7 Contoh Karangan Eksposisi Bahasa Sunda Beragam Tema dan Strukturnya

14 Februari 2023 15:04 WIB
Contoh karangan eksposisi bahasa Sunda.
Contoh karangan eksposisi bahasa Sunda. ( Pixabay)

Sonora.ID - Mengutip dari laman KBBI V, eksposisi merupakan sebuah teks yang berisi uraian maupun informasi dengan tujuan untuk menyampaikan pendapat atau gagasan yang disajikan dengan fakta guna memperkuat informasi.

Teks ini pun memiliki beberapa ciri khusus di antaranya berisi data faktual; bersifat informatif dan objektif; bentuk penulisannya padat, lugas, dan jelas.

Selain itu, sebuah teks eksposisi biasanya juga terdiri atas struktur yang membangunnya, yakni tesis, rangkaian argumen, dan penegasan ulang.

Bagian tesis mengandung pengenalan isu, masalah serta pandangan penulis secara umum mengenai topik yang akan dibahas.

Selanjutnya, bagian rangkaian argumen berisikan argumen penulis sebagai penjelasan tesis. Biasanya berisikan fakta-fakta yang mendukung. Sementara itu, di bagian penegasan ulang biasanya berisikan penutup atau simpulan.

Berikut ini pun kami sajikan beberapa contoh karangan eksposisi dalam bahasa Sunda sebagai bahan untuk belajar, dikutip dari berbagai sumber.

Baca Juga: 10 Contoh Surat Pribadi Bahasa Sunda yang Sesuai dengan Kerangka

Contoh Karangan Eksposisi Bahasa Sunda

Contoh 1

Kebersihan Sekolah

Tesis:

Kabersihan dilingkungan sakola mangrupakeun sala sahiji paktor nu kalintang penting pikeun nyiptakeun kanyamanan dina proses diajar siswa-siswi disakola kasebat, sabab lingkungan anu bersih tangtu nyieun urang jadi tumaninah dina di ajarna.

Kanggo siswa-siswi di unggal sakola tangtuna ditungtut supaya bisa ngajaga kana kabersihan di lingkungan sakolana.

Malah mah kabersihan sakola ieu sering di lombakeun supaya tiasa narik minat kanggo sakola nu sanes pikeun ningkatkeun sarta leuwih paduli kana kabersihan di lingkungan sakolana.

Argumentasi:

Cara pikeun ngajaga kabersihan lingkungan sakola, diantarana nyaéta ulah miceun runtah papaduan jadi kudu miceun ka tempatna, nyapu rohang kelas, piket, sareung seueur deui anu sanesna.

Contona piket kelas, nu mangrupakeun sala sahiji cara pikeun ngajaga kabersihan di lingkungan sakola. Patugas piket biasana ngalakukeun tugas ngabersihkeun rohang-rohang kelas. Sepertos sasapu dikelas, ngahapus papan tulis, jeung nyiapkeun kapur atawa spidol.

Salian kitu, unggal poé jum'at kudu di biasakeun ngalakukeun kagiatan kerja bakti bakti pikeun ngabersihkeun sabundeureun lingkungan sakolaan sarengsena kagiatan diajar disakola.

Tina kagiatan jum'at bersih ieu seueur mangpaatna kana kabersihan lingkungan urang, salain lingkungan salola jadi bersih, hubunganana murid jeung guru ogé bisa mikin akrab sabab ayana gotong royong atawa kerja sama ku babarengan.

Penegasan Ulang:

Kabersihan lingkungan sakola mangrupakeun hal anu teu bisa dipisahkeun kana kahirupan di sakola, sabab mangrupa faktor anu kitu penting dina ngajaga kagiatan proses belajar mengajar.

Salian kitu kabersihan lingkungan sakola ogé bisa ningkatkeun kasehatan guru katut siswa-siswina.

Contoh 2

Banjir

Tesis

Banjir mangrupakeun bencana alam anu lumasung di sababaraha wewengkon. Terutami di daérah-daérah anu miboga palataran handap, atawa nu sereupan caina saeutik. Banjir ogé nimbulkeun seueur masalah nu kurang saé ka urang sadaya. Nah geus kitu kumaha cara nyegahna?

Argumentasi

Banjir sabenerna bisa dicegah, carana nyaéta urang ulah papaduan miceun sampah, ngalakukeun reboisasi, jeung seueur deui nu sanésna. Tos kuduna masyarakat ogé sadar pikeun hal-hal kasebat yén pentingnya éta ngajaga lingkungan téh.

Salaku warga nu paduli kana lingkungan leuwih alus deui urang téh ngalakukeun hal-hal nu aya mangpaatna pikeun lingkungan sareng kasehatan urang saréréa.

Sabab leuweung di urang mikin dieu mikin seueur anu ruksak akibat ku ulah manusana sorangan, nu teu peduli kana lingkungan, nu ngakibatkeun seueur bencana di sababaraha tempat sapertos banjir jeung longsor, terutami lamun usum hujan.

Éta téh salah sahijina kusabab resapan cai nu heunteu deui jalan, jeung deui leuweung nu sakitu seueurna atawa tatangkalan di dinya tos teu aya deui. Siga kiwari, nu tos kalobaan tempatna dijieun bangunan, imah, jeung anu sajenisna.

Penegasan Ulang

Masyarakat anu kirang sadar kana ekosistem kudu di warah babareungan supaya teu aya deui kajadian banjir jeung longsor, lamun cenah terus diantep mangka leuweung-leuweng mikin seuer nu ruksak ku pihak anu teu boga tanggung jawab.

Contoh 3

Getuk Lindri 

Tesis:

Getuk Lindri nyaéta salah sahiji jajanan tradisional anu masih loba dipikaresep kupara murang kalih di Indonesia. Getuk Lindri ngagaduhan warna anu méncrang janten panambih daya resep tina parapamésérna. Getuk jadi jajanan anu laku kusabab hargana anu murah sareng bahan kanggo ngadamelna anu kaétang gampil di pilariana nyeta Sampeu.

Argumen:

Bahan kanggo ngadamel Getuk Lindri diantarana : 

Sampeu (500 gram), Gula Bodas (160 gram), Uyah (1/2 sdt), Pewarna Makanan (sacekapna). Bahan Kanggo panambih Rasa, nyaéta kalapa parud, sareng uyah (sacekapna). 

Alat kanggo nyieun getuk nyaéta : parud, péso, baskom, ayakan, sééng sareng asepana, kompor, jumleg, sjb. 

Cara ngadamel getuk lindri nyaéta : pesék sampeu tina cangkangna dugika bersih, kumbah sampeu anu parantos di pesék tina kokotor, keretan sampeu ka aralit. 

Seupan sampeu dugika asak sareng hipu. Saterasna angkat sampeu tina aseupan teras tiiskeun kalayan tiis. 

Tutu sampeu anu tos tiis, teras tambihan gula bodas sareung uyah kana sampeu éta, tutuan dugika campur gula, uyah, sareng sampeuna. 

Candak hate sampeu anu masih aya dina adonan. Tambihan pewarna makanan kana adonan Getuk anu parantos di Tutuan. 

Cetak getuk dugika ngabentuk segi opat, atawa anu sejénna.Cara ngadamel pananbih rasa dina getuk. Campurkeun kalapa parud sareng uyah. Sepan sakedap baé, teras tiiskeun.

Penegasan Ulang:

Getuk Lindri tiasa disajikeun kucara tradisional nyaeta simpen getuk dina piring teras tambihan panambih rasa atawa kalapa di luhuren getuk lindri éta. Tiasa oge kucara modern nyaeta getuk di bungkus ngagunakeun plastic emameun, biasana getuk anu di bungkus kuplastik emameun getuk anu di jieun kupabrik-pabrik ageng.

Baca Juga: 10 Contoh Sajak Sunda Tentang Alam yang Singkat, Materi Kelas 7 SMP

Contoh 4

Cilok

Tesis

Cilok nyaéta sala sahiji mangrupakeun jajanan khas ti jawa barat. Produk kuliner ieu mangrupakeun salah sahiji kaemaman anu tiasa diolah sacara saderhana, cilok ngagaduhan rasa anu raos. Teu heran lamun cilok ogé dipikareseup ku nu ngora dugi ka kolot.

Argumentasi

Prosés ngadamel cilok sorangan ngabutuhkeun ukur sababaraha léngkah. Lamun urang hoyong ngadamel cilok kahiji urang bisa nyiapkeun tipung tariguna heula, uyah, gula, sareng merica.

Bahan-bahan éta saterusna di campurkeun tuluy diaduk nepika ka lembut geus kitu dicampur ku cai panas samahina tapi ulah neupi ka cair teuing.

Saterusna, asupkeun tarigu saetik-saetik bari diaduk supaya jadi adonan nu bisa di jieun buled engkéna. Siapkeun cai panas pikeun ngarebus adonan, ulah poho pasihan ogé minyak goréng saeutik supaya cilok teu narerempel pas digoréngna.

Geus kitu, lamun geus jadi adonan jieun buled-buled. Tuluy goréng deui nepi ka ngambang lamun geus asak, geus kitu angkat, tidinya cilok ogé tos jadi.

Penegasan Ulang

Kiwari nu dagang cilok emang seueur di daérah Jawa barat, da lantaran dipikareseup jeung jajanan ieu emang khas ti jawa barat. Tangtu ieu téh bisa ningkatkeun standar kahirupan ti masarakat lokal. Sabab ku cara anu sederhana sapertos kitu saha waé pasti bisa ngadamel cilok jeung ngajualna.

Contoh 5 

Cara Ngajieun Pisang Goreng

Tesis

Pisang goreng teh kadaharan anu ngeunah, lamun keur cape atanapi keur caneuteun.

Bahan – bahanna teh gampang. Jeung cara ngajieunna oge gampang.

Bahan – bahanna teh ngan ukur cau, tarigu, gula, uyah, minyak goreng, mentega sareng ditambihan seres lamun resep. Sesuai jeung selera we eta mah.

Lamun resep seres nganggo, tapi lamun teu resep mah teu kedah. Tah, abdi bade ngajelaskeun langkah – langkah ngajieun pisang goreng.

Argumentasi

Langkah kahiji cara nyieun pisang goreng nyaeta, pesek cangkang cau, terus beulah jadi dua bagean.

Saengges eta teh, nyieun adonan. Adonan eta teh ngan ukur tarigu jeung cai, teras purulukeun uyah sareng gula sacekapna. Teras aduk nepika sadayana kacampur.

Saterasna abuskeun cau kana adonan tarigu, nepika sadayana kaadonan. Upami entos, panaskeun minyak dina katel. Lamun tos panas, abuskeun cau anu tos diadonan kana jero katel nu aya minyakkan. Antepkeun nepi ka asak.

Asakna teh katinggal tina warna na, lamun entos warna kacokelatan berarti eta teh entos asak.

Upami entos asak, jait.

Simpen eta pisang goreng kana wadah atanapi piring. Oleskeun mentega kana pisang goreng na. Teras awurkeun seres kana pisang goreng anu entos di olesan mentega tadi. Saentos kitu, mangga dicobian.

Penegasan Ulang

Tah ngan sakitu Cara Ngajieun Pisang Goreng teh.Mangga bilih bade dipraktekkeun dibumi oge

Contoh 6

Menggunakan Komputer

Tesis

Upami urang badé ngahurungkeun komputer, urang kudu merhatikeun léngkah anu benér. Ieu penting supados komputer urang teu téréh ruksak. Leuwih jelasna bisa urang tingali dihandap ieu.

Argumentasi

Léngkah kahiji nyaéta nyolok keun kabel listrik komputer kana sumber listrik, teras hurungkeun stabilizer listrik. Upami lampu éta tos nyambung, éta nunjukkeun yén listrik parantos ngalir ka komputer. Teras, pencét "power" dugi ka aya sora "bip" nu nandakeun hardisk atawa memori komputer tos jalan. Saatos éta, pencét tombol di monitor dugi ka tanda "Windows 10, atanapi Linux" bijil.

Saterusna klik ikon "start" didinya seueur menu paranti urang milih menu, misalkeun badé midamel tugas karangan, mangka urang tiasa milih menu "Microsoft Word". Sageus kituklik, mangka software ogé kabuka jeung nampilkeun halaman layar kosong nu tos siap ku urang ketik. Mangga ketik naon baé nu badé ditulis didinya.

Sarengsena urang ngetik, simpen hasilna ku cara "save as" di memori komputer. Terus lamun teu aya deui damelan nu lian tiasa di "close" atawa klik ikon "X" diujung layar microsoft dugi ka muncul gambar menu komputer jeung menu start.

Penegasan Ulang

Pikeun mareuman komputer bisa klik tombol start, terus pilih "shutdown". Saparantos di klik, komputer ogé bakalan pareum sorangan. Sageus program dina komputer tos teu aya, ulah poho pencét ogé tombol "power" nu aya di layar monitorna sareng cabut stabilizer saluran listrik nu nyambung kana komputer.

Contoh 7

Acara 17 Agustusan Warga

Tesis

Pikeun ngareuah-reuah poe kamerdekaan atawa sering disebut oge acara 17 Agustusan, geus jadi tradisi atawa kabiasaan di unggal tempat di Indonesia, sok diayakeun acara anu mangrupa sababara kagiatan lomba atawa pertandingan saperti badminton, pingpong, basket, futsal, catur, balap karung, lomba dahar kurupuk, jeung sajabana.

Argumentasi

Kitu oge warga di kompleks perumahan Suka Senang kalurahan Marga Sari, khusuna warga RW 09, teu katinggaleun ngayakeun oge acara 17 Agustusan taun ieu anu pesertana nyaeta barudak, pamuda, sarta ibu bapa warga nu aya di RW 09.

Acara 17 Agustusan eta dilaksanakeun ti mimiti tanggal 10 Agustus nepi ka tanggal 15 Agustus. Waktuna unggal poe, dina poe Saptu jeung Minggu acara dilakukeun ti mimiti jam 10 isuk-isuk nepi ka jam 10 peuting. Tapi dina poe Senin nepi ka Jumat mimiti ti jam 4 sore nepi ka jam 9 peuting.

Tempat anu dugunakeun pikeun ngareuah-reuah poe kamerdekaan teh aya sababara tempat, nyaeta lapangan badminton di hareupeun masjid nu digunakeun pikeun pertandingan badminton, pingpong jeung pertandingan dina poe tanggal 17 Agustus na saperti balap karung, lomba dahar kurupuk. Lapangan basket digunakeun pikeun pertandingan basket jeung futsal, sarta balai warga RW digunakeun pikeun pertandingan catur.

Penegasan Ulang

Acara 17 Agustusan warga 09 geus rengse dilaksanakeun, ampir unggal warga anu aya bisa berpartisipasi dina eta acara. Dina acara puncak 17 Agustusan, salian ti acara mere hadiah pikeun nu jadi juara lomba atawa pertandingan, oge diayakeun acara kesenian warga.

Baca Juga: 4 Contoh Artikel Bahasa Sunda tentang Pendidikan, Materi Kelas 12

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm