10 Contoh Surat Pribadi Bahasa Sunda yang Sesuai dengan Kerangka

9 Februari 2023 12:10 WIB
Contoh surat pribadi bahasa Sunda.
Contoh surat pribadi bahasa Sunda. ( Freepik)

Sonora.ID - Mengutip dari buku Siap Menghadapi Ujian Nasional SMP/MTS 2011, surat pribadi merupakan sebuah sarana komunikasi yang digunakan secara pribadi dengan bahasa yang tidak formal.

Dengan menulis surat pribadi ini kita dapat berlatih untuk mengungkapkan pendapat, menulis, dan menyampaikan pesan kepada orang lain.

Sebuah surat pribadi pun biasanya memiliki kerangka atau unsur-unsur yang membangunnya di antaranya adalah sebagai berikut.

  • Tempat dan tanggal surat saat menulis.
  • Tujuan surat, yaitu orang yang akan menerima surat tersebut.
  • Pembukaan atau ucapan syukur.
  • Menyampaikan kabar diri keluarga dan menyapa penerima surat.
  • Isi atau maksud penulisan surat.
  • Penutup berisi ungkapan maaf atau harapan penulis surat.
  • Tanda tangan serta nama terang.

Berikut ini pun kami sajikan beberapa contoh surat pribadi dalam bahasa Sunda sebagai bahan referensi, dikutip dari berbagai sumber.

Baca Juga: 10 Contoh Sajak Sunda Tentang Alam yang Singkat, Materi Kelas 7 SMP

Contoh Surat Pribadi Bahasa Sunda

Contoh 1

Subang, ….

Kanggo réncang kuring, Lina

Di Bandung

Assalamualaikum Wr. Wb.

Halo Lin, kumaha damang didinya? Dinten lami ti saprak urang tepang. Kusabab lulus SMP, urang henteu ngagaduhan kasempetan pikeun pendak deui kusabab jadwal sibuk masing-masing.

Lina, kuring nguping yén anjeun ayeuna janten palaku usaha di Jakarta? Wah, kuring bagja gaduh sobat anu suksés. Mudah-mudahan bisnis anjeun terus lancar nya, sareng tong hilap mayar pajeg anu anjeun terang hahaha.

Warta kuring di Subangng henteu kunanaon. Ayeuna kuring ogé nyobian janten pangusaha leutik, neraskeun usaha bapak kuring. Sareng alhamdulillah, usaha kuring parantos ngagaduhan seueur palanggan, bahkan kuring sering ngékspor di luar negeri sering pisan.

Oh enya Fin, di tahun 2019 sakola urang bakal gaduh rencana pikeun ngayakeun reuni. Anjeun kedah akur, moal aya anjeun rame. Dilaporkeun si Fitri sareng Patro anu janten panitia ngayakeun réuni éta. Éta kedah senang, anjeun kedah sumping.

Heug, surat kuring ka dieu, oke Lin. Salajengna waktos urang tiasa pendak sareng ngobrol. Entong hilap ngawalon suratna.

Sobat anjeun

(Nama terang)

Contoh 2

Bogor, ….

Kahatur/kanggo: …

Di ….

Kota …

Assalamualaikum..

Mang Jon, kumaha ayena kabarna sehat? Aduh sombong euy, mani eweh kabarna pisan, mudah-mudahan wae sing sehat nya! Kieu mang, urang teh arek ngabejaan lamun bisa engke minggu hareup arek ngajakan ulin ka curug bandung, di daerah jasinga bogor, bisa teu mang?

Lamun bisa mah engke mereun mangkatna isuk-isuk, jadi lamun arek milu geura kabaran nya mang? eta oge lamun hente gawe. Nya, tos atuh sakitu wae nya mang, mun bisa dibales suratna. Hatur Nuhun.. Wassalamualaikum wr.wb

Hormat abdi,

(Nama terang)

Contoh 3

Bandung, …..

Kahatur

Guntur nu bageur

di bumi

Salam sono,

Guntur, kumaha damang? Nuhun upami damang mah, eta nu ku abdi dipiharep. Alhamdulillah abdi oge nuju sehat wal afiat, mung nuju kirang sehat isi dompet, hehe.

Asa cikeneh nya urang sasarengan di SD …., ayeuna tos kelas 8 deui. Teu karaos tos 2 taun teu pependak, meni asa sono pisan hoyong patepang. Sanaos berteman dina facebook oge da benten sareng upami urang tepang langsung.

Kapungkur saparantosna lulus SD, abdi dicandak ngalih ku sepuh ka Bandung kumargi pun bapa tugasna dialihkeun. Alhamdulillah, abdi katampi di SMPN 1 …. 

Liburan akhir semester taun ieu abdi bade ameng ka bumina pun nini di Garut. Upami Guntur sareng rerencangan nuju araya di Garut, kumaha upami urang reunian?

Perkawis waktos sareng tempatna ke urang badantenkeun deui upami abdi tos di Garut. Upami teu aya wagelan, abdi ka Garut ping ….. Kaping … na Guntur diantos nya di bumina pun nini urang badanten perkawis reunian. Kade hilap ajakan rerencangan nu sanesna.

Guntur, sakieu heula nya serat ti abdi. Wilujeng tepang wae di Garut ping … kade hilap nya. Salam ka rerencangan sadayana.

Sonona, 

(Nama terang)

Contoh 4

…,.....

Kahatur

Teh Leli

Di ….

Assalamualaikum Wr.Wb.

Teh Leli kumaha damang? Alhamdulilah atuh upami damang mah. Abdi oge dina danget ieu mah teu kirang sawios-wios.

Peryogina abdi ngadamel ieu serat. Rehna minggu payun abdi bade ka Kalimantan, abdi bade ka bumi Teh leli, Abdi teh hoyong dijajapkeun ameng keliling kota Kalimantan.

Sakieu hela serati abdi, mugi-mugi tiasa tepang, minggu payun. Hatur nuhun.

Wassalamualaikum Wr.Wb

Salam deudeh

Annisa

Terjemahan

Untuk

Kak Leli

Di Kalimantan

Assalamualaikum Wr.Wb.

Kak Leli gimana sehat? Alhamdulillah kalau sehat. Aku juga disini sekarang baik-baik saja.

Tujuan aku menulis surst ini, karena pada minggu depan akan ke kalimantan.mau berkunjung ke rumah kak Leli, mau diantar untuk keliling kota Kalimantan.

Sekian surat dari aku, semoga minggu depan kita bisa ketemu. Terimakasih.

Wassalamualaikum Wr.Wb

Salam sayang

(Nama terang)

Contoh 5 

Jakarta, ….

Kahatur

Mamah sareng Bapa

di bumi

Sareng hormat,

Mah! Pa! haturan daramang? Mugia Mamah sareng Bapa salamina aya dina kawilujengan. Alhamdulillah Guntur oge aya hibar pangdu’a ti Mamah sareng Bapa. Kumaha si Dede damang Mah? hapunten wiat sangem, salam sono ti Aa.

Mah! Pa! Hapunten boboran taun ieu Guntur moal tiasa wangsul ka lembur sapertos taun-taun kamari jalaran kapegat ku aturan PSBB. Dina waktos ieu pan pamarentah ngawagel warga mudik supados teu nularkeun pirus ka wargi-wargi anu di lembur.

Janten taun ieu Guntur bakal boboran di Jakarta. Ku hal sakitu, Guntur neda dihapunten pisan ka Mamah sareng Bapa di Garut. Saperwakis Guntur teu tiasa wangsul mudik, kadua na rumaos Guntur seueur lepat ka Mamah sareng Bapa, omat Guntur kedah dihapunten.

Insya Alloh PSBB tos dibuka deui, Guntur bade wangsul. Pidu’ana ti Mamah kalih Bapa, Guntur sing aya dina panangtayungan Gusti Nu Maha Suci, sehat sareng tebih tina balai. Mamah, Bapa sareng si Dede oge di bumi sing daramang.

Mah, Pa! serat ti Guntur dicekapkeun sakieu heula. Sanes waktos disambung deui.

Salam baktos, 

(Nama terang)

Baca Juga: 4 Contoh Artikel Bahasa Sunda tentang Pendidikan, Materi Kelas 12

Contoh 6

Bandung, ….

Kahatur: …

Di ….

Kota ...

Assalamualaikum ris, kumaha kabar anjeun ayena, damang?? Mugi wae damang salawasna, sareng keluargi oge mugia dina kaayaan sehat walafiat, sarta dilindungan ku allah swt. Amin.

Kumaha ayena ris sakola di bogor teh pikabeutaheun teu? pasti tos seueur rerencangan anu anyar yeh, tapi kahade ulah hilap ari ka abdi mah ris.

Ayena abdi alhamdullilah sakola di SMPN…, nu caket sareng bumi, nu penting mah dimana wae sakolana urang teh kudu rajin diajar, beh teu katinggaleun ku jaman modern sapertos ayena.

Ris, kadang mah abdi teh sok emut euy basa harita urang osok sasarengan di sakola SDN.. Urang harita mah sakelas bari jeung sok ocon bareng di kelas. Emm.. Mani sono, abdi janten hoyong kapendak pisan sareng riska.

Iraha ris, anjeun bade ameng deui ka bandung? Supados urang tiasa papendak paampok jonghok deui sasarengan. Ris, sakitu wae surat ti abdi, ulah hilap lamun aya waktos dibales suratna nya? Wassalamualaikum wr.wb

Salam sono,

(Nama terang)

Contoh 7

Garut, …..

Kahatur

Neng Iteung anu geulis

di bumi

Salam sayang,

Neng Iteung anu geulis anu bageur, kumaha damang? Hapunten nya neng bilih kasumpingan ieu serat ti Aa teh teu diharepkeun atanapi bilih ngaganggu kana emutan Neng Iteung.

Saleresna mah Aa teh tos lami kapati-pati katarik ati kapentang asmara ku Neng Iteung. Upami dietang mah kirang langkung tos 3 sasih ti ngawitan urang patepang we waktos di acara nikahan Wulan sareng Dani di Garut. Emut keneh?

Ti wangkid harita teh Aa emut bae, mung ditahan-tahan teu wakca jalaran rumaos Aa mah jalmi teu aya kagaduh sareng teu aya katiasa. Bujeng hingga ka mapan, didamel oge masih buburuh ka batur.

Nanging, dirasa-rasa beuki karasa. Saur paripaos teamah peureum kadeuleu beunta karasa, Neng Iteung asa dina kongkolak mata. Nya ayeuna cunduk waktu ninggang mangsa, ngalangkungan ieu serat Aa bade ngedalkan eusi hate yen Aa teh miharep Neng Iteung sayogi ngambah sagara rumah sapapait samamanis dugika paketrok iteuk sareng Aa.

Kumaha Neng Iteung bade nampi kana pamaksadan Aa anu sae?

Omat ulah kirang-kirang ngahapunten, Aa ngedalkeun maksad ngalangkungan serat. Sanaos ku serat tapi Aa insya Alloh seja leres-leres.

Sakitu panginten anu tiasa kadugikeun, mugia Neng kersa nampi. Upami tos aya kaputusan, diantos pisan waleranna. Bade ngalangkungan serat deui mangga, bade diSMS oge sae.

Salam baktosna ka ibu rama neng di bumi.

Anu mikacinta, 

(Nama terang)

Contoh 8

Garut, …

Kanggo

Alfi

di …

Assalamu’alaikum Wr. Wb.,

Alfi kumaha sehat? Betah sakola di Bandung teh bageur? Alhamdulillah Mamah jeung Bapa ayeuna keur dina kayaan sehat wal afiat.

Kade omat teuing anaking di kota sing bisa ngajaga diri, sing bisa mihapekeun maneh ngarah para mikaresep jeung pada mikanyaah. Mamah jeung Bapa di lembur satekah polah milarian keur biaya, tugas hidep mah sakola sing junun ulah kabawa ku sakaba-kaba.

Alfi Mamah ngintun surat teh rek ngawartosan, tanggal 15 bulan Rayagung nu bakal datang si Mamang arek nikah. Lamun Alfi keur libur sakola, mulang heula ameh bisa hayang nyaksian si Mamang pangantenan. Ngan mun teu pere sakola mah ulah mulang, keun wae ke mun pere ku Mamah dianteur nepungan si Mamang.

Sakitu we nya Nyi, sakali deui kade ati-ati di pangumbaraan. 

Wassalamu’alaikum Wr. Wb., 

(Nama terang)

Contoh 9

Sumedang, …..

Kahatur

Nu dipikasono, Alina

Di ….

Salam deudeuh

Al, kumaha damang salira? Teu karasa, sabada 2 taun urang tos papisah sakola, mugia salira ka’asih kulawarga aya dina rahmat allah swt. Aamiin.

Al, harita mah urang ngagawekeun PR teh sok babarengan, kadang mah lieur babarengan. Ayeuna mah geuning urang teh tos pisah sakola, sareng pisah lembur. Nanging, mugi-mugi urang sadaya sareng rerencangan nu liana tiasa patepang ririungan sasarengan deui. Amin!.

Al, kumaha jadi teu engke urang ameng ka bogor teh, mumpung keur pere panjang hayu urang kumpul deui sasarengan, ku abdi tanggoan kabarna nya. Sakieu heula serat ti abdi, Diantos serat waleranna. Hatur nuhun,

Salam sono,

(Nama terang)

Contoh 10

Tasikmalaya, ….

Kahatur

Bapa Guru

di Sakola ….

Sareng hormat,

Mugia Bapa Guru aya dina kawilujengan lahir tumekaning batin. Langkung tipayun abdi nyungkeun dihapunten wireh atos kumawantun ngintun serat. Sakawitna abdi bade nepangan Bapa langsung di sakola atanapi ngadeuheus ka bumi, mung kumargi darurat kapaksa ngalangkungan serat ieu.

Pamaksadan abdi teh seja wawartos wireh pun bapa bade ngalih damelna ka Tasik. Dinten ayeuna oge abdi teu tiasa sakola kumargi ngiring ka pun bapa milarian bumi di Tasik. 

Kumargi kitu abdi bade ngundurkeun diri tina calon ketua OSIS …  kumargi upami pun bapa damelna tos resmi ngalih ka Tasik, abdi oge sakolana bakal dialihkeun. Kahoyongmah tiasa neraskeun sakola di …., nanging di Garut teu gaduh wargi nu caket ka sakola.

Sakitu anu kapihatur, mugia Bapa tiasa ngamaphum. Hatur nuhun kana sagala rupi bimbingan ti Bapa salami ieu. Insa Alloh pageto upami abdi ka sakola bade nepangan ka Bapa.

Salam baktos, 

(Nama terang).

Baca Juga: 6 Contoh Dongeng Bahasa Sunda Singkat, Lucu Lengkap dengan Artinya

Baca berita update lainnya dari Sonora.id di Google News.

Berkomentarlah secara bijaksana dan bertanggung jawab. Komentar sepenuhnya menjadi tanggung jawab komentator seperti diatur dalam UU ITE
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
Laporkan Komentar
Terima kasih. Kami sudah menerima laporan Anda. Kami akan menghapus komentar yang bertentangan dengan Panduan Komunitas dan UU ITE.
92.0 fm
98.0 fm
102.6 fm
93.3 fm
97.4 fm
98.9 fm
101.1 fm
96.7 fm
98.9 fm
98.8 fm
97.5 fm
91.3 fm
94.4 fm
102.1 fm
98.8 fm
95.9 fm
88.9 fm
97.8 fm
101.1 fm
101.8 fm
101.1 Mhz Fm
101.2 fm
101.8 fm