kabayan jeung Iteung meunang pagawean anu resikona kedah misahkeun manehna duaan.Sateuacan eta,manehna dua’an ngikrarkeun janji satia.

Geus lima taun teh  Kabayan  balik ka kampung tapina iteung mah henteu,kunaonnya?Kieu caritana

Kabayan  :”Nyokap…!Nyokap…! Kabayan uih!yeuh mawa TV khusus keur Nyokap.”(Gogorowokan bari lulumpatan)

Ambu           :”Naon ari maneh,Ambu disebat make-up,asal maneh nyahonya Kabayan,kieu-kieu teh Ambu pas keur ngora tara make up-make upan da geus geulis Ambu mah,malah panggeulisna sakampung.”

Kabayan       :’Huuuu,si Ambu mah da mahiwal wae lain make-up ambu,nyokap,hartina teh ema,meuni kitu ge teu apal.”

Ambu           :”Ah maneh mah Kabayan,di kampung siga kieu mah,mana nyaho basa anu kararitu,geuslah maneh istirahat heula,buru hurungkeun TVna,ambu bade nongton Darso.”

Kabayan       :”Heu si Ambu mah ari Kabayan mawa anu dipikareseup Ambu,ngabageuran Kabayan.Geus ah Kabayan bade ka Nyi Iteung heula.”

Ambu           :”Nyi Iteung?Yeuh Nyi Iteung mah can balik ti Jakarta.”

Kabayan       :”Ma’enya Ambu,Nyi Iteung can balik?”

Ambu           :”Bener,Ambu mah tara ngabohong,jig weh sampeurkeun ka imahna aya teu.”

Kabayan       :”Ah nya tos weh,Kabayan rek istirahat heula.”(Asup ka kamar sabari cirambai cai panon)

Peutingna sobat Kabayan nyaeta Cenang jeung Nanang datang ka imah siKabayan,nu alesana hayang tepang jeung si Kabayan padahal mah ku sabab si Kabayan boga TV anyar,janteun manehna tiasa nonton TV gratis di imah si Kabayan.

Cenang         :”Kabayan..!Kabayan..!.”

Nanang        :”Kabayan…..!”

Ambu           :”Sabar-sabar.”(Sabari mukakeun panto)

Nanang        :”Kabayana aya?”

Ambu           :”Aya sok weh lebet.”

Cenang Nanang:”asik.”(Sabari asup ka imah Kabayan)

Cenang         :”Hey Kabayan,gaya lah ayeuna mah geus jadi juragan,boga TV gede,hayu urang nonton TV.”

Kabayan       :”Ah,urang oge nyaho niat maneh ka dieu,rek milu nonton TV.”

Nanang        :”Ahhhh.Kabayan mah terang wae niat abdi,hihihi..”

Kabayan       :”Geuslah maraneh naronton ditu,urang mah lieur.”

Cenang         :”Eh…eh Kabayan,naha eta teh asa siga….,Iteungnya ?’’(Sabari nunjuk-nunjuk ka TV)

Nanang        :”Mana ? oh enya eta mah si Iteung ,tapi naha beda pisan,beuki geulis geuningan.”

Kabayan       :”Mana? mana? Oh beneur geuningan eta Nyi Iteung,naha ngarana janten Syahlacin?”

Nanang        :”Ah..maneh mah Kabayan,yeuh nya lamun geus jadi artis mah atuh ngarana kudu alus,maenya sok Iteung?Ganti ku anu leuwih keren.”

Cenang         :”Bener tah Kabayan,Iteung tos ganti ngarana mereun.”

Kabayan       :”Oh…he’euh nya bener.Kumaha atuhnya carana supaya urang tiasa nyusul Nyi Iteung?”(Sabari nyepengan tarang)

Kabayan keur bingung mikiran kumaha carana supaya manehna bias nyusul si Iteung ka Jakarta.Pas tiluannana keur malikir,aya hiji iklan di TV nu sakirana tiasa nulungan maranehna.Iklan naon eta,hayu urang tinggal.

Reporter Risis:”Abdi,reporter Risis,nyaeta reporter Ripuh jeung Eksis.Aranjeun hoyong jadi artis? Hoyong terkenal di saluruh jagat raya? Hayu urang ngiringan audisi Boyband di Jakarta,di jamin araranjeun pasti terkenal.Hayu enggal-enggal ngiringan.” (Sabari manehna kaluar tina layar TV sareng ngabagikeun formulir ka Kabayan)

Kabayan       :”Wah,kabeneran pisan aya audisi jadi Boyband.Cenang! Nanang! Hayu urang ka Jakarta ambeh tiasa patepang jeung si Nyi Iteung,satuju?”

Nanang        :”Asyik,jadi artis.”

Cenang         :”Heu maneh mah (Sabari ngagetok tarang si Nanang).Demi nulungan sobat, kuring satuju.”

Isukana Kabayan, Cenang, sareng Nanang teh pamit ka Jakarta .Tos nepi di Jakarta tiluana teh langsung ngadatangan tempat audisi Boyband.Ambu anu teu sabar bade ningali anakna tampil di TV diuk di harepeu TV.

Ambu                :”Aduh,aduh mana si Kabayan teh,ceunah rek audisi naha teu aya-aya? Tah,gening aya oge si Kabayan teh ,Ambu bade ningali ah.” (Sabari ningali TV)

Komentator       :”Sok,perkenalkeun heula saha aranjeun.”

Kabayan            :”Perkenalkeun wasta abdi David.”

Nanang             :”Wasta abdi Kevin.”

Cenang              :(Nyepeng tarang sabari bingung mikirkeun ngaran)”Nami abdi Cecep.”

Kabayan            :”Aduh,maneh mah nya,ngaran urang jeung si Nanang teh geus alus-alus,David jeung Kevin,eh ari maneh cecep.Pamaeh dasar…”(Sabari ngajitak tarang si Cenang)

Cenang              :”Enya atuh kuring teh lieur,anu aya di otak kuring teh ngan ngaran cecep hungkul.”

Nanang             :”Geus welah teu nanaon, nu penting mah urang tiasa ngiluan audisi.”

Cenang              :”Tah,beneur ceuk si Nanang teh.”

Komentator       :”Oke,sok atuh tampilkeun penampilan aranjeun.”

Pas Kabayan ,Cenang ,jeung Nanang rek nampilkeun bakatna sora Kabaya Ujug-ujug serek. Ambu teh langsung mere jahe ka si Kabayan,si Komentator bingungeun, anjeun sadaya ge pasti bingung, hayu urang tinggal adegana.

Kabayan            :”Uhuk-Uhuk-Uhuk.”

Ambu                :”Jahe jang, jahe,jahe.”

Kabayan            :”Naon Ambu ?”(Sabari kaluar ti layar TV)

Ambu                :”Ieu jahe,jahe sok atuh emam heula jahena.”(Sabari mere jahe ka Kabayan)

Kabayan            :”Enya-Enya abdi emam jahena,nuhunnya Ambu nuhun.”(sabari asup deui ka layar TV)

Ambu                :”Enya sami-sami.”

Cenang              :”Kabayan,buru atuh dahar jahena engke bisi komentatorna ngamuk.”

Komentator       :”Hehh!!! (Sabari nenggeul meja)

Nanang             :”Tuh pan bener ceuk si Cenang.”(Sabari ngaharewos ka ceuli si Kabayan)

Komentator       :”Buru,arek nampilkeun moal,hararese kitu oge.”

Hotts               :”Nuhun bu!!!”(Sabari ngabentuk formasi)

   

Sanggeus audisina rengse,komentator nangtukeun saha pamenangna.Teu di sangka-sangka Kabayan, Cenang,jeung Nanang teh jantenanu meunang janten Boyband terkenal,anu ngarana Boyband Hotts.Kabayan Akhirna patepang jeung Syahlacin dina hiji acara.

Reporter          :”Kunaon nami anjeun Syahlacin?”

Iteung              :”Kusabab saya alay cin..”

Reporter          :”Kumaha tanggepan anjeun ka Boyband Hotts anu pendatang anyar tapina tiasa naek daun?”

Iteung              ;”OMG menurut abdi mah nya.abdi tiada tandinganana.”

Reporter          :”Anjeun yakin?”

Iteung              :”Insya allahnya abdi mah yakin sesuatu pisan.”

Ujug-ujug Kabayan jeung sobatna datang tuluy nanya ka Syahlacin.

Kabayan            :”Iteung…Iteung anjeun teh Nyi Iteung pan?”

Iteung              :”Aduh anjeun sahanya abdi mah Syahlacin.”

Nanang             :”Astaghfirulohnya.!’’

Iteung              :”Eh eta mah cirri kahas kuring,tong di turutan.”

Nanang             :”Keun welah.”

Kabayan            :”Iteung…bener ieu mah iteung,ah kang Kabayan mah pasti apal Iteung rek ngagentos ngaran naon ge !”

Iteung              :”Tong sok kenal atuh ieh meuni kampungan pisan!”

Cenang              :”Ari maneh Iteung sombonglah ayeuna mah geus jadi artis teh,nepika kabogoh ge poho.”

Iteung              :”Hey,kamu tong loba omong,Syahlacin teh artis anu kasohor,maenya boga kabogoh siga saha eta Kabayan,geuslah urang rek indit heula ka acara lain heula.”(Sabari malingkeun sirah)

Pas dina acara eta Iteung teh papanggih jeung si Ayanti, teras manehna duaan teh pa’adu omongeun,ku sabab Iteung datangna telat.

Ayanti              :”Ehem,ehem aya anu kabeurangan yeuh.”(Sabari ngadelekan Syahlacin)

Iteung              :”Enya urang telat kunaon kitu?”

Ayanti              :”Uhh..ceunah artis terkenal,eh geningan datangna kabeurangan,cangor maneh mah.”

Iteung              :”Heh,dangukeunnya urang teh telat lain pamalesan,tapi kusabab ti acara anu lain heula,you now?”

Ayant               :”Enya,enya,enya.Up to you lah!”(Sabari ninggalkeun iteung)

Iteung              :”Huuuuh,dasar jalma gelo.!”

Isukannana, Hotts teh keur latihan sareng koreograferna,tapi Kabayan teu bener latihanana kusabab mikiran si Iteung wae, jabaning koreografer na teh super galak.

Koreografer      :”Hiji,dua,tilu mulai.”

Hotts               :(Latihan nari-nari,tapina si Kabayan henteu bener)

Koreografer      :”David,ari maneh kunaon meuni teu bener wae titadi.” (Sabari neggeul suku si Kabayan make mistar)

Kabayan            :”Hampura bu korek.”

Cenang              :”Koreografer lain korek.”

Nanang             :”Tumben maneh pinter.”

Koreografer      :”Ah,geuslah, sok mulai deui latihanana, buruu !”(Sabari ngangkat mistar)

Hotts               :”Enya bu..(Sabari mulai deui latihana)

Pas tos rengse latihana,Kabayan patepang jeung si Ayanti.

Ayanti              :”Eh David ti mana ?”

Kabayan            :”Ti tempat latihan.”

Cenang              :”Adeuuyy,meuni David wae anu di tanya ari urang jeung si Nanang teu di tanya.”

Ayanti              :”Nya enya atuh sanajan nanyana ka David hungkul teu nanaon atuh da sarua.”

Nanang             :”Ayanti,teu bareng jeung si Anangka ?”

Ayanti              :”Teu ah da tos putus jeung si eta mah,ayeuna mah kuring jomblo.”

Cenang              :”Asiiiiiik,aya kasempatan keur kuring atuh…!,henteu heureuy ketang.”(Sabari seserian)

Kabayan            :”Eh…geus atuh ah, hayu urang balik, cape yeuh”

Nanang             :”Tah..he’euh bener, hayu atuh.”

Kabayan            :”Ti payun nya neng Ayanti.”

Ayanti              :”Enya.”(Sabari seuri isin)

Ti saprak Ayanti panggih jeung si Kabayan , Ayanti teh langsung bogoh ka si kabayan.Teras Ayanti the ngadeukeutan wae si Kabayan, Syahlacin teh cemburu.Kumaha lanjutan caritana urang tinggal adegan ieunya.

Reporter          :”Ayanti,david.”(Sabari ngungudag Ayanti)

Ayanti              :”Punteunnya aya urusa naon?”

Reporter          :”Abdi si Reporter Risis Ripuh jeung Eksis,ngomong-ngomong Ceunah Ayanti jeung David the nuju caketnanya?”

Ayanti              :”Hmmm.”

Kabayan            :”Henteu abdi jeung Ayanti mah rencang cakeut hungkul .”

Ujug-ujug Syahlacin datang.

Iteung              :”Bener,Ayanti jeung David teh ngan rerencangan hungkul.!”

Ayanti              :”Naon Syahlacin pipilueun wae ? Nya salah maneh oge teu narima david ti baheula.”

Kabayan            :”Geus-geus tong ribut, Ayanti ku abdi anteurkeun uih urang nunggu di mobilnya.”

Saentos si Kabayan angkat  Ayanti megat Iteung teras ngabisikeun hiji hal.

Ayanti              :”Heh syahlacin kadieu.”(Sabari narik leungeun si Iteung)

Iteung              :”Ihh tong narik-narik leungeun syahlacin atuh. Oh My God aya naon sih? Meuni siga aya sesuatunya.”

Ayanti              :”Hehehe,ayeuna David mah aya di leungeun kuring.”(Sabari seuri sinis)

Iteung              :”Mana si David ? eweuh di lengeun didinya..”

Ayanti              :”Heu maneh mah ongkoh artis terkenal,tapi anu kitu ge teu ngarti eta teh paribahasa, maksadna teh si David keur dekeut ka urang, teu bogoh deui ka maneh.”

Iteung              :”Heh tong sok nya janten jalma teh, rek kumaha oge David mah tetep bogoh ka Syahlacin salami-lamina, tos nya abdi pan artis terkenal, jool sibuk kudu indit deui ka acara salanjutna.

Sanggeus kajadian eta teh Kabayan langsung nelepon Syahlacin dina telepon teh Kabayan ngomel-ngomel ka Syahlacin.

Iteung              :”Halo..aya naon Kabayan ?Tumben nelpon ka urang?”

Kabayan            :”Ai maneh teh kunaon? Ngomel-ngomel ka Ayanti? Cemburunya?” (Raray kapedean)

Iteung              :”astagfirulohnya meuni ge’er pisan maneh the,keur naon urang cemburu ka ayanti pan urang jeung ayanti geulisan urang.”(Raray narsis)

Kabayan            :”Ikh,meni so pisan.”(Sabari nutup telepon)

Sanggeus Kabayan nutup telepon Syahlacin teh nyadar lamun manehna teh masih bogoh ka Kabayan.Teras isukana Syahlacin boga inisiatif nyemperkeun Kabayan sabari rek menta maaf.

Syahlacin          :”Punteun Kabayan…”(Suara anu lembut)

Kabayan            :”Aya naon?”(Raray sarius)

Iteung              :”Urang rek menta maaf nya ka maneh,enya urang jujur yeuh,urang sabenerna bogoh keneh ka maneh.”

Kabayan            :”Hmmm,bener eta teh,ahh maneh mah ngabohong.”

Iteung              :”Bener,da urang teh sabenerna Iteung punteun urang teu ngaku,kusabab Iteung isin ka infotaiment,punteun nya Kabayan.”

Kabayan            :”Tah ieu kakara iteung anu kang Kabayan kenal.Teras rencana Iteung bade naon ka dieu?”

Iteung              :”Iteung mutuskeun rek ngiring kang Kabayan ka Kampung.”

Di tukangeun manehna aya Ayanti anu ngadangukeun manehna dua’an ngawengkong.Ayanti ngarasa sedih teras mutuskeun angkat ka luar kota.

Ayanti         :”Aww.”(Sabari nabrak Cenang)

Nanang        :”Ari maneh nakunaon nabrak kuring,tuh pan buuk kuring acak-acakan.”

Ayanti         :”Ah,awas maneh banci.”(Sabari ninggalkeun Cenang jeung Nanang)

Cenang         :”Ihh,meuni kaktus pisan.”

Nanang        :”Salah ari maneh lain kaktus,ketus kuya..!”

Cenang         :”Oh enya-enya.”

Isukna,Iteung ngiring mulang ka desa

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.7 fm
98.9 fm
98.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm