10 Contoh Surat Pribadi Bahasa Sunda yang Sesuai dengan Kerangka

9 Februari 2023 12:10 WIB
Contoh surat pribadi bahasa Sunda.
Contoh surat pribadi bahasa Sunda. ( Freepik)

Tujuan aku menulis surst ini, karena pada minggu depan akan ke kalimantan.mau berkunjung ke rumah kak Leli, mau diantar untuk keliling kota Kalimantan.

Sekian surat dari aku, semoga minggu depan kita bisa ketemu. Terimakasih.

Wassalamualaikum Wr.Wb

Salam sayang

(Nama terang)

Contoh 5 

Jakarta, ….

Kahatur

Mamah sareng Bapa

di bumi

Sareng hormat,

Mah! Pa! haturan daramang? Mugia Mamah sareng Bapa salamina aya dina kawilujengan. Alhamdulillah Guntur oge aya hibar pangdu’a ti Mamah sareng Bapa. Kumaha si Dede damang Mah? hapunten wiat sangem, salam sono ti Aa.

Mah! Pa! Hapunten boboran taun ieu Guntur moal tiasa wangsul ka lembur sapertos taun-taun kamari jalaran kapegat ku aturan PSBB. Dina waktos ieu pan pamarentah ngawagel warga mudik supados teu nularkeun pirus ka wargi-wargi anu di lembur.

Janten taun ieu Guntur bakal boboran di Jakarta. Ku hal sakitu, Guntur neda dihapunten pisan ka Mamah sareng Bapa di Garut. Saperwakis Guntur teu tiasa wangsul mudik, kadua na rumaos Guntur seueur lepat ka Mamah sareng Bapa, omat Guntur kedah dihapunten.

Insya Alloh PSBB tos dibuka deui, Guntur bade wangsul. Pidu’ana ti Mamah kalih Bapa, Guntur sing aya dina panangtayungan Gusti Nu Maha Suci, sehat sareng tebih tina balai. Mamah, Bapa sareng si Dede oge di bumi sing daramang.

Mah, Pa! serat ti Guntur dicekapkeun sakieu heula. Sanes waktos disambung deui.

Salam baktos, 

(Nama terang)

Baca Juga: 4 Contoh Artikel Bahasa Sunda tentang Pendidikan, Materi Kelas 12

Contoh 6

Bandung, ….

Kahatur: …

Di ….

Kota ...

Assalamualaikum ris, kumaha kabar anjeun ayena, damang?? Mugi wae damang salawasna, sareng keluargi oge mugia dina kaayaan sehat walafiat, sarta dilindungan ku allah swt. Amin.

Kumaha ayena ris sakola di bogor teh pikabeutaheun teu? pasti tos seueur rerencangan anu anyar yeh, tapi kahade ulah hilap ari ka abdi mah ris.

Ayena abdi alhamdullilah sakola di SMPN…, nu caket sareng bumi, nu penting mah dimana wae sakolana urang teh kudu rajin diajar, beh teu katinggaleun ku jaman modern sapertos ayena.

Ris, kadang mah abdi teh sok emut euy basa harita urang osok sasarengan di sakola SDN.. Urang harita mah sakelas bari jeung sok ocon bareng di kelas. Emm.. Mani sono, abdi janten hoyong kapendak pisan sareng riska.

Iraha ris, anjeun bade ameng deui ka bandung? Supados urang tiasa papendak paampok jonghok deui sasarengan. Ris, sakitu wae surat ti abdi, ulah hilap lamun aya waktos dibales suratna nya? Wassalamualaikum wr.wb

Salam sono,

(Nama terang)

Contoh 7

Garut, …..

Kahatur

Neng Iteung anu geulis

di bumi

Salam sayang,

Neng Iteung anu geulis anu bageur, kumaha damang? Hapunten nya neng bilih kasumpingan ieu serat ti Aa teh teu diharepkeun atanapi bilih ngaganggu kana emutan Neng Iteung.

Saleresna mah Aa teh tos lami kapati-pati katarik ati kapentang asmara ku Neng Iteung. Upami dietang mah kirang langkung tos 3 sasih ti ngawitan urang patepang we waktos di acara nikahan Wulan sareng Dani di Garut. Emut keneh?

Ti wangkid harita teh Aa emut bae, mung ditahan-tahan teu wakca jalaran rumaos Aa mah jalmi teu aya kagaduh sareng teu aya katiasa. Bujeng hingga ka mapan, didamel oge masih buburuh ka batur.

Nanging, dirasa-rasa beuki karasa. Saur paripaos teamah peureum kadeuleu beunta karasa, Neng Iteung asa dina kongkolak mata. Nya ayeuna cunduk waktu ninggang mangsa, ngalangkungan ieu serat Aa bade ngedalkan eusi hate yen Aa teh miharep Neng Iteung sayogi ngambah sagara rumah sapapait samamanis dugika paketrok iteuk sareng Aa.

Kumaha Neng Iteung bade nampi kana pamaksadan Aa anu sae?

Omat ulah kirang-kirang ngahapunten, Aa ngedalkeun maksad ngalangkungan serat. Sanaos ku serat tapi Aa insya Alloh seja leres-leres.

Sakitu panginten anu tiasa kadugikeun, mugia Neng kersa nampi. Upami tos aya kaputusan, diantos pisan waleranna. Bade ngalangkungan serat deui mangga, bade diSMS oge sae.

Salam baktosna ka ibu rama neng di bumi.

Anu mikacinta, 

(Nama terang)

Contoh 8

Garut, …

Kanggo

Alfi

di …

Assalamu’alaikum Wr. Wb.,

Alfi kumaha sehat? Betah sakola di Bandung teh bageur? Alhamdulillah Mamah jeung Bapa ayeuna keur dina kayaan sehat wal afiat.

Kade omat teuing anaking di kota sing bisa ngajaga diri, sing bisa mihapekeun maneh ngarah para mikaresep jeung pada mikanyaah. Mamah jeung Bapa di lembur satekah polah milarian keur biaya, tugas hidep mah sakola sing junun ulah kabawa ku sakaba-kaba.

Alfi Mamah ngintun surat teh rek ngawartosan, tanggal 15 bulan Rayagung nu bakal datang si Mamang arek nikah. Lamun Alfi keur libur sakola, mulang heula ameh bisa hayang nyaksian si Mamang pangantenan. Ngan mun teu pere sakola mah ulah mulang, keun wae ke mun pere ku Mamah dianteur nepungan si Mamang.

Sakitu we nya Nyi, sakali deui kade ati-ati di pangumbaraan. 

Wassalamu’alaikum Wr. Wb., 

(Nama terang)

Contoh 9

Sumedang, …..

Kahatur

Nu dipikasono, Alina

Di ….

Salam deudeuh

Al, kumaha damang salira? Teu karasa, sabada 2 taun urang tos papisah sakola, mugia salira ka’asih kulawarga aya dina rahmat allah swt. Aamiin.

Al, harita mah urang ngagawekeun PR teh sok babarengan, kadang mah lieur babarengan. Ayeuna mah geuning urang teh tos pisah sakola, sareng pisah lembur. Nanging, mugi-mugi urang sadaya sareng rerencangan nu liana tiasa patepang ririungan sasarengan deui. Amin!.

Al, kumaha jadi teu engke urang ameng ka bogor teh, mumpung keur pere panjang hayu urang kumpul deui sasarengan, ku abdi tanggoan kabarna nya. Sakieu heula serat ti abdi, Diantos serat waleranna. Hatur nuhun,

Salam sono,

(Nama terang)

Contoh 10

Tasikmalaya, ….

Kahatur

Bapa Guru

di Sakola ….

Sareng hormat,

Mugia Bapa Guru aya dina kawilujengan lahir tumekaning batin. Langkung tipayun abdi nyungkeun dihapunten wireh atos kumawantun ngintun serat. Sakawitna abdi bade nepangan Bapa langsung di sakola atanapi ngadeuheus ka bumi, mung kumargi darurat kapaksa ngalangkungan serat ieu.

Pamaksadan abdi teh seja wawartos wireh pun bapa bade ngalih damelna ka Tasik. Dinten ayeuna oge abdi teu tiasa sakola kumargi ngiring ka pun bapa milarian bumi di Tasik. 

Kumargi kitu abdi bade ngundurkeun diri tina calon ketua OSIS …  kumargi upami pun bapa damelna tos resmi ngalih ka Tasik, abdi oge sakolana bakal dialihkeun. Kahoyongmah tiasa neraskeun sakola di …., nanging di Garut teu gaduh wargi nu caket ka sakola.

Sakitu anu kapihatur, mugia Bapa tiasa ngamaphum. Hatur nuhun kana sagala rupi bimbingan ti Bapa salami ieu. Insa Alloh pageto upami abdi ka sakola bade nepangan ka Bapa.

Salam baktos, 

(Nama terang).

Baca Juga: 6 Contoh Dongeng Bahasa Sunda Singkat, Lucu Lengkap dengan Artinya

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
90.4 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.0 fm
96.7 fm
99.8 fm
98.9 fm
98.8 fm
90.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
91.8 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
101.8 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm
102.1 fm